Pindah kana eusi

Naha Alkitab Terjemahan Dunia Baru téh Akurat?

 Bagian nu mimiti ti Terjemahan Dunia Baru dipedalkeun taun 1950. Ti harita, loba jalma méré koméntar atawa hamham naha Terjemahan Dunia Baru * téh akurat atawa henteu lantaran aya nu béda jeung tarjamahan Alkitab séjénna. Nu ngabédakeunana téh biasana dina hal-hal ieu:

  •   Bisa diandelkeun. Terjemahan Dunia Baru dumasar kana risét nu panganyarna jeung naskah-naskah kuno nu paling akurat. King James Version taun 1611 mah béda. Tarjamahan ieu dumasar kana naskah-naskah nu leuwih anyar jeung kurang akurat mun dibandingkeun jeung naskah nu dipaké dina Terjemahan Dunia Baru.

  •   Satia. Terjemahan Dunia Baru sabisa-bisa narjamahkeun warta nu diilhamkeun ku Allah luyu jeung aslina. (2 Timoteus 3:16) Loba tarjamahan Alkitab teu satia kana warta nu ditepikeun ku Allah, malahan nuturkeun kapercayaan nu umum, saperti ngaleungitkeun nami Allah, nyaéta Yéhuwa, tuluy diganti ku gelar Allah atawa Pangéran.

  •   Harfiah. Teu saperti tarjamahan bébas, Terjemahan Dunia Baru narjamahkeun kekecapan sacara harfiah salila éta teu kagok dibacana atawa ngalantarankeun maknana jadi teu jelas. Lamun ditarjamahkeun sacara bébas, panarjamahna bisa waé ngasupkeun pamikiran manusa atawa ngaleungitkeun rincian penting.

Bédana Terjemahan Dunia Baru jeung tarjamahan séjén

 Buku-buku nu teu aya. Dina Alkitab garéja Katolik Roma jeung Ortodoks Timur, aya buku-buku nu ditambahkeun nu disebut Apokrifa. Tapi, buku-buku ieu teu kaasup kanon Yahudi, atawa lain bagian tina Kitab Suci. Ieu téh penting sabab Alkitab nyebutkeun yén urang Yahudi téh nu ”ku Allah dititipan pangandika-Na”. (Rum 3:1, 2) Éta sababna Terjemahan Dunia Baru jeung tarjamahan Alkitab modéren séjénna teu ngasupkeun buku-buku Apokrifa.

 Ayat-ayat nu teu aya. Sababaraha tarjamahan nambahkeun ayat jeung frasa nu teu aya dina naskah Alkitab pangheubeulna. Terjemahan Dunia Baru teu ngasupkeun bagian-bagian éta. Loba tarjamahan modéren ogé teu ngasupkeun bagian-bagian éta atawa ngakukeun yén bagian éta téh teu didukung ku sumber-sumber nu bisa dipercaya. *

 Kekecapan nu béda. Lamun unggal kecap ditarjamahkeun, sakapeung hartina bisa teu jelas atawa salah. Contona, kekecapan Yésus di Mateus 5:3 sering ditarjamahkeun jadi, ”Bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin.” (Basa Sunda Sadidinten) Loba nu ngarasa yén tarjamahan harfiah ”jiwana miskin” téh teu jelas hartina. Malahan aya nu nganggap yén Yésus keur nandeskeun pentingna karendahan haté atawa hirup miskin. Tapi, sabenerna Yésus keur ngajelaskeun yén urang bisa meunangkeun kabagjaan sajati lamun urang ngarasa butuh bingbingan Allah. Terjemahan Dunia Baru sacara akurat narjamahkeun makna ieu ku kekecapan ”anu sadar kana pangabutuh rohanina”.—Mateus 5:3. *

Koméntar positif ti para ahli nu lain Saksi ngeunaan Terjemahan Dunia Baru

  •   Dina suratna nu ditulis tanggal 8 Désémber 1950, panarjamah jeung sarjana Alkitab nu kasohor, nyaéta Edgar J. Goodspeed, nulis ngeunaan Kitab-Kitab Yunani Kristen Terjemahan Dunia Baru, ”Abdi kataji kana kagiatan aranjeun nu nyebar ka sakuliah dunya, sarta kana tarjamahan nu wajar, jelas, jeung taliti. Ceuk abdi mah, tarjamahan aranjeun némbongkeun yén aranjeun téh risétna enya-enya.”

    Edgar J. Goodspeed

  •   Propésor Allen Wikgren ti University of Chicago nyutat Terjemahan Dunia Baru sabagé conto tarjamahan nu ngagunakeun kekecapan nu modéren, teu nyonto tarjamahan séjén, sarta ”layak dibaca”.​—The Interpreter’s Bible, Jilid I, kaca 99.

  •   Kritikus Alkitab ti Inggris, Alexander Thomson, méré koméntar ngeunaan Kitab-Kitab Yunani Kristen Terjemahan Dunia Baru, ”Tarjamahan ieu ngabuktikeun yén nu narjamahkeunana téh para ahli nu tarampil jeung pinter. Maranéhna ngupayakeun sangkan makna nu sabenerna ti naskah Yunani sabisa-bisa muncul dina basa Inggrisna.”​—The Differentiator, April 1952, kaca 52.

  •   Sanajan ngarasa aya nu teu lumrah dina sababaraha bagian, pangarang nu ngaranna Charles Francis Potter nyebutkeun, ”Para panarjamah nu teu disebutkeun ngaranna bener-bener narjamahkeun ti naskah nu panghadéna, boh Yunani boh Ibrani. Maranéhna téh nu boga kapinteran jeung pamahaman.”​—The Faiths Men Live By, kaca 300.

  •   Sanajan ngarasa yén Terjemahan Dunia Baru téh aya kakurangan jeung kaleuwihanana, Robert M. McCoy nyimpulkeun, ”Tarjamahan Perjangjian Anyar téh bukti yén di antara [Saksi-Saksi Yéhuwa] aya para ahli nu tarampil dina ngaréngsékeun masalah panarjamahan Alkitab.”​—Andover Newton Quarterly, Januari 1963, kaca 31.

  •   Propésor S. MacLean Gilmour teu satuju kana sababaraha tarjamahan dina Terjemahan Dunia Baru, tapi manéhna ngakukeun yén para panarjamahna ”ahli basa Yunani”.​—Andover Newton Quarterly, Séptémber 1966, kaca 26.

  •   Asistén Propésor Thomas N. Winter nu geus mariksa Terjemahan Dunia Baru nu jadi bagian tina Kingdom Interlinear Translation of the Greek Scriptures nyebutkeun, ”Tarjamahan ti panitia nu teu disebutkeun ngaranna ieu téh tarjamahan nu panganyarna jeung akurat.”​—The Classical Journal, April-Méi 1974, kaca 376.

  •   Dina taun 1989, Propésor Benjamin Kedar-Kopfstein, ahli basa ibrani ti Israil, ngomong, ”Waktu abdi risét ngeunaan basa nu aya patalina jeung Kitab Ibrani sarta panarjamahan, abdi sering ngagunakeun Terjemahan Dunia Baru édisi basa Inggris. Beuki lila, abdi ngarasa yén para panarjamahna ngupayakeun sabisa-bisa supaya maranéhna boga pamahaman nu akurat kana naskah aslina.”

  •   Jason David BeDuhn, asistén propésor élmu agama, nalungtik salapan tarjamahan Alkitab dina basa Inggris nu sering dipaké. Dumasar kana hal éta, manéhna nulis, ”Alkitab NW [Terjemahan Dunia Baru] téh tarjamahan nu paling akurat di antara tarjamahan séjén.” Sanajan loba jalma jeung ahli Alkitab boga pamikiran yén Terjemahan Dunia Baru téh béda lantaran dipangaruhan ku prasangka agama para panarjamahna, BeDuhn nyebutkeun, ”Loba nu béda téh lantaran NW ditarjamahkeun sacara harfiah sarta sabisa-bisa sarua jeung naskah asli Perjangjian Anyar, ku kituna jadi leuwih akurat.”​—Truth in Translation, kaca 163, 165.

^ Koméntar-koméntarna téh keur Terjemahan Dunia Baru basa Inggris saméméh édisi révisi taun 2013.

^ Contona, Alkitab Basa Sunda Sadidinten jeung Sunda Formal nambahkeun Mateus 17:21; 18:11; 23:14; Markus 7:​16; 9:​44, 46; 11:26; 15:28; Lukas 17:36; 23:17; Yohanes 5:4; Rasul 8:​37; 15:34; 24:7; 28:29; jeung Rum 16:24. Alkitab Terjemahan Lama jeung Terjemahan Baru ngasupkeun bagian nu ngadukung Tritunggal dina ayat 1 Yohanes 5:7, 8. Ieu téh kakara diasupkeun ratusan taun sanggeus Alkitab ditulis.

^ Tarjamahan Sunda Formal ogé narjamahkeun kekecapan Yésus jadi ”jelema-jelema anu salawasna ngaharep kana pitulung sarta pituduh Allah”.