Pindah kana eusi

Joseph Dikawal ku Pulisi

Joseph Dikawal ku Pulisi

 Lamun Sadérék Saksi Yéhuwa, naha kabayang ku Sadérék kumaha rasana ngawawarkeun warta hadé ti imah ka imah bari dikawal ku pulisi? Éta nu kaalaman ku Joseph di Mikronesia taun 2017.

 Manéhna jeung tilu Saksi séjén keur miluan kagiatan istiméwa pikeun ngawawar ka jalma-jalma di kapuloan nu mencil. Kira-kira tengah poé, opatanana nepi ka pulo leutik nu pendudukna kira-kira 600 jalma. Di basisir, maranéhna dibagéakeun ku walikota pulo éta. Joseph nyarita, ”Bapa walikota ngomong geus aya mobil pulisi nu bisa nganteur urang ka kabéh imah. Éta tawaran nu luar biasa, tapi ku urang ditolak ku cara nu sopan lantaran urang hayang ngadatangan jalma-jalma nu cara nu biasa, nyaéta ti imah ka imah.”

 Tuluy, maranéhna leumpang jeung ngawawar ka saloba-lobana jalma. Maranéhna nyarita, ”Jalma-jalmana téh soméah jeung resep ngadéngékeun warta urang, jadi di unggal imah ngobrolna leuwih lila.”

 Pas geus rada soré, aya mobil pulisi nu bulak balik ngaliwatan Joseph tuluy eureun pas katilu kalina. Para pulisi nanya naha Joseph rék dianteur ka imah-imah séjén nu masih kénéh kudu didatangan. Joseph nyarita, ”Tadina ku abdi ditolak, tapi ayeuna mah maranéhna keukeuh, bari ngomong, ’Waktuna saeutik deui, mending dianteur wéh.’ Abdi teu bisa nolak deui tawaran éta lantaran mémang masih aya imah-imah nu rék didatangan. Unggal geus deukeut ka hiji imah, maranéhna méré nyaho ngaran kulawarga di dinya jeung ngomong lamun teu aya nu mukakeun sanggeus pantona diketrok, ku maranéhna bakal diklakson.”

 Ku lantaran bantuan tambahan éta, para Saksi bisa ngadatangan kabéh imah. Maranéhna bisa méré sababaraha bacaan jeung nyieun jangji pikeun ngadatangan deui jalma-jalma nu minat.

 Pulisi-pulisi éta ngomong yén maranéhna ”resep pisan bisa ngabagikeun warta hadé”. Peutingna, waktu para Saksi rék indit ti pulo éta, para pulisi téh nganteur nepi ka basisir. Maranéhna ngagupayan bari seuri jeung nyekel bacaan Alkitab.