Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 5

Naon nu Bakal Dirasakeun ku Sadérék dina Pasamoan Ibadah Urang?

Naon nu Bakal Dirasakeun ku Sadérék dina Pasamoan Ibadah Urang?

Argentina

Sierra Leone

Belgia

Malaysia

Loba jalma teu datang deui ka acara kaagamaan lantaran teu meunangkeun bingbingan rohani atawa panglilipur. Jadi, ku naon Sadérék kudu datang ka pasamoan ibadah nu diayakeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa? Naon nu bakal dirasakeun ku Sadérék?

Ngarasa bungah lantaran aya di antara jalma-jalma nu nyaahan jeung perhatian. Dina abad kahiji, urang Kristen dibagi jadi sidang-sidang jamaah. Maranéhna ngarumpul pikeun ibadah ka Allah, diajar Kitab Suci, sarta silih gedékeun haté. (Ibrani 10:24, 25) Maranéhna ngarasa dikurilingan ku sobat-sobat sajati nu silih pikanyaah, nyaéta dulur-dulur saiman maranéhna. (2 Tesalonika 1:3; 3 Yohanes 14) Kiwari, urang ogé nyonto maranéhna jeung ngarasa bungah.

Ngarasakeun mangpaat lantaran diajar ngalarapkeun prinsip Alkitab. Saperti di jaman baheula, lalaki, awéwé, jeung barudak ngumpul babarengan. Nu ngajarna téh tarampil dina ngagunakeun Alkitab jeung ngajelaskeun carana ngalarapkeun prinsip-prinsipna dina kahirupan. (Pamindo 31:12; Nehemia 8:8) Kabéh bisa milu dina diskusi jeung ngawih. Ku kituna, urang bisa muji jeung ngamulyakeun Allah.—Jabur 35:18.

Ngarasa dikuatkeun imanna. Rasul Paulus ngabéjaan salah sahiji sidang dina jamanna, ”Kacida hayangna papanggih jeung aranjeun teh . . . sangkan urang anu geus sakapercayaan bisa silih kuatkeun.” (Rum 1:11, 12) Lantaran sering panggih jeung dulur saiman di pasamoan, iman jeung tékad urang pikeun hirup luyu jeung prinsip Alkitab jadi beuki kuat.

Mangga sumping ka pasamoan ibadah urang pikeun ngarasakeun sorangan hal-hal ieu. Sadérék bakal dibagéakeun. Acarana haratis, teu aya kolékte atawa sumbangan wajib séjénna.

  • Pasamoan ibadah urang téh nuturkeun conto naon?

  • Naon waé mangpaatna lamun urang datang ka pasamoan ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?