Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya Ti Nu Maca

Pananya Ti Nu Maca

Ku naon 2 Samuel 21:7-9 nyebutkeun yén Daud ”nangtayungan Mepiboset” tapi ogé masrahkeun Mépibosét pikeun dipaéhan?

Waktu maca ayat ieu, meureun aya sababaraha jalma jadi bingung. Tapi, ayat-ayat ieu téh sabenerna nyaritakeun dua Mépibosét nu béda. Urang bisa meunang palajaran tina kisah ieu.

Raja Saul ti Israél téh boga tujuh anak lalaki jeung dua anak awéwé. Anak lalaki nu panggedéna téh nyaéta Yonatan. Ti selir nu ngaranna Rispa, Saul boga anak lalaki nu ngaranna Mépibosét. Tapi, Yonatan gé boga anak lalaki nu dingaranan Mépibosét. Jadi, Raja Saul téh boga anak lalaki jeung incu nu sarua ngaranna.

Sakali waktu, Raja Saul téh ngéwa ka urang Gibéon jeung hayang maéhan maranéhanana. Éta téh jelas-jelas salah. Ku naon? Mun urang inget-inget deui ka jaman Yosua, urang Israél téh nyieun perjangjian pikeun rukun jeung urang Gibéon.​—Yos. 9:3-27.

Sabenerna perjangjian ieu téh masih terus lumangsung nepi ka jaman Raja Saul. Tapi lainna nedunan jangji ieu, raja téh kalah ka hayang ngabasmi urang Gibéon. Saul jeung kulawargana téh nyieun kasalahan lantaran geus maéhan urang Gibéon. (2 Sam. 21:1) Ka dieunakeun, Daud jadi raja. Urang Gibéon nu salamet ngadukeun ngeunaan hal ieu ka Daud. Jadi, Daud nanyakeun kumaha carana pikeun nebus kasalahan Saul nu teungteuingeun ieu. Daud ngalakukeun ieu téh supaya nagrina diberkahan ku Yéhuwa. Tapi, urang Gibéon henteu ménta duit. Maranéhna ménta Daud masrahkeun tujuh urang ti turunan Saul anu lalaki, lantaran Saul nu nyieun rencana pikeun ”ngabasmi” urang Gibéon. (Bil. 35: 30, 31) Maranéhna hayang tujuh urang ieu digantung jeung dipaéhan. Ku Daud paménta maranéhna dikabulkeun.​—2 Sam. 21:2-6.

Ka dieunakeun, Saul jeung Yonatan tiwas di medan perang, tapi ari Mépibosét anak Yonatan mah hirup kénéh. Mépibosét téh pincang gara-gara pas leutik manéhna pernah labuh. Jadi, moal mungkin manéhna pipilueun basa akina nyerang urang Gibéon. Lantaran Daud nyobat jeung Yonatan, Daud nyieun jangji di antara maranéhna. Éta perjangjian téh mawa mangpaat keur turunan Yonatan, kaasup Mépibosét anak lalakina. (1 Sam. 18:1; 20:42) Kisahna nyaritakeun, ”Daud nangtayungan Mepiboset putra Yonatan putu Saul, sabab emut kana ikrar suci antara anjeunna jeung Yonatan.”​—2 Sam. 21:7.

Tapi, Daud tetep nyumponan paménta urang Gibéon. Manéhna masrahkeun dua anak lalaki Saul, nu salah sahijina téh ngaranna Mépibosét, jeung lima incu lalaki Saul. (2 Sam. 21:8, 9) Ku kituna, masalah di nagrina réngsé.

Kisah ieu lain ngan saukur sajarah hungkul. Hukum Allah téh jelas. Di ditu disebutkeun, ”Anak teu meunang dipaehan ku karana kajahatan kolot.” (Pam. 24:16) Jadi Yéhuwa moal ngidinan dua anak lalaki jeung lima incu lalaki Saul dipaéhan lamun maranéhna teu boga salah. Hukum éta gé nyebutkeun, ”Jalma kudu dipaehan teh ngan ku karana kajahatanana sorangan.” Katingalina, tujuh urang nu dipaéhan ieu téh pipilueun basa Saul rék ngabasmi urang Gibéon. Akibatna, maranéhna kudu mayar kasalahanana sorangan.

Kisah ieu ngajarkeun yén saurang jalma teu bisa dibébaskeun ti kasalahanana sanajan manéhna ngan nuturkeun paréntah batur. Aya kekecapan nu bijaksana nyebutkeun, ”Pikir heula sing asak anu arek dipigawe, tangtu sagala anu diusahakeun teh bakal hade jadina.”​—Sil. 4:24-27; Éf. 5:15.