Henteu. Mémang urang rutin ngawawarkeun Injil ti imah ka imah, tapi éta lain hartina urang layak disalametkeun ku sabab ngalakukeunana. (Epesus 2:8, 9) Naon sababna?

Pikirkeun babandingan ieu. Bayangkeun aya jalma nu bageur jeung béréhan rék méré hadiah nu mahal pisan ka saha waé nu datang ka tempat jeung dina tanggal nu geus ditangtukeun ku manéhna. Lamun Sadérék percaya kana jangjina, tangtu Sadérék bakal datang ka tempat éta. Sadérék ogé bakal nyarita ka sobat jeung kulawarga supaya maranéhna ogé meunangkeun éta hadiah. Sadérék meunang éta hadiah téh lain lantaran Sadérék geus datang dina waktuna, tapi lantaran éta jalma hayang méré hadiah.

Kitu ogé, Saksi-Saksi Yéhuwa percaya kana jangji Allah ngeunaan hirup langgeng pikeun kabéh nu taat ka Mantenna. (Rum 6:23) Urang sumanget nyaritakeun hal ieu ka batur supaya maranéhna ogé meunangkeun jangji Allah. Tapi, kasalametan urang lain lantaran palayanan urang. (Rum 1:17; 3:28) Saenyana, teu aya manusa nu layak narima berkah nu sakitu gedéna ti Allah. ”Disalametkeun ge lain ku sabab urang geus migawe anu hade, tapi ngan ku perbawa sih piwelas-Na.”—Titus 3:5.