Pindah kana eusi

Ku Naon Yésus Disebut Putra Allah?

Ku Naon Yésus Disebut Putra Allah?

Jawaban Alkitab

 Dina Alkitab, Yésus sering disebut ”Putra Allah”. (Yohanes 1:49) Ungkapan ”Putra Allah” nunjukkeun yén Allah téh Sumber atawa Nu Nyiptakeun kahirupan, kaasup kahirupanana Yésus. (Jabur 36:10; Wahyu 4:11) Alkitab teu ngajarkeun Allah téh bener-bener boga anak cara manusa.

 Dina Alkitab, malaikat ogé disebut ”putra-putra Allah”. (Ayub 1:6, Terjemahan Dunia Baru) Salian ti éta, Adam, manusa nu mimiti gé disebut ”putra Allah”. (Lukas 3:38) Tapi, lantaran Yésus téh ciciptaan nu mimiti jeung langsung diciptakeun ku Allah, Alkitab ngajelaskeun yén Yésus téh Putra Allah nu pangutamana.

 Naha Yésus hirup di sawarga saacan dilahirkeun ka dunya?

 Enya. Saacan dilahirkeun ka dunya, Yésus hirup sabagé mahluk roh di sawarga. Ceuk Yésus, ”Kami datang ti sawarga.”—Yohanes 6:38, Sunda Formal (SF); 8:23.

 Allah nyiptakeun Yésus saacan nyiptakeun nu lianna. Alkitab nyebutkeun Yésus sabagé:

 Nubuat Alkitab ngeunaan pribadi ”anu memang geus aya asal-usulna ti jaman baheula” laksana dina diri Yésus.—Mika 5:1; Mateus 2:4-6.

 Naon nu dilakukeun ku Yésus saacan datang ka dunya?

 Anjeunna boga kadudukan nu luhur di sawarga. Yésus sacara teu langsung nyebutkeun kadudukanana waktu ngadoa, ”Mugi kamulyaan Abdi anu kapungkur . . . dipaparinkeun deui, nya eta kamulyaan Abdi anu sami-sami jadi kamulyaan Ama ti memeh dunya dijadikeun.”—Yohanes 17:5.

 Anjeunna mantuan Bapana dina nyiptakeun sagala hal. Yésus gawé bareng jeung Allah sabagé ”ahli adegan”. (Siloka 8:30) Ngeunaan Yésus, Alkitab nyebutkeun, ”Ku Anjeunna Allah ngajadikeun saniskara nu aya di langit jeung di bumi.”—Kolosa 1:16.

 Yésus digunakeun ku Allah pikeun nyieun ciciptaan séjénna. Ieu kaasup para malaikat jeung jagat raya. (Wahyu 5:11) Hubungan antara Allah jeung Yésus bisa diibaratkeun saperti arsiték jeung kontraktor. Arsiték nu nyieun rancanganana, kontraktor nu nyieun wangunanana dumasar kana rancangan arsiték.

 Anjeunna téh Firman. Ngeunaan kahirupan Yésus saacan jadi manusa, Alkitab nyebut anjeunna téh ”Pangandika” atawa Firman. (Yohanes 1:1) Ieu hartina Allah ngagunakeun Putra-Na pikeun nepikeun informasi atawa pituduh ka mahluk-mahluk roh séjénna.

 Katingalina, Yésus ogé digunakeun ku Allah pikeun nepikeun informasi ka umat manusa. Bisa jadi sabagé Firman, Yésus digunakeun ku Allah pikeun méré pituduh ka Adam jeung Hawa di Taman Éden. (Kajadian 2:16, 17) Bisa jadi, Yésus téh malaikat nu ngabingbing bangsa Israil ngaliwatan gurun keusik jeung nu paréntahna kudu diturut.—Budalan 23:20-23. a

a Firman téh lain hiji-hijina malaikat nu digunakeun ku Allah pikeun nepikeun cariosana-Na. Salian ti Putra cikal-Na, Mantenna ogé ngagunakeun putra atawa malaikat séjénna pikeun nepikeun Hukum ka bangsa Israil kuno.—Rasul 7:53; Galata 3:19; Ibrani 2:2, 3.