Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 26

Nulung ka Kami

Nulung ka Kami

(Mateus 25:34-​40)

  1. 1. Domba-domba lian satia ngawula

    dulur-dulur Kristus pilihan Allah.

    Sagala dukungan

    pikeun aranjeunna

    Ku Yésus bakal diganti ku berkah.

    (REFREIN)

    ”Lamun terus nyaah ka aranjeunna,

    Éta téh sarua nyaah ka kami.

    Nulung aranjeunna, nulung ka kami.

    Lamun ngadukung ka aranjeunna,

    Éta téh sarua ngadukung kami.”

  2. 2. ”Maranéh daratang tur mantuan kami,

    waktu kami lapar tur dipanjara.”

    ”Iraha abdi-abdi

    mantuan Gusti?”

    Tuluy Yésus ngajawab maranéhna,

    (REFREIN)

    ”Lamun terus nyaah ka aranjeunna,

    Éta téh sarua nyaah ka kami.

    Nulung aranjeunna, nulung ka kami.

    Lamun ngadukung ka aranjeunna,

    Éta téh sarua ngadukung kami.”

  3. 3. ”Maranéh garetol jeung terus satia,

    sumanget ngawawar jeung dulur kami.”

    Yésus ngomong ka domba

    gigireunana,

    ”Pék tarima hirup langgeng di bumi.”

    (REFREIN)

    ”Lamun terus nyaah ka aranjeunna,

    Éta téh sarua nyaah ka kami.

    Nulung aranjeunna, nulung ka kami.

    Lamun ngadukung ka aranjeunna,

    Éta téh sarua ngadukung kami.”