Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | CARANA NGADIDIK BUDAK

Ku Naon Barudak Perlu Maca—Bagian 2: Mending tina Layar atawa Kertas?

Ku Naon Barudak Perlu Maca—Bagian 2: Mending tina Layar atawa Kertas?

 Barudak anjeun leuwih resep maca dina buku atawa dina alat éléktronik?

 Loba budak ngora leuwih resep maca dina alat éléktronik. Dr. Jean M. Twenge nulis, ”Jaman ayeuna mah barudak téh leuwih resep nga-klik jeung nga-scroll­ layar, da éta leuwih gancang. Maranéhna teu pati resep maca buku.” a

 Maca dina alat éléktronik téh mémang aya kauntunganana. John nu umurna 20 taun ngomong, ”Baheula, di sakola abdi geus biasa ngagunakeun buku éléktronik. Mun dina alat éléktronik mah, rék néangan informasi tambahan téh jadi leuwih gancang.”

 Jalma-jalma téh resep maca dina alat éléktronik sabab aya loba tombol nu bisa di-klik. Misalna, ngan ku nga-klik hiji tombol gé, maranéhna geus bisa néangan harti hiji kecap, ngadéngékeun audio, nongton vidéo, atawa néangan informasi tambahan. Tapi, naha enya maca dina alat éléktronik téh leuwih alus tibatan maca dina kertas?

 Waktu rék diajar bener-bener, sababaraha jalma leuwih resep maca dina kertas. Ku naon?

  •   Leuwih konséntrasi. Budak ngora nu ngaranna Nathan ngomong kieu, ”Mun abdi maca dina alat éléktronik, sok aya chat nu asup, atawa sok aya iklan. Abdi jadi hésé konséntrasi.”

     Karen nu umurna 20 taun ngarasa jiga kitu ogé. Ceuk manéhna, ”Waktu abdi maca dina HP atawa tablét, abdi téh kalah ka osok mukaan aplikasi séjén atawa maén game.”

     Prinsip Alkitab: ”Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna.”​—Kolose 4:5.

     Pikirkeun: Lamun budak anjeun maca dina alat éléktronik, manéhna bisa nahan diri teu pikeun teu muka chat atawa aplikasi séjén? Lamun manéhna gampang kasimpangkeun, kumaha anjeun bisa mantuan manéhna pikeun konséntrasi?

     Saran: Bantu barudak ngarti, lamun maranéhna gampang kasimpangkeun, justru maranéhna bakal leuwih lila ngagawékeun PR sarta teu boga waktu pikeun ngalakukeun hal-hal séjén nu dipikahayang.

  •   Leuwih ngarti. Buku Be the Parent, Please nyebutkeun, ”Sababaraha panalitian nunjukkeun, jalma-jalma nu maca tina kertas bisa leuwih ngarti tibatan nu maca tina layar.”

     Ku naon? Salah sahiji alesanana, lantaran jalma-jalma nu maca tina layar seringna mah macana téh gancang, nu penting mah bérés. Nicholas Carr, saurang jalma nu nulis buku, ngomong kieu, ”Waktu urang muka Internét, urang hayang sagancang-gancangna meunang informasi.” b

     Nya mémang, maca jiga kitu téh aya mangpaatna ogé. Tapi ceuk Carr, nu jadi masalah téh urang ”bisa kabiasaan maca jiga kitu”. Pas keur maca, barudak bisa gancang pisan macana tapi teu pati ngarti naon nu dibacana.

     Prinsip Alkitab: ”Tina kabéh hal nu dimeunangkeun ku anjeun, meunangkeun ogé pangarti.”​—Siloka 4:7, Terjemahan Dunia Baru.

     Pikirkeun: Kumaha anjeun bisa mantuan barudak pikeun mariksa hiji topik leuwih jero, teu sual macana dina kertas atawa alat éléktronik.

     Saran: Kudu asup akal. Teu masalah barudak rék maca tina kertas atawa alat éléktronik. Duanana aya mangpaatna. Lamun maca maké alat éléktronik, meureun éta leuwih gampang keur maranéhna. Jadi, timbang-timbang heula untung rugina. Terus sing inget, kasanggupan unggal budak téh béda.

  •   Leuwih inget. Ceuk Ferris Jabr, dina salah sahiji artikel di Scientific American, mun maca dina alat éléktronik, urang bisa ”leuwih gampang capé . . . terus leuwih hésé nginget-nginget naon nu dibaca ku urang.”

     Mun maca tina kertas, urang bisa gampang inget, hiji kalimah téh aya di beulah mana, otak urang saolah-olah ”nandaan”. Jadi mun engké urang rék maca deui kalimah éta, urang apal kudu néangan di beulah mana.

     Terus, sababaraha panalitian nunjukkeun, jalma nu maca tina kertas bisa leuwih inget kana informasi nu dibaca ku maranéhna. Ku naon? Lantaran maranéhna leuwih ngarti naon nu keur dibaca.

     Prinsip Alkitab: ”Cekel sing pageuh hikmah, jeung akal budi [kamampuh pikeun mikir].”​—Siloka 3:21.

     Pikirkeun: Lamun diajar maké alat éléktronik, barudak anjeun bakal hésé ngarti jeung inget kana naon nu dibacana teu? Lamun enya, kumaha supaya maranéhna jadi leuwih inget? Meureun maranéhna perlu diajar maké buku.

     Saran: Ulah mikirkeun mana nu leuwih dipikaresep ku barudak, tapi mana nu mangpaatna leuwih loba. Jalma-jalma mikir, maranéhna bisa leuwih ngarti lamun maca maké alat éléktronik, padahal mah henteu.

a Tina buku iGen.

b Tina buku The Shallows.