Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | WAHYU 1-3

”Kami Nyaho Kumaha Panggawe Maneh”

”Kami Nyaho Kumaha Panggawe Maneh”

1:20; 2:1, 2

  • ”Tujuh bentang”: Para kokolot nu diistrénan, sarta bisa ogé ngamaksudkeun kabéh kokolot

  • ”Dina leungeun katuhu [Yésus]”: Béntang-béntang ieu diatur, dikawasaan, jeung dibingbing ku Yésus. Lamun aya kokolot nu perlu dikoréksi, Yésus bakal mastikeun yén éta kokolot meunang koréksi dina waktuna jeung ku cara nu cocog

  • ”Tujuh suku lampu emas”: Sidang-sidang Kristen. Saperti suku lampu di tabernakel nyaangan sakurilingna, sidang-sidang Kristen gé bakal jadi caang bebeneran ti Allah. (Mat 5:14) Yésus ”leumpang di antara” tujuh suku lampu, maksudna téh anjeunna merhatikeun sagala nu kajadian di unggal sidang