Pindah kana eusi

Alkitab Ngarobah Kahirupan

Hadiah Panghadéna Sapanjang Hirup Abdi

Hadiah Panghadéna Sapanjang Hirup Abdi
  • LAHIR TAUN 1967

  • NAGRI ASAL FINLANDIA

  • KASANG TUKANG ATLIT TÉNIS PROFÉSIONAL

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Abdi gedé di padésaan nu tenang di sisi kota Tampere, Finlandia. Kulawarga abdi téh lain kulawarga nu mentingkeun agama, tapi ngutamakeun pendidikan jeung tatakrama. Indung abdi téh urang Jerman. Waktu leutik kénéh, abdi sok ulin ka imah aki nini di Jerman Barat.

 Ti leuleutik, abdi resep olahraga. Abdi nyobaan rupa-rupa olahraga. Tapi sanggeus umur 14, abdi leuwih ngaleukeunan ténis. Waktu umur 16, abdi latihan dua nepi ka tilu kali sapoé, dua kali latihan jeung palatih profésional, sakali latihan sorangan peuting-peuting. Abdi resep maén ténis. Maén ténis téh ngalatih awak jeung méntal abdi. Abdi gé resep ulin jeung babaturan sarta sakapeung osok nginum bir, tapi abdi teu pernah maké narkoba atawa mabok-mabokan. Ténis téh nu paling penting dina kahirupan abdi.

 Basa umur 17, abdi miluan tanding ténis nu diayakeun ku ATP. * Sanggeus meunang sababaraha kali, abdi jadi kasohor. Waktu umur 22, abdi téh kaasup 50 atlit ténis nu pangjagona di dunya.

 Mangtaun-taun abdi kuriling dunya pikeun tanding ténis. Abdi ningali tempat-tempat nu éndah, tapi abdi gé ningali loba masalah di dunya, misalna kajahatan, masalah narkoba, jeung masalah lingkungan. Contona waktu di Amerika Serikat, urang téh dilarang asup ka tempat-tempat di sababaraha kota lantaran loba kajahatan. Éta kabéh ngaganggu pikiran abdi. Salian ti éta, sanajan abdi ngalakukeun hal nu dipikaresep, abdi teu ngarasa puas.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Kabogoh abdi, Sanna, mulai diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Abdi teu nyangka manéhna téh minat kana agama, tapi abdi teu ngalarang manéhna diajar. Taun 1990, urang duaan nikah. Sataun sanggeusna, manéhna dibaptis jadi Saksi Yéhuwa. Ari abdi mah teu pati minat kana agama, tapi abdi percaya Allah téh aya. Abdi inget nini abdi nu urang Jerman sering maca Alkitab. Manéhna pernah ngajarkeun abdi carana ngadoa.

 Hiji poé, abdi jeung Sanna datang ka imah salaki pamajikan Saksi. Kari, nu jadi salakina, ngajelaskeun ramalan Alkitab ngeunaan ”ahir jaman” ka abdi. (2 Timoteus 3:1-5) Abdi téh kataji pisan, abdi jadi nyaho ku naon aya loba kajahatan di dunya. Poé éta, urang teu pati loba ngomongkeun soal agama. Tapi ti saprak harita, abdi jadi sok ngobrolkeun Alkitab jeung Kari. Sagalana téh asup akal. Tapi lantaran abdi sibuk jeung sering iinditan, urang jadi hésé panggih. Untungna, Kari teu nyerah. Manéhna sok ngajawab pananya abdi liwat surat. Kabéh pananya penting ngeunaan kahirupan téh dijawab ku cara nu asup akal tina Alkitab. Saeutik-saeutik, abdi jadi ngarti kana topik utama Alkitab, nyaéta Karajaan Allah bakal ngawujudkeun tujuan Mantenna. Waktu diajar yén nami Allah téh Yéhuwa, sarta naon nu geus dilakukeun Mantenna keur urang, haté abdi mani kageuing pisan. (Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru) Tapi, anu paling ngageuing abdi téh korban tebusan. Éta téh lain ngan cara Allah pikeun ngaréngsékeun masalah sacara adil, tapi éta bukti kanyaah Allah. (Yohanes 3:16) Abdi gé diajar yén abdi boga kasempetan pikeun jadi sobat Allah jeung hirup langgeng di Pirdaus nu éndah. (Yakobus 4:8) Abdi jadi kapikiran, ”Kumaha carana abdi ngahaturkeun nuhun ka Allah?”

 Abdi mikirkeun kahirupan abdi salila ieu. Abdi diajar tina Alkitab yén urang bisa bener-bener bagja lamun béréhan. Abdi jadi hayang méré nyaho batur ngeunaan kapercayaan abdi. (Rasul 20:35) Lantaran abdi téh atlit profésional, abdi sok teu aya di imah salila kira-kira 200 poé dina sataun lantaran kudu milu tanding. Kahirupan kulawarga abdi téh kudu nuturkeun jadwal latihan, kagiatan, jeung karier abdi. Jadi, abdi sadar yén abdi téh kudu barobah.

 Abdi apal, loba jalma bakal héran lamun abdi mutuskeun rék ninggalkeun karier olahraga demi agama. Tapi, kasempetan pikeun leuwih kenal ka Yéhuwa jeung meunangkeun hirup langgeng téh jauh leuwih istiméwa ti batan hadiah naon waé tina tanding ténis. Jadi keur abdi mah, mutuskeun rék eureun téh teu pati hésé. Abdi geus tékad, moal paduli kana omongan batur, sabab ieu mah putusan abdi sorangan. Hiji ayat Alkitab nu nguatkeun abdi téh nyaéta Jabur 118:6, ”PANGERAN nyarengan kami, kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?”

 Harita, sababaraha sponsor nawarkeun kontrak nu nguntungkeun. Abdi bisa terus jadi atlit profésional, jadi sababaraha taun kahareup teu kudu hariwang kana duit. Tapi abdi geus nyieun putusan. Jadi abdi nolak tawaran éta, terus eureun miluan kompetisi-kompetisi ATP. Abdi terus diajar Alkitab. Tanggal 2 Juli 1994, abdi dibaptis jadi Saksi Yéhuwa.

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Abdi teu ngalaman masalah heula, kakara kapikir ngeunaan Allah. Abdi gé teu pernah néangan bebeneran. Hirup abdi gé geus genah, teu kurang nanaon. Tapi, bebeneran Alkitab téh siga nu geus ngadagoan abdi. Abdi jadi ngarti yén hirup téh aya tujuanana. Ayeuna hirup abdi jadi leuwih bagja ti batan nu pernah dibayangkeun ku abdi! Kulawarga abdi jadi beuki raket jeung kompak. Abdi gé bungah lantaran tilu budak lalaki abdi geus nyonto abdi pikeun jadi urang Kristen, lainna jadi atlit.

 Abdi masih kénéh resep maén ténis. Sababaraha taun ieu, abdi boga pagawéan nu masih aya patalina jeung ténis, misalna abdi digawé jadi palatih jeung manajer di hiji lapang ténis. Tapi, olahraga téh lain hal nu pangpentingna deui dina kahirupan abdi. Baheula mah, abdi latihan mangjam-jam unggal mingguna supaya bisa jadi atlit ténis nu leuwih jago, supaya jadi juara. Ari ayeuna, abdi leuwih resep ngagunakeun kalolobaan waktu pikeun ngabantu batur diajar jeung ngalarapkeun prinsip Alkitab nu geus ngarobah kahirupan abdi. Abdi bisa bener-bener bagja lantaran ngutamakeun sosobatan jeung Allah Yéhuwa sarta méré nyaho batur ngeunaan harepan nu éndah di mangsa kahareup.—1 Timoteus 6:19.

^ ATP téh Asosiasi Tenis Profesional. Éta téh organisasi atlit ténis nu profésional husus keur lalaki. ATP téh osok ngayakeun loba kompetisi profésional jeung méré hadiah poin sarta duit ka unggal atlit nu meunang. Jumlah poinna bakal nangtukeun manéhna juara ka sabaraha di antara atlit-atlit ténis pangjagona di dunya.