Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 10

Puji Sukur ka Yéhuwa!

Puji Sukur ka Yéhuwa!

(Jabur 145:12)

  1. 1. Puji Yah! Puji Yéhuwa!

    Mulyakeun nami Mantenna!

    Élingan sakabéh jalma,

    Geus téréh poéna Yéhuwa.

    Yéhuwa tos netepkeun waktuna

    Yésus Kristus jadi Raja.

    Mantenna bakal masihan berkah,

    Uarkeun ka mana-mana!

    (REFREIN)

    Puji Yah! Puji Yéhuwa!

    Mashurkeun ka sagala bangsa!

  2. 2. Puji Yah! Ngawih gumbira!

    Mashurkeun nami Mantenna!

    Sing wani sarta gumbira,

    Émbarkeun kaagungan Huwa!

    Sanajan hébat dadamelan-Na,

    Rama Huwa rendah haté.

    Sabab Mantenna pinuh kanyaah,

    Pamuji urang ditampi.

    (REFREIN)

    Puji Yah! Puji Yéhuwa!

    Mashurkeun ka sagala bangsa!

(Tingali ogé Jab. 89:28; 105:1; Yer. 33:11.)