Henteu. Dina majalah Menara Pengawal, Saksi Yéhuwa geus ngajelaskeun, ”Maksa batur pindah agama téh salah.” * Urang moal maksa batur lantaran:

  • Yésus teu pernah maksa batur narima pangajaranana. Yésus apal yén nu bakal ngadéngékeun anjeunna téh ngan saeutik. (Mateus 7:13, 14) Waktu aya sababaraha muridna nu teu resepeun, Yésus teu maksa maranéhna tetep ngadéngékeun.—Yohanes 6:60-62, 66-68.

  • Yésus ngajar murid-muridna supaya teu maksa batur pindah agama. Jadi, murid-muridna teu maksa batur pikeun narima warta hadé ngeunaan Karajaan Allah, tapi maranéhna néangan jalma nu daék ngadéngékeun.—Mateus 10:7, 11-14.

  • Pindah agama bari kapaksa téh cumah, lantaran Allah ngan narima ibadah nu tina haté.—Pamindo 6:4, 5; Mateus 22:37, 38.

Naha Saksi Yéhuwa nguarkeun warta hadé supaya batur pindah agama?

Saperti paréntah Alkitab, urang nguarkeun warta ti Alkitab ”nepi ka tungtung bumi”, ”boh di tempat umum, boh di imah-imah”. (Rasul 1:8; 10:42; 20:20) Siga urang Kristen abad kahiji, sakapeung Saksi Yéhuwa dituduh maksa batur pindah agama, ku kituna dianggap ngalanggar hukum. (Rasul 18:12, 13) Tapi, tuduhan éta téh salah. Urang teu maksakeun kapercayaan urang ka batur. Sabalikna urang percaya yén jalma téh sakuduna nyaho heula pangajaran Alkitab, kakara bisa nyieun putusan sorangan.

Urang teu maksa batur pindah agama. Urang gé teu pura-pura soléh bari boga maksud pulitik, atawa nyogok batur supaya daék jadi anggota Saksi Yéhuwa. Urang béda jeung jalma nu ngakuna Kristen tapi ngalakukeun hal-hal nu teu ngahormat Kristus. *

Naha enya jalma boga hak pikeun pindah agama?

Nabi Ibrahim ninggalkeun agama kulawargana

Boga. Alkitab nunjukkeun yén urang boga hak pikeun pindah agama. Alkitab nyaritakeun ngeunaan jalma-jalma nu teu nuturkeun agama kulawargana, tapi milih pikeun ibadah ka Allah nu bener. Contona Ibrahim, Rut, sababaraha urang Aténa, jeung Rasul Paulus. (Yosua 24:2; Rut 1:14-16; Rasul 17:22, 30-34; Galata 1:14, 23) Malah, Alkitab gé ngajelaskeun yén sanajan salah, hiji jalma boga hak pikeun ninggalkeun agama nu bener dina pandangan Allah.—1 Yohanes 2:19.

Hak pikeun pindah agama téh didukung ku Deklarasi Universal Hak Asasi Manusia. Ku Perserikatan Bangsa-Bangsa, déklarasi ieu disebut ”dasar hukum internasional pikeun hak asasi manusa”. Déklarasi ieu ogé nyebutkeun yén unggal jalma boga ”kabébasan pikeun pindah agama atawa kapercayaan”, jeung ”pikeun néangan, narima, sarta ngabagikeun katerangan jeung pandangan”, kaasup ngeunaan kapercayaanana. * Tangtu, urang gé kudu ngahargaan hak batur pikeun mertahankeun kapercayaan atawa nolak pandangan batur.

Naha pindah agama téh teu ngahormat adat kabiasaan kulawarga?

Henteu. Alkitab ngajurung urang pikeun ngahargaan kabéh jalma, teu sual agamana. (1 Petrus 2:17) Malah, Saksi Yéhuwa gé taat kana paréntah Alkitab pikeun ngahormat kolot sanajan béda agama.—Epesus 6:2, 3.

Tapi, teu kabéh jalma satuju jeung pandangan Alkitab. Saurang awéwé di Zambia nyarita, ”Di daérah abdi, mun aya nu pindah agama . . . manéhna dianggap teu satia, ngahianat ka kulawargana jeung masarakat.” Hal ieu pernah kaalaman ku manéhna basa keur rumaja. Teu lila sanggeus diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa, manéhna mutuskeun rék pindah agama. Ceuk manéhna, ”Kolot abdi teterusan ngomong yén maranéhna kuciwa pisan ka abdi, cenah mah abdi geus nganyenyeri haté maranéhna. Ieu téh hésé pisan sabab abdi hayang maranéhna ngahargaan pilihan abdi. . . . Lamun abdi satia ka Yéhuwa jeung teu nurutan kabiasaan-kabiasaan agama kulawarga, lain hartina abdi ngahianat kulawarga.” *

^ par. 2 Tingali Menara Pengawal 1 Januari 2002, kaca 12, paragrap 15.

^ par. 8 Contona, kira-kira taun 785 M, Charlemagne maréntahkeun pikeun maéhan jalma-jalma di Sachsen nu embungeun dibaptis jadi urang Kristen. Salian ti éta, dina taun 1555 M, sababaraha kelompok nu keur mumusuhan di Impérium Rum Suci nanda tangan Perjanjian Perdamaian Augsburg. Eusina téh nyaéta pangawasa di unggal daérah kudu nganut agama Katolik Roma atawa Lutheran. Rahayatna kudu nganut agama pangawasana. Rahayat nu nolak nganut agama pangawasana bakal diusir.

^ par. 11 Hak-hak siga kieu ogé aya dina Piagam Afrika tentang Hak Asasi Manusia dan Bangsa, Deklarasi Amerika tentang Hak dan Kewajiban Manusia, Piagam Arab tentang Hak Asasi Manusia 2004, Deklarasi Hak Asasi Manusia ASEAN (Perhimpunan Bangsa-Bangsa Asia Tenggara), Konvensi Eropa Mengenai Hak Asasi Manusia, jeung Perjanjian Internasional tentang Hak-Hak Sipil dan Politik. Sanajan kitu, nagri-nagri nu ngakuna ngajungjung perjangjian-perjangjian éta henteu bener-bener ngajalankeunana.

^ par. 14 Yéhuwa téh nami Allah nu bener nu dicatet dina Alkitab.