Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 126

Waspada, Sing Pengkuh, tur Kuat!

Waspada, Sing Pengkuh, tur Kuat!

(1 Korinta 16:13)

  1. 1. Waspada, sing pengkuh iman,

    Sing tabah tur satia.

    Ulah sieun ku ancaman,

    Terus taat ka Putra.

    Anjeunna anu mingpin urang,

    Pastina urang bakal meunang.

    (REFREIN)

    Waspada, sing pengkuh, tur kuat!

    Nepi ahir satia!

  2. 2. Waspada, sing tetep sadar,

    Siap taat paréntah.

    Jalankeun pituduh Kristus

    Liwat gandék satia.

    Naséhat ti kokolot sidang

    Ngabingbing tur nguatkeun urang.

    (REFREIN)

    Waspada, sing pengkuh, tur kuat!

    Nepi ahir satia!

  3. 3. Waspada, kudu ngahiji,

    Bebeneran lampahkeun.

    Sanajan Iblis ngalawan,

    Umat Yah moal sieun.

    Wartakeun ka jalma sadunya,

    Poé Yéhuwa méh laksana.

    (REFREIN)

    Waspada, sing pengkuh, tur kuat!

    Nepi ahir satia!