Pindah kana eusi

PÉK CONTO IMAN MARANÉHNA | AYUB

”Kuring Moal Ngaleupaskeun Kasatiaan Kuring!”

”Kuring Moal Ngaleupaskeun Kasatiaan Kuring!”

 Pék bayangkeun, aya saurang lalaki nu keur diuk di handap, awakna pinuh ku bisul. Manéhna ngan sorangan baé. Sirahna tungkul ka handap, awakna leuleus, ngagebah laleur gé euweuh tanaga. Pikeun nandakeun kasedihna, manéhna diuk dina lebu. Manéhna gagaro awakna maké wadah tina taneuh liket nu geus peupeus. Ieu béda pisan jeung kaayaan manéhna baheula nu dihormat ku loba jalma. Ayeuna mah manéhna disapirakeun ku babaturan, tatangga, jeung kulawargana. Malah, ku budak leutik gé diléléwé. Manéhna mikir geus ditinggalkeun ku Yéhuwa, Allahna. Tapi, éta téh salah.—Ayub 2:8; 19:18, 22.

 Ngaran manéhna téh Ayub. Allah resep ka Ayub, nepi ka ngomong, ”Di sajagat taya deui nu satia jeung ibadahna cara manehna.” (Ayub 1:8) Sababaraha abad sanggeusna gé, Yéhuwa tetep nganggap Ayub jelema nu soléh pisan.—Yeheskel 14:14, 20.

 Naha Sadérék ogé keur nalangsa atawa katiban masalah? Kisah hirup Ayub ieu bisa nguatkeun Sadérék. Urang gé bakal ningali sipat penting nu kudu dipiboga ku hamba Allah, nyaéta kasatiaan. Sipat ieu dipiboga ku saurang jalma nu sapinuh haté ngabakti ka Mantenna jeung tetep ngabakti sanajan dina kaayaan nu susah. Hayu urang diajar tina tuladan Ayub.

Ayub Teu Nyaho Sakabéhna

 Kisah hirup Ayub ieu kakara dicatet ku Musa sanggeus sababaraha lila Ayub maot. Salian nyaritakeun kajadian nu kaalaman ku Ayub di bumi, Musa gé diilhamkeun pikeun nyaritakeun naon nu harita kajadian di sawarga.

 Dina catetan Musa, mimitina dicaritakeun yén Ayub téh jelema nu bagja jeung puas hirupna. Manéhna cicing di Us, sigana di nagri Arab beulah kalér. Di ditu, hirupna makmur jeung dihormat ku batur. Manéhna sok nulungan jelema nu miskin jeung nu perlu bantuan. Ayub jeung pamajikanana gé boga sapuluh budak. Tapi nu pangpentingna, Ayub téh deukeut jeung Yéhuwa. Manéhna hayang nyenangkeun manah Yéhuwa, siga dulur jauhna nyaéta Ibrahim, Ishak, Yakub, jeung Yusup. Sarua siga maranéhna, Ayub sok méré kurban pikeun ngawakilan barudakna, sakumaha nu biasa dilakukeun ku imam.—Ayub 1:1-5; 31:16-22.

 Tapi, ujug-ujug aya nu ngarobah hirup Ayub. Dina Kitab Suci urang bisa maca aya kajadian di sawarga, nu harita Ayub teu nyaho. Harita, para malaikat ngarumpul di hareupeun Allah. Malaikat nu geus barontak nyaéta Sétan, miluan ogé. Yéhuwa apal Sétan ngéwa ningali Ayub nu soléh. Jadi, Allah muji Ayub nu kacida soléhna di hareupeun Sétan. Tapi si Sétan balik nangtang, ”Kumaha lamun teu dibere naon-naon, daekeun gumusti? Pan ku Anjeun sakitu dipukpruk-pukprukna sakulawarga, sagala pangabogana dijaga-jaga.” Sétan ijid ka jelema nu soléh jeung satia ka Allah. Mun aya jalma nu ngabakti sapinuhna ka Allah Yéhuwa, éta jadi bukti yén Sétan téh tukang ngahianat jeung ngan mikirkeun diri sorangan. Jadi, Sétan gé nuduh yén Ayub téh ngabakti ka Allah ngan lantaran aya untungna. Sétan yakin mun Ayub kaleungitan kabéh pangabogana, manéhna bakal nyumpahan Yéhuwa.—Ayub 1:6-11.

 Ayub teu nyaho kajadian di sawarga éta. Tapi, Yéhuwa percaya jeung méré kasempetan ka Ayub pikeun ngabuktikeun yén Sétan téh salah. Yéhuwa ngidinan Sétan pikeun nyokot sakabéh pangabogana, asal ulah nyawana. Sétan mani sumanget ngarancang siasat jahatna. Ngan dina sapoé, Ayub ditibanan ku loba musibat nu teungteuingeun. Mimiti ti ingon-ingonna. Sapi, kaldé, domba, jeung onta paéh kabéh. Nu leuwih parah, tukang jagana gé dipaéhan. Salah sahiji tukang jagana ngomong yén domba jeung para tukang jaga séjénna paéh ”dibentar gelap”, atawa kilat, ku Allah. Can ogé Ayub sempet mikiran para tukang jagana nu paéh jeung kaayaanna nu ngadadak jadi miskin, ayeuna manéhna geus katiban deui hiji musibah nu pangbeuratna. Kabéh sapuluh barudakna maot! Éta kajadian pas barudakna keur ngumpul di imah budak nu pangkolotna. Ujug-ujug aya topan ngagelebug, imahna ambrug, jeung kabéhanana tiwas.—Ayub 1:12-19.

 Sigana susah ngabayangkeun mun urang nu jadi Ayub. Saking aralna, manéhna nyoékkeun bajuna sorangan, ngagundulan buukna, tuluy brug ragrag kana taneuh. Disangkana gé Allah nu nyokot kabéh nu geus dibikeun ka manéhna. Sétan téh licik, manéhna nyieun éta kabéh katingalina siga Allah nu nyababkeunana. Tapi teu siga nu disangka Sétan, Ayub tetep henteu nyumpahan Allah. Malah Ayub ngomong, ”Mugi Pajenengana-Na tetep dijungjung.”—Ayub 1:20-22.

Ayub teu nyaho yén Sétan nuduh manéhna di hareupeun Allah

”Pasti Nyumpahan ka Anjeun”

 Sétan ngamuk jeung embung nyerah. Waktu para malaikat ngumpul deui di hareupeun Yéhuwa, Sétan ogé datang deui. Yéhuwa sakali deui mujikeun Ayub nu satia basa nyanghareupan serangan Sétan. Tapi Sétan némbalan, ’Jelema mah asal keur ngabelaan nyawana, tara lebar ku naon waé’. Coba ragana terapan siksa, harita keneh ge pasti nyumpahan ka Anjeun.” Sétan yakin Ayub bakal nyumpahan Allah lamun manéhna dibéré panyakit. Lantaran bener-bener percaya ka Ayub, Yéhuwa ngidinan Sétan nguji Ayub maké panyakit, asal ulah dipaéhan.—Ayub 2:1-6.

 Teu lila, kaayaan Ayub jadi siga nu dicaritakeun di awal artikel ieu. Bayangkeun kumaha parasaan pamajikanana. Manéhna nalangsa lantaran sapuluh budakna maot, ayeuna manéhna kudu ningali salakina nu teu walakaya nyanghareupan kasusahna. Ku lantaran geus aral, manéhna ngomong ka Ayub, ”Bade satuhu keneh bae ka Allah teh? Geura sumpahan Allah teh, terus pek pupus!” Ieu lain sipat pamajikan Ayub nu biasana. Ayub nganggap manéhna jadi kieu téh ku lantaran geus kaleungitan akal séhat. Tapi, Ayub tetep embung nyumpahan Allahna. Ayub teu ngaluarkeun kekecapan nu matak dosa.—Ayub 2:7-10.

 Naha Sadérék sadar kisah Ayub nu pikasediheun ieu téh aya hubunganana jeung Sadérék? Perhatikeun yén tuduhan Sétan téh lain ngan keur Ayub wungkul, tapi keur sakabéh manusa. Sétan ngomong, ’Jelema mah asal keur ngabelaan nyawana, tara lebar ku naon waé’. Jadi, Sétan yakin yén kabéh manusa moal bisa bener-bener satia ka Yéhuwa! Manéhna yakin pisan Sadérék teu bener-bener nyaah ka Allah, sarta bakal langsung ngahianat Allah demi kapentingan sorangan. Sacara teu langsung, Sétan nganggap Sadérék téh ngan mentingkeun diri sorangan, sarua siga manéhna! Naha Sadérék hayang ngabuktikeun manéhna téh salah? Urang masing-masing meunang kasempetan istiméwa pikeun ngajawab tuduhan éta. (Siloka 27:11) Hayu urang perhatikeun tangtangan Ayub nu saterusna.

Babaturan nu Henteu Ngalilipur

 Aya tilu lalaki nu kenal ka Ayub. Alkitab nulis yén maranéhna téh baturna Ayub. Basa ngadéngé Ayub keuna musibat, maranéhna datang ka Ayub pikeun ngalilipur. Maranéhna ti jauh geus ningali Ayub, tapi teu engeuheun yén éta téh Ayub. Ku lantaran panyakitna, Ayub saawak-awakna nyeri jeung kulitna ngahideungan, rupa Ayub gé jadi teu dikenal deui. Tilu lalaki éta téh nyaéta Élipas, Bildad, jeung Sopar. Pikeun nunjukkeun yén maranéhna ngiring sungkawa, maranéhna ngawurkeun lebu kana sirahna sorangan bari ceurik gogoakan. Tuluy, maranéhna diuk deukeut Ayub, tapi ngan cicing waé. Saminggueun maranéhna siga kitu bari teu ngomong nanaon. Maranéhna cicing téh lain ku lantaran hayang ngalilipur Ayub. Buktina, maranéhna teu nanyakeun kaayaan Ayub saeutik-eutik acan, tapi ngan saukur ningalikeun Ayub nu keur susah.—Ayub 2:11-13; 30:30.

 Ahirna Ayub mulai ngomong. Manéhna nyarita sakumaha nalangsa hirupna nepi ka ngutuk poé manéhna dilahirkeun. Ayub gé nyaritakeun naon nu paling nyababkeun kasedihna, disangkana ieu kabéh asalna ti Allah. (Ayub 3:1-3, 23) Mémang Ayub teu nepi ka pegat iman, tapi manéhna bener-bener butuh dililipur. Tapi waktu ngadéngé omongan babaturanana, Ayub ngarasa maranéhna kajeun cicing ti batan ngomong.—Ayub 13:5.

 Élipas nu ngamimitian ngomong. Katingalina manéhna nu pangkolotna sarta leuwih kolot ti batan Ayub. Tuluy, dua babaturanana gé miluan ngomong. Sabenerna maranéhna ngan saukur nuturkeun cara pikir Élipas. Maranéhna nepikeun pandangan jalma-jalma ngeunaan Allah nu katingalina bener. Contona, Allah negor jeung ngahukum jalma nu jahat sarta ngaberkahan ka nu bageur. Ti mimiti ogé, geus kaciri mun omongan maranéhna kalah ka leuwih ngabeungbeurat Ayub. Omongan Élipas siga nu bener, tapi justru kaliru. Manéhna sangeunahna nyimpulkeun yén ku lantaran Allah adil, Mantenna bakal ngahukum nu jahat. Jadi, ku sabab Ayub keur meunang bahla, manéhna nuduh yén Ayub pasti geus ngalakukeun dosa.—Ayub 4:1, 2, 7, 8; 5:3-6.

 Jadi, teu héran mun Ayub langsung nampik cara pikir maranéhna. (Ayub 6:25) Tapi tilu baturna nu rék ngalilipur ieu kalah ka beuki yakin yén Ayub geus nyumputkeun kasalahanana, jadi maranéhna nganggap Ayub pantes narima hukumanana. Élipas nyebut Ayub téh jalma nu adigung, jahat, sarta teu sieun ka Allah. (Ayub 15:4, 7-9, 20-24; 22:6-11) Sopar méré nyaho sangkan Ayub teu terus kangeunahan ngalakukeun kajahatan jeung dosa. (Ayub 11:1-3, 14; 20:5, 12, 13) Kitu ogé jeung Bildad, manéhna nepikeun kekecapan nu kejem pisan. Manéhna ngomong yén anak-anak Ayub pasti geus nyieun dosa, éta sababna barudak Ayub maot!—Ayub 8:4, 13.

Tilu babaturan Ayub lainna ngalilipur, kalah ka nganyenyeri manéhna

Kasatiaan Ayub Diuji!

 Babaturan Ayub nu boga pamikiran kaliru éta ngalakukeun hal nu leuwih parah. Maranéhna lain saukur nuduh Ayub teu satia ka Allah, tapi ogé nyebutkeun yén satia ka Allah téh teu aya gunana! Mimitina, Élipas nyarita ngeunaan mahluk roh. Cenah aya nu ngomong ka manéhna, ”Ku Allah taya anu dipercaya. Malah para malaikat, ku Mantenna kapendak aya cacadna.” Lamun kitu, éta hartina moal aya manusa nu nyenangkeun Allah! Éta cara pikir nu bahaya pisan, ku lantaran bisa megatkeun iman ka Allah. Tuluy, Bildad ngomong yén kasatiaan Ayub mah moal diperhatikeun ku Allah, teu aya bédana jeung bilatung!—Ayub 4:12-18; 15:15; 22:1-3; 25:4-6.

 Naha Sadérék pernah nyoba ngalilipur jalma nu keur susah? Éta teu gampang. Tapi, urang bisa diajar loba hal ti tilu babaturan Ayub, hususna nu teu meunang diomongkeun. Omongan ti tilu babaturan Ayub siga nu pinter jeung asup akal. Tapi maranéhna sama sakali teu rasrasan, ngaran Ayub gé teu disebut-sebut acan. Maranéhna teu nyadar geus nganyerikeun haté Ayub sarta teu ngarasa kudu leuwih lembut ka Ayub. a Jadi mun jalma nu Sadérék pikanyaah keur sedih, pék témbongkeun sipat nu lembut, sing perhatian jeung bageur ka manéhna. Sing upaya pikeun nguatkeun iman jeung kasatiaan manéhna, yakinkeun manéhna yén Allah téh nyaahan, welas asih, jeung bageur. Éta nu Ayub hayang lakukeun ka babaturanana nu keur nalangsa. (Ayub 16:4, 5, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Kumaha réaksi Ayub waktu babaturanana teterusan nuduh kasatianana?

Ayub Tetep Pengkuh

 Ayub nu nalangsa beuki aral ti saprak babaturanana mulai ngomong. Ti mimiti, Ayub ngaku yén manéhna sakapeung sok ”kalepasan omong” jeung siga jelema nu ”humandeuar” atawa pegat harepan. (Ayub 6:3, 26) Urang bisa paham alesanana. Ayub jadi siga kieu téh lantaran keur ngalaman kasusah nu teungteuingeun. Kekecapanana ogé nunjukkeun yén Ayub teu ngarti naon nu sabenerna keur disanghareupan. Ayub nyimpulkeun yén sumber masalahna téh nyaéta Yéhuwa, ku sabab kabéh nu kaalaman ku kulawargana téh ujug-ujug datang jeung di luar kasanggupan manusa. Jadi Ayub nyimpulkeun ngan ti pamikiran sorangan nu salah, padahal sabenerna aya kajadian penting nu manéhna teu nyaho,

 Sanajan kitu, Ayub téh boga iman nu pengkuh. Éta katingali tina jawaban Ayub ka babaturanana. Omonganana bener, éndah, jeung bisa nguatkeun urang kiwari. Waktu nyaritakeun ciciptaan nu luar biasa, Ayub ngajelaskeun yén manusa moal nyaho nanaon lamun ku Allah teu disingkabkeun. Contona, Ayub nyebutkeun yén Yéhuwa ”ngagantungkeun bumi di awang-awang nu suwung”. (Ayub 26:7) Hal éta kakara dipikanyaho ku para ilmuwan mangabad-abad sanggeusna. b Ayub ogé nyaritakeun harepan manéhna di mangsa kahareup, sarua jeung harepan nu dipimilik jalma-jalma nu saratia. Sanajan kudu maot, Ayub yakin yén Allah bakal inget ka manéhna, bakal sono ka manéhna, sarta bakal ngahirupkeun deui manéhna.—Ayub 14:13-15; Ibrani 11:17-19, 35.

 Ayeuna, kumaha jeung sual kasatiaan? Élipas jeung dua babaturanana yakin yén Allah teu paduli kana kasatiaan manusa. Naha Ayub langsung narima pamikiran siga kitu? Henteu! Ayub nandeskeun yén kasatiaan urang téh penting pikeun Allah. Ayub yakin jeung ngomong yén kasatiaan manéhna ”moal teu kauninga” ku Yéhuwa. (Ayub 31:6) Ayub ogé bisa ningali yén pamikiran babaturanana nu kaliru téh tujuanana pikeun nuduh kasatianana. Ieu nu ngageuing Ayub pikeun méré jawaban nu panjang jeung ampuh, nepi ka tilu babaturanana teu bisa ngajawab nanaon deui.

 Ayub paham yén kasatiaan manéhna téh kudu diupayakeun unggal poé. Jadi, Ayub ngajelaskeun kumaha cara manéhna bisa tetep satia dina lalampahanana. Contona, Ayub nampik pamujaan ka brahala. Manéhna gé sok nulungan jeung ngahargaan batur, ngajaga ahlak tetep bersih, sarta ngahargaan perkawinanana. Tapi, nu paling penting manéhna tetep satia ngabakti ka Allah nu sajati, Yéhuwa. Éta sababna Ayub bisa yakin ngomong, ”Kuring moal ngaleupaskeun kasatiaan kuring!”—Ayub 27:5, NW; 31:1, 2, 9-11, 16-18, 26-28.

Ayub embung ngaleupaskeun kasatianana

Pék Conto Imanna Ayub

 Naha Sadérék satuju kana pandangan Ayub ngeunaan kasatiaan? Ayub paham kasatiaan téh lain ngan saukur dina omongan, tapi ogé kudu dibuktikeun dina tindakan. Urang ngabuktikeun yén urang ngabakti sapinuh haté ka Allah ku cara satia ka Mantenna jeung ngalakukeun nu dipikaresep ku Mantenna unggal poé, kaasup dina kaayaan nu susah. Lamun éta dijalankeun, urang yakin bisa nyenangkeun Yéhuwa sarta ngéléhkeun musuhna, Sétan. Éta nu dilakukeun Ayub baheula. Ieu téh cara panghadéna dina nyonto iman Ayub.

 Tapi, kisah Ayub téh can anggeus. Manéhna pernah mopohokeun hal nu paling penting. Ayub kalah ka leuwih mikirkeun sangkan dirina dianggap bener, lainna ngajaga nami Allah. Manéhna perlu dipapatahan jeung dibantu sangkan paham kana cara pikir Allah. Salian éta Ayub ogé butuh kekecapan nu bener-bener ngalilipur, sabab manéhna masih ngalaman kasangsaraan nu kacida. Naon nu bakal Yéhuwa lakukeun ka lalaki nu boga iman jeung satia ieu? Jawabanana bakal dibahas dina artikel saterusna.

a Élipas justru ngarasa omongan manéhna jeung dua babaturanana téh geus lembut ka Ayub, bisa jadi lantaran pas ngomong sora manéhna teu tarik. (Ayub 15:11) Tapi kekecapan bisa jadi nganyenyeri jeung kejem, sanajan ditepikeun ku sora nu lembut.

b Numutkeun informasi nu aya ayeuna, urang nyaho yén kakara 3.000 taun sanggeus kekecapan ieu ditulis, para ilmuwan mulai nalungtik téori nu ngajelaskeun yén planét bumi téh teu disangga ku nanaon. Manusa kakara percaya kana kekecapan Ayub sanggeus aya potrét bumi ti luar angkasa.