Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Surat ti Badan Pingpinan

Surat ti Badan Pingpinan

Sadérék ’kuduna jaradi guru’. (Ibr. 5:12) Bayangkeun, Yéhuwa, Guru nu panghebat-Na sajagat raya, ngondang urang pikeun ngajar batur ngeunaan diri-Na! Tugas pikeun ngajarkeun bebeneran ngeunaan Yéhuwa, boh di kulawarga boh di sidang boh dina dines, mangrupakeun hak istiméwa jeung tanggung jawab nu gedé. Jadi, kumaha supaya urang bisa suksés?

Jawabanana aya dina kekecapan nu ditulis Rasul Paulus ka Timoteus, ”Kudu leukeun, boh dina maca Kitab Suci, boh dina mepelingan ka dulur-dulur sakapercayaan, boh dina pangajaran.” Paulus nuluykeun, ”Sabab eta teh matak jamuga, boh keur hidep pribadi, boh keur batur anu balalener ngabandunganana ka hidep.” (1 Tim. 4:13, 16, Sunda Formal) Sadérék boga warta kasalametan pikeun diuarkeun. Jadi, ningkatkeun kamampuh pikeun maca jeung ngajar téh penting. Brosur ieu dijieun pikeun ngabantu Sadérék. Pék perhatikeun sababaraha fitur alus dina brosur ieu.

Ayat nu disebutkeun dina unggal kaca téh nyaéta conto ngalarapkeun palajaran nu keur dibahas atawa prinsip Alkitab ngeunaan palajaran éta

Yéhuwa téh Guru Nu Agung nu ’maparin pituduh’. (Yes. 30:20) Sanajan brosur ieu bisa ngabantu Sadérék leuwih tarampil maca jeung ngajar, ulah poho yén Sumber warta urang jeung nu narik jalma-jalma ka bebeneran téh Yéhuwa. (Yoh. 6:44) Ku kituna, sing getol ngadoa nyuhunkeun roh suci-Na. Sing sering ngagunakeun Firman Allah. Upayakeun sangkan perhatian jalma-jalma téh ka Yéhuwa lain ka Sadérék. Bantu batur sangkan kageuing haténa pikeun mikanyaah Mantenna.

Sadérék geus diondang pikeun ngajarkeun warta nu pangpentingna keur manusa. Urang yakin lamun Sadérék ”dipaparin tanaga ku Allah”, Sadérék bakal suksés.​—1 Pet. 4:11

Nu jadi guru bareng Sadérék,

Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa