Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 7

Bener jeung Bisa Dipercaya

Bener jeung Bisa Dipercaya

Lukas 1:3

RINGKESAN: Gunakeun sumber katerangan nu bisa dipercaya sangkan batur bisa nyieun kasimpulan nu bener.

CARANA:

  • Téangan jeung paké sumber nu bisa dipercaya. Omongan Sadérék kudu dumasar kana Firman Allah, sabisa-bisa baca langsung tina Alkitab. Lamun Sadérék rék nyebutkeun fakta ilmiah, laporan berita, pangalaman, atawa bukti séjén nu bisa ngadukung, pariksa heula sumberna pikeun mastikeun yén éta bener jeung bisa dipercaya.

  • Gunakeun sing bener. Jelaskeun ayat luyu jeung kontéksna, luyu jeung sakabéh eusi Alkitab, sarta luyu jeung publikasi ti ”gandek satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45) Lamun Sadérék rék ngagunakeun sumber nu lain ti organisasi, éta kudu luyu jeung kontéks aslina sarta maksud nu nulis.

  • Ajak batur mikir. Sanggeus macakeun ayat atawa nyebutkeun hiji sumber, béré pananya, conto, atawa ibarat nu ngabantu batur nyieun kasimpulan sorangan.