Saha nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?

Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya asalna ti rupa-rupa sélér bangsa. Ku naon maranéhna bisa hirup sauyunan?

Naon nu Dipikahoyong ku Allah?

Allah miharep kahoyong-Na diuarkeun ka sakuliah dunya. Naon kahoyong-Na téh jeung saha nu ngajar batur ngeunaan hal ieu kiwari?

BAB 1

Jalma-Jalma nu Saperti Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

Naha aya Saksi Yéhuwa nu dikenal ku Sadérék? Naha Sadérék geus bener-bener kenal ka urang?

BAB 2

Ku Naon Urang Disebut Saksi-Saksi Yéhuwa?

Perhatikeun tilu alesan ku naon urang maké ngaran ieu.

BAB 3

Kumaha Bebeneran Alkitab Kaungkab Deui?

Kumaha urang bisa yakin yén ayeuna urang boga pamahaman nu bener ngeunaan pangajaran Alkitab?

BAB 4

Ku Naon Urang Boga Tarjamahan Alkitab Sorangan?

Ku naon tarjamahan firman Allah ieu béda ti nu séjén?

BAB 5

Naon nu Bakal Dirasakeun ku Sadérék dina Pasamoan Ibadah Urang?

Urang ngumpul babarengan pikeun diajar Kitab Suci jeung silih gedékeun haté. Sadérék bakal dibagéakeun.

BAB 6

Naon Mangpaatna Pergaulan jeung Dulur Saiman?

Firman Allah ngajurung urang Kristen pikeun gaul babarengan. Mangga baca naon mangpaatna pergaulan siga kitu.

BAB 7

Saperti Kumaha Pasamoan Ibadah Urang?

Naha Sadérék hayang nyaho saperti kumaha pasamoan ibadah urang? Sadérék tangtu bakal resep kana pendidikan Alkitab nu hadé nu aya dina pasamoan urang.

BAB 8

Ku Naon Papakéan Urang Rapih Waktu ka Pasamoan?

Naha papakéan urang téh dianggap penting ku Allah? Perhatikeun prinsip-prinsip Alkitab nu ngabantu urang milih papakéan jeung dangdanan.

BAB 9

Kumaha Cara nu Hadé pikeun Nyiapkeun Bahan Pasamoan?

Siapkeun bahan pasamoan saacanna sangkan Sadérék meunang saloba-lobana mangpaat.

BAB 10

Naon Ibadah Kulawarga téh?

Pék tingali kumaha acara ieu bisa ngaraketkeun Sadérék ka Allah jeung ka anggota kulawarga.

BAB 11

Ku Naon Urang Datang ka Kongrés?

Unggal taun, urang ngumpul babarengan dina tilu acara nu istiméwa. Naon mangpaatna lamun Sadérék datang ka acara ieu?

BAB 12

Kumaha Kagiatan Pangwawaran Urang Diorganisasi?

Urang nuturkeun cara nu ditetepkeun ku Yésus waktu di bumi. Naon waé carana?

BAB 13

Naon Panaratas téh?

Sabulanna, sababaraha Saksi ngabaktikeun 30, 50 jam, atawa leuwih pikeun ngawartakeun Injil. Naon nu ngajurung maranéhna?

BAB 14

Sakola Naon Waé nu Disadiakeun pikeun Panaratas?

Sakola husus naon nu disadiakeun pikeun pawarta nu ngawula sapinuh waktu?

BAB 15

Naon nu Dilakukeun ku Para Kokolot Sidang?

Kokolot téh priya nu kuat sacara rohani nu mingpin kagiatan sidang. Maranéhna méré bantuan naon waé?

BAB 16

Naon nu Dilakukeun ku Para Palayan Sidang?

Palayan sidang ngabantu rupa-rupa kagiatan di sidang. Naon waé mangpaatna pikeun kabéh nu hadir?

BAB 17

Kumaha Para Pangawas Wilayah Ngabantu Urang?

Naon tujuan pangawas wilayah ngadatangan sidang-sidang? Sadérék meunang mangpaat naon lamun dianjangan ku maranéhna?

BAB 18

Kumaha Urang Ngabantu Dulur-Dulur Saiman nu Kasusahan?

Waktu aya musibat, urang gancang nyadiakeun bantuan jeung panglilipur keur korban musibat. Kumaha carana?

BAB 19

Saha Gandék nu Satia jeung Bijaksana téh?

Yésus jangji bakal ngalantik gandék nu nyadiakeun kadaharan rohani nu pas dina waktuna. Kumaha carana?

BAB 20

Naon nu Dilakukeun ku Badan Pingpinan Kiwari?

Dina abad kahiji, sababaraha kokolot jeung rasul ngawula sabagé badan pingpinan sidang Kristen. Lamun kiwari kumaha?

BAB 21

Naon Bétel téh?

Bétel téh tempat husus pikeun ngalaksanakeun tujuan nu penting. Pék baca ngeunaan saha nu ngawula di dinya.

BAB 22

Naon nu Dilakukeun di Kantor Cabang?

Sadérék diondang pikeun tur ka kantor cabang.

BAB 23

Kumaha Bacaan Urang Ditulis jeung Ditarjamahkeun?

Urang nyieun bacaan dina leuwih ti 900 basa. Ku naon urang ngalakukeun hal ieu?

BAB 24

Kumaha Kagiatan Urang di Sakuliah Dunya Dibiayaan?

Cara organisasi urang dibiayaan béda jeung agama séjén, naon bédana?

BAB 25

Naon Sababna Balé Karajaan Diwangun jeung Kumaha Carana?

Ku naon tempat ibadah urang disebut Balé Karajaan? Pék perhatikeun ku naon tempat nu saderhana ieu penting keur sidang-sidang.

BAB 26

Kumaha Urang Bisa Milu Ngarawat Balé Karajaan?

Balé Karajaan nu bersih jeung karawat mawa pujian ka Allah. Naon waé nu kudu dilakukeun sangkan Balé Karajaan tetep bersih?

BAB 27

Naon Mangpaatna Perpustakaan di Balé Karajaan?

Naha Sadérék hayang ngarisét pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan Alkitab? Pék datang ka perpustakaan di Balé Karajaan!

BAB 28

Aya Naon Waé dina Situs Internét Urang?

Sadérék bisa leuwih kenal ka urang jeung kapercayaan urang. Pananya Sadérék ngeunaan Alkitab ogé bakal kajawab.

Naha Sadérék Daék Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa?

Allah Yéhuwa nyaah pisan ka Sadérék. Kumaha carana Sadérék bisa nyenangkeun Mantenna unggal poé?