Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Boga Aturan ngeunaan Bobogohan?

Saksi-Saksi Yéhuwa henteu nyieun aturan sorangan, tapi nuturkeun prinsip jeung paréntah nu aya dina Alkitab. Ku kituna, urang bisa nyieun putusan nu kamanah ku Allah jeung mawa mangpaat. (Yesaya 48:17, 18) Pék perhatikeun sababaraha hal nu aya patalina jeung bobogohan. *

  • Perkawinan ngahijikeun dua jalma pikeun salanggengna. (Mateus 19:6) Ku sabab bobogohan téh tujuanana pikeun kawin, Saksi-Saksi Yéhuwa nganggap sérius hal éta.

  • Bobogohan bisa dilakukeun ku jalma-jalma nu ”geus cukup umur” pikeun kawin, atawa geus ngaliwatan mangsa rumaja, waktu hasrat séksual keur kuat-kuatna.—1 Korinta 7:36, Terjemahan Dunia Baru.

  • Nu meunang bobogohan téh jalma nu bébas kawin. Jalma nu pepegatanana geus disahkeun sacara hukum téh can tangtu bébas kawin lantaran Alkitab nyebutkeun hiji-hijina alesan pikeun pepegatan nyaéta lampah cabul.—Mateus 19:9.

  • Urang Kristen nu rék kawin diparéntahkeun pikeun kawin jeung nu saiman. (1 Korinta 7:39) Nu saiman téh lain jalma nu saukur ngajénan kapercayaan urang, tapi nu geus dibaptis sabagé Saksi Yéhuwa nu nyaritakeun jeung ngajalankeun kapercayaanana. (2 Korinta 6:14) Ti baheula, Allah ngajurung hamba-hamba-Na pikeun kawin jeung nu saiman. (Kajadian 24:3; Malaki 2:11) Paréntah ieu ogé cocog keur jaman ayeuna luyu jeung hasil risét nu panganyarna. *

  • Budak kudu nurut ka kolotna. (Siloka 1:8; Kolosa 3:20) Budak nu cicing kénéh jeung kolot kudu nurut ka aturan kolotna ngeunaan bobogohan. Ieu kaasup aturan kolotna ngeunaan umur sabaraha budakna meunang bobogohan jeung naon waé nu meunang dilakukeun waktu bobogohan.

  • Saurang Saksi bébas nangtukeun naha rék bobogohan atawa henteu sarta rék bobogohan jeung saha, tapi kudu nuturkeun bingbingan tina Kitab Suci. Ieu luyu jeung prinsip, ”Masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.” (Galata 6:5) Keur nu bobogohan, alus lamun ménta saran ti Saksi nu geus pangalaman.—Siloka 1:5.

  • Loba kabiasaan bobogohan sabenerna téh kaasup dosa gedé. Misalna, Alkitab maréntahkeun sangkan nyingkahan lampah cabul. Ieu teu ngan saukur hubungan séks di antara jalma nu can kawin, tapi sagala tindakan saperti nyabakan aorat batur pikeun ngarangsang napsu séks, séks oral, atawa séks anal. (1 Korinta 6:9-11) Malahan di pandangan Allah, tindakan ngarangsang napsu séks sanajan teu ngalakukeun hubungan séks, dianggap ”aeb”. (Galata 5:19-21) Alkitab ogé ngalarang urang ”ngomong kotor” atawa ngomong jorang.—Kolosa 3:8.

  • Haté, atawa batin manusa, pinuh ku tipu daya. (Yermia 17:9) Haté bisa ngalantarankeun saurang jalma ngalampahkeun hiji hal sanajan manéhna nyaho éta téh salah. Supaya teu nuturkeun kahayang haté nu licik, pasangan nu keur bobogohan nyingkahan paduduaan di tempat sepi. Maranéhna bisa milih pikeun mawa batur atawa ulin babarengan jeung nu séjén. (Siloka 28:26) Urang Kristen nu léléngohan kénéh kudu sadar kana bahayana néangan kabogoh liwat situs Internét sabab bahaya lamun bobogohan jeung jalma nu teu pati dikenal.—Jabur 26:4.

^ par. 1 Di sababaraha kabudayaan, euweuh kabiasaan bobogohan. Alkitab teu nyebutkeun yén saacan kawin kudu bobogohan heula.

^ par. 5 Misalna, artikel dina jurnal Marriage & Family Review ngamuat hasil tina tilu panalungtikan. Panalungtikan éta ngabuktikeun yén kapercayaan jeung agama nu sarua mangrupakeun konci perkawinan nu langgeng (25-​50+ taun).​—Jilid 38, pedalan 1, kaca 88 (2005).