Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA

Lamun Béda Pandangan

Lamun Béda Pandangan

 Béda karesep, kabiasaan, jeung kapribadian téh bisa jadi tangtangan pikeun nu geus nikah. Tapi, aya sababaraha hal nu leuwih sérius deui, misalna:

  •   Sabaraha lila waktu nu rék dipaké pikeun ngumpul jeung baraya?

  •   Kumaha carana ngatur duit?

  •   Rék boga budak atawa henteu?

 Naon nu bisa dilakukeun lamun Sadérék jeung batur hirup béda pandangan?

 Nu kudu dipikanyaho ku Sadérék

 Cocog lain hartina sarua persis. Salaki pamajikan nu paling cocog gé moal salilana sapaham. Malah, dina hal-hal nu penting pisan gé can tangtu sapaham.

 ”Abdi digedékeun dina kulawarga nu resep kumpul-kumpul. Dina ahir minggu, urang kabéh biasana osok ngumpul jeung aki, nini, uwa, sarta alo. Ari kulawarga salaki abdi mah jarang kumpul-kumpul, jadi urang duaan boga pandangan nu béda ngeunaan rék sabaraha lila ngumpul jeung kulawarga atawa rék sabaraha lila komunikasi jeung baraya nu imahna jauh.”—Tamara.

 ”Lantaran cara digedékeunana béda, abdi jeung pamajikan boga pandangan nu béda ngeunaan maké duit. Sababaraha bulan sanggeus nikah, urang duaan osok pakeukeuh-keukeuh. Masalahna teu bérés ngan ku sakali atawa dua kali ngobrol.”—Tyler.

Dua jalma nu ningali pamandangan nu sarua bisa boga pamikiran nu béda. Kitu ogé, salaki pamajikan bisa boga pamikiran nu béda waktu aya hiji masalah

 Sababaraha masalah teu bisa diréngsékeun ngan ku ngéléhan wungkul. Contona, kumaha lamun mitoha gering jeung kudu dirawat? Kumaha lamun nu hiji hayang boga budak, ari nu hiji deui embungeun? *

 ”Abdi jeung pamajikan geus sababaraha kali ngabahas ngeunaan boga budak. Pamajikan abdi teterusan mikiran éta, pandangan urang duaan jadi beuki béda. Asana téh teu aya jalan kaluarna.”—Alex.

 Boga pandangan nu béda lain hartina perkawinan moal suksés. Sababaraha ahli ngomong, lamun Sadérék jeung batur hirup teu boga jalan kaluar pikeun masalah nu penting, Sadérék kudu ngalakukeun naon waé pikeun nyumponan kahayang Sadérék, sanajan nepi ka kudu pepegatan. Tapi lamun kitu, hartina Sadérék mentingkeun teuing parasaan Sadérék. Sadérék nyapirakeun ikrar di hareupeun Gusti yén Sadérék duaan bakal babarengan saumur hirup, teu sual kumaha kaayaanana.

 Nu bisa dilakukeun ku Sadérék

 Boga tékad pikeun ngajalankeun ikrar perkawinan Sadérék. Lamun Sadérék boga tékad pikeun ngajalankeun ikrar perkawinan, Sadérék duaan bakal digawé sauyunan pikeun ngaréngsékeun masalah.

 Prinsip Kitab Suci: ”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”—Mateus 19:6.

 Itung biayana. Misalna, nu hiji hayang boga budak, nu hiji embung. Pék pikirkeun sababaraha hal ieu:

  •   Perkawinan nu kuat.

    16Naha perkawinan Sadérék bisa tetep kuat lamun engkéna aya masalah waktu ngagedékeun budak?

  •   Tanggung jawab sabagé kolot.

     Teu cukup ngan saukur nyadiakeun dahareun, papakéan, jeung panyicingan.

  •   Kaayaan ékonomi.

     Naha Sadérék geus saimbang dina pagawéan, kulawarga, jeung tanggung jawab séjénna?

 Prinsip Kitab Suci: ”Upamana, ti maraneh aya anu boga maksud nyieun munara, tangtu diuk heula ngitung-ngitung piwaragadeunana.”—Lukas 14:28.

 Pikirkeun kabéh hal nu aya hubunganana jeung éta masalah. Sadérék bisa néangan jalan kaluar pikeun sababaraha hal nu aya hubunganana jeung éta masalah. Contona, lamun masalahna ngeunaan boga budak atawa henteu, pasangan nu teu yakin pikeun boga budak bisa mikirkeun:

  •   ’Waktu abdi ngomong embung boga budak, naha éta hartina embung boga budak salilana atawa embung lantaran ayeuna mah can siap?’

  •   ’Naha abdi teu yakin pikeun boga budak lantaran sieun teu bisa jadi kolot nu hadé?’

  •   ’Naha abdi sieun mun engkéna batur hirup jadi ngabaékeun abdi?’

 Sabalikna, pasangan nu hayang boga budak bisa mikirkeun pananya-pananya saperti:

  •   ’Naha urang duaan geus siap boga tanggung jawab sabagé kolot?’

  •   ’Sacara ékonomi, naha urang sanggup ngagedékeun budak?’

 Prinsip Kitab Suci: ”Hikmat ti luhur téh . . . asup akal.”Yakobus 3:17, Terjemahan Dunia Baru (NW).

 Téangan hal-hal nu alus tina pandangan batur hirup. Dua jalma nu ningali pamandangan nu sarua bisa boga pamikiran nu béda. Kitu ogé, waktu salaki pamajikan ningali hiji masalah, maranéhna bisa boga pamikiran nu béda. Contona, ngeunaan carana maké duit. Pikeun ngabahas pamikiran nu béda, mimitian ku ngobrolkeun pamikiran nu sarua.

  •   Sadérék duaan satuju kana hal naon?

  •   Naon hal alus tina masing-masing pandangan?

  •   Supaya perkawinan tetep kuat, naha salah sahiji atawa duanana bisa nyaluyukeun pandanganana supaya aya jalan kaluar?

 Prinsip Kitab Suci: ”Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur.”—1 Korinta 10:24.

^ par. 9 Sababaraha hal penting sakuduna geus dibahas heula saacan nikah. Tapi kaayaan nu teu disangka bisa waé muncul, atawa parasaan batur hirup lila-lila bisa barobah.—Pandita 9:11.