Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kaayaan di kelas di Sekolah Gilead taun 2017

SUMBANGAN SADÉRÉK DIPAKÉ KEUR NAON WAÉ?

Sekolah Gilead—Mangpaatna keur Sakuliah Dunya

Sekolah Gilead—Mangpaatna keur Sakuliah Dunya

1 DÉSÉMBER 2020

 Unggal taunna, aya sababaraha palayan sapinuh waktu husus ti sakuliah dunya nu diondang pikeun milu Sekolah Alkitab Gilead Menara Pengawal di Pusat Pendidikan Menara Pengawal di Patterson, New York. a Di sakola ieu, para siswa diajar supaya bisa leuwih tarampil ngajalankeun tugas di organisasi Yéhuwa. Palatihan ieu gé bisa ngabantu maranéhna pikeun nguatkeun sidang-sidang sarta kantor cabang di sakuliah dunya.

 Para siswa Sekolah Gilead téh asalna ti rupa-rupa nagri. Misalna, kelas ka-147 nu diayakeun taun 2019, aya 56 siswa nu asalna ti 29 nagri. Siswa-siswa nu milu Gilead téh nyaéta palayan sapinuh waktu husus nu ngawula sabagé anggota Bétel, pangawas wilayah, utusan injil, atawa panaratas istiméwa.

 Saacan sakolana dimulai, aya loba hal nu kudu disiapkeun. Misalna, Departemen Perjalanan di Kantor Pusat kudu meulikeun tikét pesawat keur siswa-siswa nu diondang ka sakola ieu. Contona dina kelas nu ka-147, biaya tikét pesawat bolak-balik unggal siswa téh 1.075 dolar AS (kira-kira 16 juta rupiah). Para siswa ti Kapuloan Solomon kudu opat kali numpak pesawat supaya bisa nepi ka Patterson. Tuluy, pas balikna maranéhna kudu tilu kali numpak pesawat. Jadi maranéhna kudu nempuh perjalanan sajauh 35.400 kilométer! Total biaya tikét pesawat unggal siswana téh 2.300 dolar AS (kira-kira 34,5 juta rupiah). Pikeun ngahémat biaya, Departemen Perjalanan ngagunakeun program komputer supaya bisa meunang tikét nu pangmurahna. Sanajan tikétna geus dipesen, program komputer éta bakal terus néangan tikét nepi ka mangminggu-minggu malahan nepi ka mangbulan-bulan, sugan meunang harga nu leuwih murah deui. Departemen Perjalanan gé ngagunakeun sumbangan kredit penerbangan jeung poin keur meuli tikét.

 Loba siswa kudu boga visa supaya bisa asup ka Amerika Serikat. Ku kituna, Departemen Hukum di Kantor Pusat ngabantu maranéhna supaya bisa meunangkeun visa palajar. Biaya ngadaptar jeung biaya visa unggal siswa téh 510 dolar AS (kira-kira 7,5 juta rupiah).

 Para lulusan Gilead ieu téh méré mangpaat naon keur urang? Aya salaki pamajikan lulusan Gilead nu ditugaskeun ka hiji sidang di Indonesia. Saurang kokolot di éta sidang nu ngaranna Hendra Gunawan ngomong, ”Baheula mah di sidang urang téh euweuh panaratas biasa. Tapi, sanggeus salaki pamajikan lulusan Gilead datang, sadérék-sadérék di sidang jadi sumanget jeung miluan naratas. Malah mah, aya sadérék istri nu miluan Sekolah bagi Penginjil Kerajaan!”

 Sadérék Sergio Panjaitan osok digawé bareng jeung lulusan Gilead di kantor cabang Indonesia. Manéhna nyarita, ”Mangpaat ti palatihan nu ditarima ku maranéhna téh teu ngan saukur dirasakeun ku maranéhna hungkul, tapi urang gé ngarasakeun mangpaatna. Maranéhna téh geus diajar loba hal! Tapi maranéhna henteu ngagulkeun diri, justru daék ngabagikeun naon nu geus diajarkeun. Urang jadi dikuatkeun pisan, jeung urang gé jadi hayang nyaritakeunana deui ka sadérék-sadérék séjén.”

 Kumaha sakola ieu dibiayaan? Liwat sumbangan pagawéan sakuliah dunya Loba sumbangan dibikeun liwat cara-cara nu dijelaskeun dina donate.jw.org. Sumbangan Sadérék téh geus ngadukung sakola ieu. Hatur nuhun Sadérék geus réla nyumbang.

a Bahan palajaran sakola ieu téh disusun jeung dirévisi ku Departemen Sekolah-Sekolah Teokratis. Maranéhna diawaskeun ku Panitia Pengajaran ti Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa. Instrukturna téh biasana ti departemén éta. Tapi sok aya ogé sadérék-sadérék séjén nu diondang pikeun ngajar, kaasup para anggota Badan Pingpinan.