Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun ulang taun lantaran percaya yén perayaan ieu téh henteu nyenangkeun Allah. Mémang, Alkitab henteu langsung ngalarang perayaan ulang taun. Tapi, aya kisah ngeunaan ulang taun nu dicatet dina Alkitab nu ngabantu urang paham kumaha pandangan Allah kana hal éta. Pék perhatikeun opat hal ngeunaan perayaan ulang taun nu aya patalina jeung prinsip-prinsip Alkitab.

  1. Asal-usulna tina kabiasaan urang kapir. Buku Funk & Wagnalls Standard Dictionary of Folklore, Mythology, and Legend nyebutkeun perayaan ulang taun téh asalna tina kapercayaan jalma-jalma yén ”roh-roh jahat bisa nyilakakeun jalma nu keur ulang taun”. Buku éta ogé nyebutkeun, ”Mun babaturanana ngarumpul jeung ngucapkeun salamet, éta bisa nyalindungan jalma nu keur ulang taun”. Buku The Lore of Birthdays nyebutkeun yén di jaman baheula, tanggal lahir téh penting pisan pikeun ngaramalkeun kahirupan jalma dumasar kana élmu ramal béntang. Dina buku éta ogé disebutkeun, ”jalma-jalma percaya yén lilin ulang taun boga kakuatan gaib pikeun ngabulkeun paménta”.

    Tapi, Alkitab ngalarang urang ngalakukeun sihir, élmu ramal, élmu gaib, jeung hal-hal sarupa kitu. (Pamindo 18:14; Galata 5:19-21) Baheula, Allah téh ngahukum kota Babul kuno lantaran jalma-jalmana osok ngalakukeun élmu ramal béntang. (Yesaya 47:11-15) Mémang, Saksi-Saksi Yéhuwa teu mariksa kabéh asal-usul kabiasaan nu aya, tapi lamun aya pituduh nu jelas ti Alkitab, urang teu ngabaékeun hal éta.

  2. Urang Kristen abad kahiji henteu ngarayakeun ulang taun. Ceuk The World Book Encyclopedia, urang Kristen abad kahiji ”nganggap perayaan ulang taun téh sabagé kabiasaan kapir.” Alkitab nunjukkeun yén kabéh urang Kristen kudu nyonto tuladan ti jalma-jalma nu diajar langsung ku Yésus, saperti para rasul jeung murid-murid séjénna.—2 Tesalonika 3:6.

  3. Hiji-hijina poé nu kudu dirayakeun ku urang Kristen nyaéta poé pupusna Yésus, lain poé lahirna. (Lukas 22:17-20) Ieu luyu jeung ayat Alkitab nu nyebutkeun yén ”poean ajal leuwih hade ti batan poean wedal”. (Pandita 7:1) Dina ahir hirupna di bumi, Yésus geus boga ngaran nu seungit di hareupeun Allah. Éta sababna, poé pupusna Yésus leuwih penting ti batan poé lahirna.—Ibrani 1:4.

  4. Teu aya ayat Alkitab nu nyebutkeun yén umat Allah ngarayakeun ulang taun. Alkitab ngan nyebutkeun dua perayaan ulang taun, duanana téh dilakukeun ku jalma nu lain umat Allah. Éta kajadian-kajadian téh teu nyukakeun Allah.—Kajadian 40:20-22; Markus 6:21-29.

Naha budak nu kolotna Saksi kuciwa lantaran teu ngarayakeun ulang taun?

Saperti kabéh kolot nu bageur, Saksi Yéhuwa gé némbongkeun kanyaah ka barudakna iraha waé. Misalna, maranéhna osok méré hadiah jeung ngumpul babarengan. Maranéhna nyonto tuladan Allah nu masihan hal-hal hadé ka manusa iraha waé. (Mateus 7:11) Éta sababna, budak nu kolotna Saksi moal kuciwa. Kieu ceuk maranéhna:

  • ”Leuwih bungah rasana lamun narima hadiah dina waktu nu teu disangka-sangka!”​—Tammy, 12 taun.

  • ”Kolot abdi mémang tara méré kado ulang taun, tapi sok ujug-ujug meulikeun abdi hadiah. Abdi atoh pisan!”​—Gregory, 11 taun..

  • ”Mémangna pésta téh mun aya kuéh jeung lagu wungkul? Sok geura ka imah abdi mun hayang nyaho pésta nu bener mah!”​—Eric, 6 taun.