Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 62

Kawih nu Anyar

Kawih nu Anyar

(Jabur 98)

  1. 1. Haté gumbira, nyanyikeun kawih nu anyar.

    Kawasa Yéhuwa, émbarkeun ka dunya.

    Kabéh lampah-Na némbongkeun kaunggulan-Na.

    Adil satemenna,

    Yéhuwa maréntah.

    (REFREIN)

    Nyanyikeun

    Kawih anu anyar!

    Nyanyikeun,

    Huwa jadi raja!

  2. 2. Geura sarurak, puji Yéhuwa Sang Raja!

    Kalawan sumanget, agungkeun nami-Na.

    Yu urang ngawih, gederkeun surak ka Gusti,

    Dipirig tarompét

    jeung sora kacapi.

    (REFREIN)

    Nyanyikeun

    Kawih anu anyar!

    Nyanyikeun,

    Huwa jadi raja!

  3. 3. Ombak lautan gumuruh muji Yéhuwa.

    Ciptaan di bumi ngawihkeun pujian.

    Hé, pasir-pasir, pék nyaranyi reujeung suka!

    Walungan kaleprok

    mashurkeun Pangéran.

    (REFREIN)

    Nyanyikeun

    Kawih anu anyar!

    Nyanyikeun,

    Huwa jadi raja!

(Tingali ogé Jab. 96:1; 149:1; Yes. 42:10.)