Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 46

Kajadian di Gunung Karmél

Kajadian di Gunung Karmél

Raja-raja nu maréntah sapuluh kaom Israil téh loba nu jahat. Salah sahiji nu pangjahatna téh Ahab. Ahab nikah jeung awéwé telenges nu nyembah Baal, ngaranna Isebél. Gara-gara Ahab jeung Isebél, Israil pinuh ku pamujaan Baal. Nabi-nabi Yéhuwa ogé dipaéhan. Naon tindakan Yéhuwa? Yéhuwa ngutus Nabi Élias ka Raja Ahab.

Élias méré nyaho Ahab yén sabab kajahatan manéhna, hujan moal turun-turun di Israil. Tilu taun leuwih, pepelakan teu tumuwuh. Jalma-jalma jadi kalaparan. Terus, Yéhuwa ngutus Élias deui ka Ahab. Ceuk Ahab, ’Hé, tukang nyusahkeun! Ieu kabéh gara-gara manéh!’ Élias ngajawab, ’Lain abdi nu nyababkeun ieu, tapi ku sabab Raja nyembah Baal. Hayu buktikeun saha Allah nu bener. Titah urang Israil jeung nabi-nabi Baal ngarumpul di puncak Gunung Karmél.’

Sanggeus jalma-jalma ngarumpul, Élias ngomong, ’Pék pikirkeun. Mun Allah nu bener téh Yéhuwa, geura narurut ka Yéhuwa. Tapi mun Baal, sok narurut ka Baal. Hayu urang buktikeun. Ayeuna, jig titah 450 nabi Baal méré kurban jeung ngadoa ka allahna. Urang gé bakal méré kurban jeung ngadoa ka Yéhuwa. Allah nu bener bakal ngaduruk kurbanna.’ Jalma-jalma satujueun.

Nabi-nabi Baal méré kurban. Maranéhna ngadoa ka allahna sapoéeun, ’Nun Baal, mugi ngajawab!’ Euweuh jawaban ti Baal, jadi Élias ngabanyolan Baal. Ceuk Élias, ’Tarikan doana! Baal keur saré meureun, kudu dihudangkeun!’ Nabi-nabi Baal teterusan ngadoa nepi ka peuting. Tapi, teu aya jawaban.

Élias neundeun kurbanna dina altar, prak éta kurban dibanjuran cai mani cipruk. Élias ngadoa, ’Nun Yéhuwa, mugi jalma-jalma nyaho Gusti téh Allah nu bener.’ Gur Yéhuwa ngadatangkeun seuneu ti langit, ngaduruk éta kurban. Jalma-jalma sarurak, ’Yéhuwa Allah nu bener téh!’ Élias ngomong, ’Téwak nabi-nabi Baal! Ulah aya anu kabur!’ Poé éta, 450 nabi Baal dipaéhan.

Pas aya méga leutik di luhureun laut, Élias ngomong ka Ahab, ’Geuwat balik numpak karéta, bisi kapegat hujan gedé.’ Langit mani poék pisan, angin ngagelebug, breg hujan gedé turun! Ahirna, halodo panjang eureun. Ahab rurusuhan numpak karéta, indit sagancang-gancangna. Ku bantuan Yéhuwa, Élias lumpat tarik pisan, nyusul miheulaan karéta Ahab. Tapi naha enya masalah Élias geus bérés? Hayu urang bahas.

”Supados maranehna ngarasa, yen mung Gusti nu jumeneng [Yéhuwa], anu murbeng sakuliah jagat.”​—Jabur 83:19