Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 32

Pamingpin Anyar jeung Dua Awéwé Wani

Pamingpin Anyar jeung Dua Awéwé Wani

Sanggeus mangtaun-taun mingpin umat Yéhuwa, Yosua maot dina umur 110 taun. Waktu Yosua hirup kénéh, bangsa Israil ibadah ka Yéhuwa. Tapi sanggeus Yosua maot, maranéhna nyembah allah-allah urang Kanaan. Lantaran teu satia, Yéhuwa ngantep Raja Kanaan nu ngaranna Yabin pikeun nindes urang Israil. Urang Israil ménta tulung ka Yéhuwa. Jadi, Yéhuwa masihan pamingpin anyar, nyaéta Barak. Barak bakal ngabantu urang Israil ibadah deui ka Yéhuwa.

Nabiah nu ngaranna Débora diutus ka Barak. Manéhna mawa pesen ti Yéhuwa, ’Kumpulkeun 10.000 lalaki, datangan pasukan Yabin di Walungan Kison. Di ditu, Juragan bakal ngéléhkeun Siséra, panglima angkatan perang Yabin.’ Barak ngomong, ’Lamun Ibu teu milu, abdi moal indit.’ Débora ngajawab, ’Heug, abdi milu indit. Tapi, lain Juragan nu bakal maéhan Siséra. Yéhuwa ngomong yén Siséra bakal dipaéhan ku awéwé.’

Débora indit ka Gunung Tabor bareng jeung Barak sarta pasukanana nu siap-siap rék perang. Waktu Siséra nyaho, manéhna langsung ngumpulkeun pasukan jeung karéta perangna ka suku gunung. Ceuk Débora ka Barak, ’Poé ieu Yéhuwa bakal nyieun Siséra taluk ka Juragan.’ Bral Barak sarta 10.000 pasukanana indit ka suku gunung, nyerbu pasukan Siséra nu kuat.

Walungan Kison disina banjir ku Yéhuwa, jadi karéta-karéta perang Siséra mandeg ku leutak. Pasukan Siséra éléh ku Barak jeung pasukanana, tapi Siséra ngajleng tina karétana, ngabecir kabur. Manéhna nyumput di kémah saurang awéwé nu ngaranna Yaél. Ku Yaél diasongan susu jeung disimbutan. Lantaran capé, reup Siséra saré tibra. Lalaunan Yaél nyampeurkeun Siséra, terus nancebkeun patok kémah ka sirah Siséra! Siséra paéh.

Barak masih néangan Siséra nu kabur. Jol Yaél kaluar kémah bari ngomong, ’Tingali geura ka jero, aya jalma nu ditéangan ku Juragan.’ Pas asup, Barak ningali Siséra geus ngajoprak paéh. Barak jeung Débora nyanyi muji Yéhuwa sabab geus ngunggulkeun Israil. Salila 40 taun Israil hirup tengtrem.

”PANGERAN ngaluarkeun parentah-Na, para wanita ngembarkeun wartana.”​—Jabur 68:12