Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 150

Andelkeun Allah Sangkan Salamet

Andelkeun Allah Sangkan Salamet

(Sepanya 2:3)

  1. 1. Kabéh bangsa gabung

    Ngalawan Putra Huwa.

    Mangsa manusa maréntah

    Geus nepi ka tungtungna.

    Karajaan Allah

    Ngadeg salalanggengna.

    Kristus bakal ngancurkeun musuh,

    Tangtu moal katunda.

    (REFREIN)

    Pék andelkeun Allah Huwa

    Sangkan bisa saralamet.

    Sing t’rus satia,

    Taat Firman-Na,

    Buktikeun mihak ka Allah.

    Huwa bakal nyalametkeun

    Kabéh umat-Na.

  2. 2. Urang t’rus émbarkeun

    Warta hadé K’rajaan.

    Jalma-jalma kudu milih

    Rék nolak, rék narima.

    Sanajan ditentang,

    Teu sieun haté urang.

    Allah pasti siap nulungan,

    Masihan kakuatan.

    (REFREIN)

    Pék andelkeun Allah Huwa

    Sangkan bisa saralamet.

    Sing t’rus satia,

    Taat Firman-Na,

    Buktikeun mihak ka Allah.

    Huwa bakal nyalametkeun

    Kabéh umat-Na.