Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Karajaan Ama Mugi Rawuh”—Doa nu Sering Diulang ku Loba Jalma

”Karajaan Ama Mugi Rawuh”—Doa nu Sering Diulang ku Loba Jalma

Naha anjeun pernah ngadoakeun sangkan Karajaan Allah geura datang? Salila mangabad-abad jutaan jalma sering pisan ngulang doa ”Karajaan Ama mugi rawuh”. Ku naon jalma-jalma ngadoakeun hal éta? Lantaran Nabi Isa nitah murid-muridna pikeun ngadoakeun Karajaan Allah.

Mimitina, murid-murid Isa teu paham naon Karajaan Allah nu dimaksud ku Isa. Maranéhna nanya ka Isa, ”Juragan téh rék mulihkeun pamaréntahan di Israél ayeuna?” Bisa jadi, maranéhna héran lantaran Isa teu méré jawaban nu jelas iraha éta Karajaan bakal ngadeg. (Kisah 1:6, 7) Mun kitu, naha urang bisa ngarti naon Karajaan Allah téh jeung iraha datangna? Tangtu!

Majalah Warta Hadé ieu bakal mantuan urang meunangkeun jawaban tina pananya-pananya:

  • Ku naon urang butuh Karajaan Allah?

  • Saha rajana Karajaan Allah téh?

  • Iraha Karajaan Allah bakal maréntah di ieu dunya?

  • Naon nu bakal dilakukeun ku Karajaan Allah?

  • Ku naon urang hayang ngadukung Karajaan Allah ti ayeuna?

  • Naon Karajaan Allah téh?