Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 14

Serangan nu Datangna ti Kalér!

Serangan nu Datangna ti Kalér!

”Nagri urang diambreg ku balad simeut.”​—YOEL 1:6.

KAWIH 95 Jalan Urang Beuki Caang

NU DIBAHAS *

1. Kumaha cara diajar Sadérék Russell jeung babaturanana, jeung ku naon cara kitu téh alus?

LEUWIH ti saabad katukang, Sadérék C.T. Russell jeung babaturanana osok ngumpul babarengan pikeun diajar Firman Allah. Maranéhna hayang nyaho naon nu sabenerna diajarkeun ku Alkitab ngeunaan Allah Yéhuwa, Yésus Kristus, kaayaan nu maot, jeung tebusan. Cara diajarna saderhana pisan. Aya nu méré pananya, terus maranéhna mariksa kabéh ayat nu aya hubunganana jeung topik éta. Geus kitu, hasil risétna dicatet. Yéhuwa ngabantu maranéhna paham kana loba bebeneran penting tina Alkitab, nu terus dihargaan nepi ka kiwari.

2. Ku naon sakapeung urang bisa nyieun kasimpulan nu salah ngeunaan nubuat Alkitab?

2 Tapi teu lila, para siswa Alkitab ieu sadar yén pikeun paham kana nubuat Alkitab téh leuwih hésé ti batan paham kana pangajaran dasar Alkitab. Naha bet kitu? Salah sahiji alesanana, urang biasana kakara paham maksud hiji nubuat lamun éta keur laksana atawa sanggeus éta laksana. Tapi, aya alesan séjén. Supaya ngarti maksud hiji nubuat, urang kudu merhatikeun nubuat éta sacara lengkep. Lamun urang ngan merhatikeun hiji hal dina éta nubuat tapi ngabaékeun nu séjénna, urang bisa nyieun kasimpulan nu salah. Katingalina, ieu nu kajadian kana pamahaman urang ngeunaan nubuat dina buku Yoel. Ayeuna urang bakal mariksa deui nubuat ieu jeung ngabahas ku naon pamahaman urang kudu dirobah.

3-4. Salila ieu, urang boga pamahaman naon ngeunaan nubuat dina Yoel 2:7-9?

3 Baca Yoel 2:7-9. Yoél nganubuatkeun datangna serangan simeut nu bakal ngaruksak nagri Israil. Sakabéh pepelakan bakal béak digalaksak ku simeut nu huntuna saseukeut huntu singa! (Yoel 1:4, 6) Salila mangtaun-taun, urang boga pamahaman yén nubuat ieu téh ngagambarkeun kagiatan pangwawaran umat Yéhuwa nu teu bisa dieureunkeun, siga abrulan simeut. ”Nagri”, atawa jalma-jalma nu dikadalikeun ku para pamingpin agama, kapangaruhan pisan ku kagiatan urang. *

4 Lamun nu dibaca ngan Yoel 2:7-9 wungkul, urang bisa boga kasimpulan siga kitu. Tapi lamun urang mariksa sakabéh hal nu disebutkeun dina nubuat éta, sigana pamahaman urang kudu dirobah. Hayu urang bahas opat alesanana.

OPAT ALESAN PIKEUN NGAROBAH PAMAHAMAN

5-6. Pananya naon nu muncul waktu urang maca (a) Yoel 2:20? (b) Yoel 2:25?

5 Kahiji, perhatikeun jangji Yéhuwa ngeunaan simeut nu ngaruksak ieu, ”Eta balad simeut anu daratangna ti kaler, ku Kami rek disingkirkeun.” (Yoel 2:20) Lamun simeut ieu ngalambangkeun Saksi-Saksi Yéhuwa nu taat kana paréntah Yésus pikeun ngawawar jeung ngajadikeun murid, ku naon maranéhna rék disingkirkeun ku Yéhuwa? (Yeh. 33:7-9; Mat. 28:19, 20) Jelas, nu disingkirkeun ku Yéhuwa téh lain hamba-hamba-Na nu satia, tapi nu dianggap musuh umat-Na.

6 Kadua, perhatikeun naon nu ditulis dina Yoel 2:25. Di dinya Yéhuwa nyebutkeun, ”Naon-naon anu geus musna sajeroning taun-taun panen maraneh beak ku simeut, ku Kami rek dipulihkeun, sabab Kami anu ngadatangkeun eta balad simeut.” Perhatikeun yén Yéhuwa jangji bakal ’mulihkeun’ karuksakan nu disababkeun ku abrulan simeut éta. Lamun simeut éta ngagambarkeun para pawarta Karajaan, hartina warta nu diuarkeun téh warta nu ngaruksak atuh? Padahal mah, nu diuarkeun téh warta kasalametan jeung bisa ngarobah jalma jahat jadi tobat. (Yeh. 33:8, 19) Justru ieu mah ngadatangkeun berkah!

7. Tina kekecapan ”geus kitu” dina Yoel 2:28, 29, urang bisa paham kana hal naon?

7 Baca Yoel 2:28, 29. Perhatikeun alesan nu katilu, nyaéta susunan waktu dina éta nubuat. Yéhuwa nyebutkeun, ”Geus kitu Kami bakal ngeusikeun roh Kami,” maksudna sanggeus simeut-simeut ngaréngsékeun tugasna. Lamun simeut-simeut ngagambarkeun para pawarta Karajaan, ku naon Yéhuwa bet ngeusikeun atawa masihan roh suci-Na téh sanggeus maranéhna ngaréngsékeun tugas ngawawar? Padahal lamun teu dibantuan ku roh suci mah, maranéhna moal bisa terus ngawawar salila mangpuluh-puluh taun bari ditentang jeung dilarang.

Sadérék J.F. Rutherford jeung sadérék-sadérék séjén nu diistrénan wani nguarkeun hukuman ti Allah pikeun dunya nu jahat ieu (Tingali paragrap 8)

8. Saha nu digambarkeun ku simeut-simeut dina Wahyu 9:1-11? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

8 Baca Wahyu 9:1-11. Ayeuna perhatikeun alesan nu kaopat. Salila ieu, urang ngahubungkeun abrulan simeut dina buku Yoel jeung pangwawaran lantaran aya nubuat nu sarupa dina buku Wahyu. Dina nubuat buku Wahyu, aya abrulan simeut nu beungeutna siga beunget jelema jeung ”huluna siga make makuta emas”. (Wahyu 9:7) Maranéhna nyiksa jalma-jalma, nyaéta musuh Allah ”anu tarangna teu make cap Allah”, salila lima bulan, nyaéta rata-rata umurna simeut. (Wahyu 9:4, 5) Nubuat ieu mémang ngagambarkeun hamba-hamba Yéhuwa nu diistrénan. Maranéhna wani nguarkeun yén Allah bakal ngahakiman dunya nu jahat ieu. Balukarna, nu ngadukung dunya ieu ngarasa kaganggu.

9. Naon waé bédana antara simeut nu ditempo ku Yoél jeung nu ditempo ku Yohanes?

9 Mémang, aya sasaruaanana antara nubuat dina buku Yoel jeung Wahyu. Tapi, aya sababaraha hal penting nu béda. Perhatikeun: Dina nubuat Yoél, simeutna ngagalaksak pepelakan. (Yoel 1:4, 6, 7) Tapi dina téténjoan Yohanes di buku Wahyu, simeutna téh ”ditimbalan teu meunang ngaruksak jujukutan atawa tatangkalan atawa pepelakan”. (Wahyu 9:4) Simeut nu ditempo ku Yoél datangna ti kalér. (Yoel 2:20) Ari nu ditempo ku Yohanes mah kaluar tina guha. (Wahyu 9:2, 3) Simeut nu disebutkeun ku Yoél mah bakal disingkirkeun. Tapi dina buku Wahyu mah, simeutna teu disingkirkeun, tapi disina ngaréngsékeun tugasna. Euweuh bukti dina Alkitab yén Yéhuwa teu resep ka simeut-simeut nu ditempo ku Yohanes.​—Tingali kotak  ”Nubuat ngeunaan Simeut—Sarupa Tapi Béda”.

10. Béré conto dina Alkitab nu nunjukkeun yén hiji hal bisa ngalambangkeun hal nu béda-béda.

10 Lantaran hal-hal penting nu béda ieu, urang bisa nyimpulkeun yén dua nubuat éta euweuh hubunganana. Jadi, naha simeut dina buku Yoel téh béda jeung simeut dina buku Wahyu? Enya. Dina Alkitab, geus teu anéh lamun hiji hal bisa ngalambangkeun hal nu béda-béda. Contona dina Wahyu 5:5, Yésus disebut ”Singa kaom Yuda”, tapi dina 1 Petrus 5:8, singa digunakeun pikeun ngalambangkeun Iblis. Lantaran opat alesan nu geus dibahas tadi, urang kudu nalungtik deui naon maksud tina nubuat Yoél. Jadi, naon maksudna?

NAON MAKSUDNA?

11. Yoel 1:6 jeung 2:1, 8, 11 méré pitunjuk naon ngeunaan saha nu dimaksud ku abrulan simeut?

11 Waktu mariksa ayat-ayat séjén dina nubuat Yoél, urang paham yén nabi ieu keur ngaramalkeun serangan militér. (Yoel 1:6; 2:1, 8, 11) Yéhuwa nyebutkeun bakal ngagunakeun ”balad” (pasukan Babilon) pikeun ngahukum urang Israil nu teu taat. (Yoel 2:25) Pasukan ieu cocog mun disebut ”daratangna ti kaler” lantaran urang Babilon téh nyerang Israil ti kalér. (Yoel 2:20) Pasukan ieu siga abrulan simeut nu diatur kalawan tartib. Yoél nyebutkeun yén unggal prajurit ”maju bareng . . . Breg ambreg ka jero kota, ngaluncatan tembok-tembok, naraekan imah-imah, terus arasup tina jandela kawas bangsat”. (Yoel 2:8, 9) Kabayang teu ku Sadérék? Aya prajurit di mamana. Euweuh nu bisa nyumput. Teu aya nu bisa nyingcet tina pedang urang Babilon!

12. Kumaha nubuat Yoél ngeunaan simeut laksana?

12 Urang Babilon (Babul) nyerang kota Yérusalém siga simeut dina taun 607 SM. Catetan Alkitab nyebutkeun, ”Raja Babul ngagempur ka maranehna. Barudak ngora . . . diparaehan. Ka nu kolot ka nu ngora, ka lalaki ka awewe, ka nu cageur ka nu gering, eta raja teu aya pisan rasrasanana. Urang dinya ku PANGERAN geus diserenkeun ka anjeunna. Bait Allah jeung kota dihuru, jeung karaton-karatonna katut barang-barangna anu aralus. Kuta-kuta dirugrugkeun.” (2 Bab. 36:17, 19) Sanggeus urang Babilon nyerang jeung ngancurkeun nagri éta, jalma-jalma ngaromong, ”Ieu tanah tangtu jadi kawas tegal suwung, sepi taya pangeusina, taya jalma taya sato, tuluy dijabel ku urang Babul.”​—Yer. 32:43.

13. Jelaskeun naon hartina catetan dina Yermia 16:16, 18.

13 Kira-kira 200 taun sanggeus nubuat Yoél ditulis, Yéhuwa ngagunakeun Yérmia pikeun nganubuatkeun hal séjén ngeunaan serangan ieu. Yéhuwa nyebutkeun yén urang Israil nu jahat bakal ditéangan jeung ditéwakan kabéh ku bangsa Babul. ”PANGERAN nimbalan, ’Kami rek ngadatangkeun pamayang masing rea, sina newakan eta jelema-jelema. Arek ngajurung paninggaran masing rea, sina moro maranehanana ti saban gunung, ti unggal pasir jeung tina sela-sela batu cadas. . . . Dosa jeung kajahatanana rek dikudukeun dibayar dua tikel.’” Teu sual di laut atawa di leuweung, urang Israil nu teu tobat moal bisa nyumput tina serangan urang Babilon.​—Yer. 16:16, 18.

DIPULIHKEUN

14. Iraha nubuat dina Yoel 2:28, 29 laksana?

14 Ayeuna, Yoél boga warta nu hadé. Nagri éta bakal makmur deui. (Yoel 2:23-26) Tuluy lila sanggeusna, dahareun rohani gé bakal ngalobaan. ”Kami bakal ngeusikeun roh Kami ka unggal jalma. Anak maraneh lalaki awewe bakal ngucapkeun amanat-amanat Kami. . . . Malah badega-badega, awewe, lalaki waktu eta bakal dieusian ku roh Kami.” (Yoel 2:28, 29) Allah moal ngeusikeun atawa masihan roh suci-Na ka bangsa Israil pas maranéhna balik ti Babilon ka lemah caina. Tapi nubuat ieu laksana mangabad-abad sanggeusna, nyaéta dina Péntakosta taun 33 M. Ti mana urang apal?

15. Numutkeun Rasul 2:16, 17, Pétrus ngagunakeun kekecapan nu béda naon waktu nyutat Yoel 2:28, jeung naon maksudna?

15 Rasul Pétrus diilhamkeun pikeun nerapkeun Yoel 2:28, 29 kana kajadian nu luar biasa dina poé Péntakosta. Kira-kira jam salapan isuk, sacara mujijat Allah masihan roh suci-Na. Tuluy, jalma-jalma nu narima roh suci ngawawarkeun ”hal padamelan Allah anu arajaib”. (Ras. 2:11) Pétrus diilhamkeun pikeun ngucapkeun kekecapan nu rada béda waktu nyutat nubuat Yoél. Naha Sadérék ningali naon bédana? (Baca Rasul 2:16, 17.) Dina awal kekecapanana, Pétrus henteu nyutat ”geus kitu”, tapi nyebutkeun ”dina ahir jaman”. Nu dimaksud ku Pétrus téh ahir jamanna urang Yahudi, nyaéta saacan Yérusalém jeung baitna diancurkeun. Harita, Allah masihan roh suci-Na ”ka unggal jalma”. Hal ieu nunjukkeun yén butuh waktu nu lila ti saprak nubuat ieu ditulis nepi ka éta laksana.

16. Naon pangaruh roh suci kana pangwawaran dina abad kahiji jeung kiwari?

16 Sanggeus Allah masihan roh suci-Na ka urang Kristen dina abad kahiji, maranéhna ngamimitian pangwawaran nu tungtungna bakal nepi ka sakuliah dunya. Waktu Rasul Paulus nulis surat ka urang Kolosa, nyaéta kira-kira taun 61 M, manéhna bisa nyebutkeun yén warta hadé keur diémbarkeun ”ka sagala mahluk di kolong langit”, maksudna nyaéta ka bagian dunya nu bisa didatangan ku Paulus jeung urang Kristen séjénna. (Kol. 1:23, Sunda Formal [SF]) Ku bantuan roh suci Yéhuwa, ayeuna pangwawaran bisa dilakukeun ka tempat-tempat nu leuwih jauh, nyaéta ”nepi ka tungtung bumi”!​—Ras. 13:47, SF; tingali kotak  ”Kami Bakal Ngeusikeun Roh Kami”.

NAON NU BAROBAH?

17. Naon nu barobah tina pamahaman urang ngeunaan simeut dina nubuat Yoél?

17 Naon nu barobah? Ayeuna urang boga pamahaman nu leuwih jelas ngeunaan nubuat nu dicatet dina Yoel 2:7-9. Jelas, ayat-ayat ieu lain ngamaksudkeun pangwawaran urang nu sumanget, tapi ngamaksudkeun serangan pasukan Babilon ka Yérusalém dina taun 607 SM.

18. Naon nu teu barobah ti umat Yéhuwa?

18 Naon nu teu barobah? Umat Yéhuwa terus nguarkeun warta hadé ka mamana jeung ngagunakeun loba cara. (Mat. 24:14) Larangan pamaréntah teu bisa ngeureunkeun urang pikeun ngajalankeun tugas ngawawar. Lantaran diberkahan ku Yéhuwa, urang jadi leuwih getol ti saacanna, wani nguarkeun warta hadé Karajaan! Urang hayang terus ngandelkeun bingbingan Yéhuwa sangkan paham kana nubuat Alkitab. Urang yakin yén dina waktuna, Mantenna bakal ngabantu urang ”nyaraho kana sagala hal anu saestu”!​—Yoh. 16:13.

KAWIH 97 Hirup Gumantung kana Firman Allah

^ par. 5 Salila mangtaun-taun, urang boga pamahaman yén nubuat nu dicatet dina Yoel pasal 1 jeung 2 téh ngamaksudkeun pangwawaran dina jaman kiwari. Tapi aya opat alesan ku naon urang kudu ngarobah pamahaman urang ngeunaan nubuat Yoél ieu. Naon waé?

^ par. 3 Contona, tingali artikel ”Hikmat Yehuwa Nyata dari Karya Ciptaan” dina Menara Pengawal 15 April 2009, par. 14-16.