Saksi-Saksi Yéhuwa nuturkeun naséhat Alkitab pikeun teu ngajawab kabéh tuduhan jeung poyokan. Contona, Alkitab ngomong, ”Jelema sombong [atawa, ”nu sok moyok”, NW] dielingan teh kalah ka ngajebian.” (Siloka 9:7, 8; 26:4) Keur urang, leuwih penting nyenangkeun Allah ti batan mikiran kabéh tuduhan salah nu nyababkeun urang jadi hayang paadu omong.—Jabur 119:69.

Ceuk Alkitab gé, ”Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.” (Pandita 3:7) Saksi Yéhuwa leuwih resep ngobrol jeung jalma nu daék ngadéngékeun warta hadé ti batan debat teu puguh jeung batur. Urang hayang nuturkeun tuladan sarta pangajaran Yésus jeung urang Kristen abad kahiji.

  • Yésus teu ngajawab sakecap-kecap acan waktu dituduh di hareupeun Pilatus. (Mateus 27:11-14; 1 Petrus 2:21-23) Waktu dituduh sabagé tukang nyatu jeung tukang nginum gé, Yésus teu ngajawab. Ku tindakanana, anjeunna ngabuktikeun yén tuduhan éta téh salah. Ieu luyu jeung prinsip, ”Kawijaksanaan Allah mah katembong tina hasil-hasilna.” (Mateus 11:19) Tapi mun kaayaanna cocog, Yésus wani ngajawab jalma-jalma nu mitenah anjeunna.—Mateus 15:1-3; Markus 3:22-30.

    Yésus ngajar murid-muridna supaya teu sieun mun aya nu nuduh. Ceuk anjeunna, ”Bagja maraneh lamun dihina-hina, diteungteuinganan, diomongkeun jeung digogoreng dumeh anut ka Kami.” (Mateus 5:11, 12) Tapi lamun murid-muridna boga kasempetan pikeun ngabéla iman waktu dituduh, Yésus jangji, ”Ku Kami bakal dibere piomongeun supaya maraneh perceka jeung bijaksana, nepi ka omongan maraneh moal aya anu bisa ngalawan atawa ngabantah.”—Lukas 21:12-15.

  • Rasul Paulus méré naséhat supaya urang Kristen teu kapancing debat jeung jalma-jalma nu ngéwaeun, sabab éta téh ”taya gunana, taya untungna”.—Titus 3:9; Rum 16:17, 18.

  • Rasul Pétrus ngajurung urang Kristen pikeun ngabéla iman lamun kaayaanana cocog. (1 Petrus 3:15) Tapi, manéhna gé paham yén bener henteuna tuduhan téh bakal kabukti ku tindakan urang, lainna ku omongan. Ceuk manéhna, ”Kalakuan aranjeun anu hade teh ku Allah bakal dianggo ngabendung omongan jalma-jalma anu garejul.”—1 Petrus 2:12-15.