Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 10

Naon Ibadah Kulawarga téh?

Naon Ibadah Kulawarga téh?

Korea Selatan

Brasil

Australia

Guinea

Ti baheula, Yéhuwa hoyong unggal kulawarga ngumpul pikeun ngaraket ka Allah jeung ka anggota kulawarga. (Pamindo 6:6, 7) Éta sababna Saksi-Saksi Yéhuwa nyadiakeun waktu unggal minggu pikeun ibadah kulawarga. Dina kaayaan nu santai, maranéhna ngabahas hal-hal rohani nu luyu jeung kabutuhan maranéhna. Sanajan Sadérék ngan sorangan, Sadérék bisa nyadiakeun waktu pikeun ngaraket ka Allah ku cara milih topik Alkitab nu rék ditalungtik.

Ieu waktu pikeun ngaraket ka Yéhuwa. ”Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.” (Yakobus 4:8) Urang bisa leuwih wanoh ka Yéhuwa lamun diajar leuwih jero ngeunaan sipat jeung lalampahan Mantenna nu ditulis dina Firman-Na. Hiji cara nu gampang pikeun ngamimitian ibadah kulawarga nyaéta maca Alkitab babarengan ku sora nu tarik. Sadérék bisa nuturkeun jadwal mingguan pikeun Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan. Unggal anggota kulawarga bisa ditugaskeun maca sababaraha ayat, tuluy kabéh bisa ngabahas naon palajaranana.

Ieu waktu pikeun ngaraket ka anggota kulawarga. Salaki pamajikan, kitu ogé kolot jeung barudak, bisa beuki raket waktu diajar Alkitab babarengan. Kabéh sakuduna ngarasa bungah, tengtrem, jeung ngarep-ngarep acara ieu. Gumantung kana umur barudak, kolot bisa milih topik-topik nu cocog pikeun dibahas, misalna tina majalah Warta Hadé jeung Éling! atawa tina situs Internét jw.org. Sadérék ogé bisa ngabahas masalah nu disanghareupan ku barudak di sakola jeung cara ngaréngsékeunana. Sadérék bisa nongton acara JW Broadcasting (tv.jw.org) tuluy ngabahasna babarengan. Tangtu resep ogé lamun dina ibadah kulawarga, Sadérék latihan ngawih pikeun pasamoan jeung nyadiakeun dahareun sanggeusna.

Ibadah kulawarga unggal minggu bakal ngabantu unggal anggota kulawarga resep diajar Firman Allah. Mantenna gé bakal ngaberkahan upaya Sadérék.—Jabur 1:1-3.

  • Ku naon urang nyadiakeun waktu pikeun ibadah kulawarga?

  • Kumaha carana supaya acara ieu dipikaresep ku kabéh anggota kulawarga?