Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 146

Kabéh Jadi Anyar

Kabéh Jadi Anyar

(Wahyu 21:​1-5)

  1. 1. Ayeuna geus jelas tanda-tandana,

    Putra Yéhuwa geus jadi Raja.

    Putra unggul perang di sawarga,

    Kahoyong Allah téréh laksana.

    (REFREIN)

    Bungah urang salawasna,

    Allah nyarengan manusa.

    Teu aya deui kasangsaraan,

    Maot, sedih, kanyeri geus sirna.

    Firman Yah, ’Ténjo, kabéh alanyar!’

    Jangji-Na jadi nyata.

  2. 2. Ténjo Yérusalém Anyar nu mulya,

    Kota nu dicaangan ku Huwa,

    Jadi panganténna Anak Domba,

    Dianggoanan batu permata.

    (REFREIN)

    Bungah urang salawasna,

    Allah nyarengan manusa.

    Teu aya deui kasangsaraan,

    Maot, sedih, kanyeri geus sirna.

    Firman Yah, ’Ténjo, kabéh alanyar!’

    Jangji-Na jadi nyata.

  3. 3. Kota nu éndah mawa suka bungah,

    Beurang peuting lawangna maruka,

    Caangna ngempray ka kabéh bangsa.

    Hé, umat Yah, témbongkeun caangna.

    (REFREIN)

    Bungah urang salawasna,

    Allah nyarengan manusa.

    Teu aya deui kasangsaraan,

    Maot, sedih, kanyeri geus sirna.

    Firman Yah, ’Ténjo, kabéh alanyar!’

    Jangji-Na jadi nyata.