Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 4

Saha Allah téh?

Saha Allah téh?

LOBA allah nu disembah ku manusa. Tapi Kitab Suci ngajarkeun mung aya hiji Allah anu bener. Mantenna maha agung, langgeng, sarta taya babandinganana. Mantenna nyiptakeun saniskara nu aya di sawarga sareng di bumi, sarta Mantenna maparin kahirupan ka urang. Ku kituna, mung Mantenna nu kedah disembah ku urang.

Hukum nu dibikeun ka Musa mangrupakeun ”pesen-pesen anu ditepikeun ku para malaikat”

Allah seueur sebatanana, tapi jenengana-Na mung hiji nyaéta YÉHUWA. Allah masihan terang ka Musa, ”Sebutkeun yen anu ngutus maneh teh Kami, PANGERAN [Yéhuwa], a Allah panutan karuhunna, Allah panutan Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Kitu salalanggengna jenengan Kami teh; turunan anu bakal datang ari nyebut Kami teh kudu kitu.” (Budalan 3:15) Jenengan Yéhuwa aya kira-kira 7.000 kali dina Kitab Suci. Jabur 83:19 nyarioskeun ngeunaan Allah, ”mung Gusti nu jumeneng PANGERAN [Yéhuwa], anu murbeng sakuliah jagat”.

Naskah kuno Gulungan Laut Paéh ngamuat jenengan Allah

Teu aya manusa nu kungsi ningal Allah. Allah nyarios ka Musa, ”Pameunteu Kami mah moal ditembongkeun, sabab moal aya anu kuat nenjo, tangtu tiwas.” (Budalan 33:20) Allah linggih di sawarga sarta teu tiasa katingal ku soca manusa. Ku kituna, nyieun atawa ngadoa ka arca, gambar, atawa lambang Allah téh salah. Allah Yéhuwa maparin paréntah ka Musa, ”Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi. Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh.” (Budalan 20:2-5) Ka dieunakeun, ku jalan nabi Yésaya, Allah nyarios, ”Allah maneh teh ngan Kami, PANGERAN. Kaagungan Kami moal dibagikeun ka saha-saha, Kami moal ngantep arca kabagi kamashuran Kami.”​—Yesaya 42:8.

Sababaraha jalma nu percaya ka Allah bisa waé boga anggapan yén Mantenna teu bisa diwanohan sarta diraketan, kudu dipikasieun tibatan dipikanyaah. Kumaha pamendak Sadérék? Naha Allah maliré ka Sadérék? Naha Sadérék tiasa wanoh ka Mantenna, ogé rumaket ka Mantenna? Mangga urang tingal naon nu dicarioskeun Kitab Suci ngeunaan sipat-sipat Allah.

a Dina Kitab Suci basa Sunda, jenengan Allah nyaéta Yéhuwa, diganti ku sebatanana. Nanging, dina naskah aslina mah jenengan Allah aya rébuan kali.