Jawaban Alkitab

Alkitab teu nyebutkeun sacara husus ngeunaan eutanasia. * Tapi, Alkitab boga pandangan nu saimbang ngeunaan hirup jeung maot. Ngalantarankeun hiji jalma maot téh teu meunang, tapi urang gé teu kudu bébéakan ngabélaan manjangkeun umur jalma nu geus sakarat.

Alkitab nyebutkeun yén Allah Nu Nyiptakeun urang téh ”sumbering hirup”. (Jabur 36:10; Rasul 17:28) Di pandangan Allah, kahirupan téh penting pisan. Ku kituna, Allah ngalarang urang maéhan batur atawa maéhan manéh. (Budalan 20:13; 1 Yohanes 3:15) Salian ti éta, Alkitab nyebutkeun yén urang kudu sabisa-bisa nyieun tindakan pikeun ngajaga kahirupan urang jeung batur. (Pamindo 22:8) Jadi jelas, Allah hoyong urang ngahargaan kurnia kahirupan.

Kumaha lamun aya jalma nu gering parna sarta téréh maot?

Alkitab ngalarang urang ngaleungitkeun nyawa batur sanajan manéhna geus téréh maot. Conto Raja Saul ti Israil ngadukung hal ieu. Basa tatu parna di pangperangan, manéhna ménta dipaéhan ku pangbantuna. (1 Samuel 31:3, 4) Pangbantu Saul embungeun. Tapi, aya lalaki séjén nu ngaku-ngaku geus nyumponan paménta Saul. Lalaki éta ku Daud dihukum lantaran geus maéhan Saul. Daud boga cara pikir nu sarua jeung Allah.​—2 Samuel 1:6-16.

Naha urang kudu bébéakan ngabélaan manjangkeun umur?

Alkitab teu ngajurung urang pikeun manjang-manjangkeun umur jalma nu téréh maot. Tapi, Alkitab ngajelaskeun pandangan nu saimbang. Maot téh musuh, éta balukar tina dosa urang. (Rum 5:12; 1 Korinta 15:26) Urang teu hayang maot, tapi urang gé teu kudu sieun, lantaran Allah jangji bakal ngahirupkeun deui jalma nu geus maot. (Yohanes 6:39, 40) Jalma nu ngahargaan kahirupan bakal ngupayakeun parawatan médis nu panghadéna. Tapi, ieu lain hartina urang bébéakan ngabélaan manjangkeun umur jalma nu téréh maot.

Naha maéhan manéh téh dosa nu teu bisa dihampura?

Henteu, Alkitab teu nyebutkeun yén maéhan manéh téh dosa nu teu bisa dihampura. Sanajan maéhan manéh téh dosa gedé, * Allah paham yén panyakit méntal, strés beurat, atawa faktor turunan bisa nyababkeun saurang jalma hayang maéhan manéh. (Jabur 103:13, 14) Dina Alkitab, Mantenna nyadiakeun panglilipur keur jalma-jalma nu strés siga kitu. salian ti éta, Alkitab ogé nyebutkeun yén bakal aya ”pihudangeunana sadaya jalmi tina maot, boh nu bageur, boh nu jahat”. (Rasul 24:15) Hal éta némbongkeun yén aya harepan pihudangeunana nu maot pikeun jalma-jalma nu ngalakukeun dosa gedé, kaasup jalma nu maéhan manéh.

^ par. 3 Eutanasia nyaéta ”tindakan ngahaja ngaleungitkeun nyawa mahluk hirup (jalma atawa pipiaraan) nu gering jeung tatu parna sangkan manéhna maot ku cara nu tenang”. (Kamus Besar Bahasa Indonesia) Pasién nu ngaleungitkeun nyawana sorangan ku bantuan dokter disebut maéhan manéh ku bantuan dokter.

^ par. 10 Dina Alkitab, sababaraha conto jalma nu maéhan manéh téh nyaéta jalma-jalma nu lalampahanana teu saluyu jeung kahoyong Allah.​—2 Samuel 17:23; 1 Raja 16:18; Mateus 27:3-5.