Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 104

Kurnia Roh Suci

Kurnia Roh Suci

(Lukas 11:13)

  1. 1. Ama Yéhuwa, nu welas asih,

    Ama paham ka diri abdi.

    Ama masihan roh katengtreman,

    Ngangkat abdi tina kalaraan.

  2. 2. Abdi sadaya rumasa dosa,

    Osok nyimpang jauh ti Ama.

    Abdi ngadoa, nyambat ka Gusti,

    Pasihan roh nu ngabingbing abdi.

  3. 3. Waktu abdi lemah, taya daya,

    Abdi ménta pitulung Ama.

    Pasihan abdi roh suci Ama

    Sangkan abdi kuat lir galudra.