KAHIRUPAN KRISTEN
Ulah Gedé Hulu, Ulah Sok Muji Diri Sorangan
SelLamun urang sok muji diri sorangan jeung sok pamér, éta téh tandana urang gedé hulu. Sikep éta bisa ngaleutikkeun haté batur. Alkitab méré naséhat, ”Utamana dipuji teh ku batur, . . . Ulah muji maneh.”—Sil 27:2.
TONGTON VIDÉO JADI SOBAT YÉHUWA—ULAH GEDÉ HULU, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
-
Biasana, batur sok nyombongkeun hal naon waé?
-
Kaleb nyombongkeun naon ka babaturanana?
-
Kumaha carana Bapa Kaleb ngabantu Kaleb ngarti kana pentingna sikep rendah haté?
-
Prinsip naon dina 1 Petrus 5:5 nu ngabantu urang jadi rendah haté?