Ngondang jalma-jalma ka pasamoan

JURNAL PASAMOAN KAGIATAN JEUNG KAHIRUPAN Oktober 2016

Conto Kecap Panganteur

Conto kecap panganteur brosur Kulawarga Sadérék Bisa Bagja jeung bebeneran Alkitab ngeunaan kaayaan nu maot. Jieun kecap panganteur Sadérék.

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH

’Kudu Ngandel ka Yéhuwa’

Siloka 3 ngayakinkeun urang yén Yéhuwa bakal ngaberkahan lamun urang ngandel ka Mantenna. Ti mana Sadérék yakin yén Sadérék bener-bener ngandel ka Mantenna?

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH

Jaga Haté Sadérék Sangkan Teu Nyimpang

Siloka 7 nyaritakeun saurang budak ngora nu ngalakukeun dosa lantaran haténa nyimpang tina papakon Yéhuwa. Naon palajaranana pikeun urang?

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH

Hikmat Leuwih Utama Ti Batan Emas

Ceuk Siloka 16, meunangkeun hikmat téh leuwih utama ti batan emas. Ku naon hikmat ti Allah téh istiméwa?

KAHIRUPAN KRISTEN

Cara Méré Koméntar nu Alus

Koméntar nu alus mawa mangpaat boh ka nu méré koméntar boh ka sidang. Siga kumaha koméntar nu alus téh?

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH

Upayakeun Hirup Rukun jeung Batur

Karukunan di antara umat Yéhuwa téh kudu diupayakeun. Firman Allah ngabantu urang sangkan teu keuheul deui jeung ngupayakeun karukunan.

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH

”Budak teh Papatahan Kumaha Kuduna Hirup”

Ku naon disiplin téh penting pikeun ngadidik budak? Dina Siloka 22 aya naséhat nu alus keur kolot.

KAHIRUPAN KRISTEN

Naha Sadérék Ngagunakeun Kartu JW.ORG?

Gunakeun kartu JW.ORG dina sagala kasempetan pikeun narik minat jalma-jalma kana Firman Allah jeung situs Internét urang.