Pindah kana eusi

Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Tetep Nétral Sacara Pulitik?

Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Tetep Nétral Sacara Pulitik?

 Saksi-Saksi Yéhuwa tetep nétral ku sabab alesan kaagamaan nu dumasar kana pangajaran Alkitab. Urang moal mangaruhan pamaréntah, milih partéy pulitik atawa calon pajabat, nyalonkeun diri jadi pajabat, atawa milu protés ka pamaréntah. Urang percaya Alkitab méré alesan nu jelas ngeunaan hal ieu.

  •   Urang nuturkeun conto Yésus nu embung dibéré jabatan pulitik. (Yohanes 6:15) Anjeunna ogé ngajar murid-muridna yén maranéhna téh ”sanes gaduhna dunya” sarta nandeskeun yén maranéhna teu meunang pipilueun dina urusan pulitik.—Yohanes 17:14, 16; 18:36; Markus 12:13-17.

  •   Urang nunjukkeun kasatiaan ka Karajaan Allah, nu disebutkeun ku Yésus waktu ngomong, ”Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya.” (Mateus 24:14) Sabagé wakil ti Karajaan Allah nu ditugaskeun pikeun ngémbarkeun datangna éta Karajaan, urang tetep nétral dina urusan pulitik kabéh bangsa, kaasup di nagri urang sorangan.—2 Korinta 5:20; Epesus 6:20.

  •   Ku cara tetep nétral, urang bisa bébas nyaritakeun warta hadé Karajaan Allah ka sakabéh jalma nu boga pandangan pulitik nu béda-béda. Dina ucap jeung lampah, urang nunjukkeun yén ngan Karajaan Allah nu bisa ngaréngsékeun kabéh masalah di dunya.​—Jabur 56:12.

  •   Lantaran teu pipilueun dina urusan pulitik, urang bisa tetep ngahiji jeung dulur-dulur di sakuliah dunya. (Kolosa 3:14; 1 Petrus 2:17) Sabalikna, agama-agama nu pipilueun dina urusan pulitik ngalantarankeun anggotana jadi papecah.—1 Korinta 1:10.

 Ngajénan pamaréntah. Sanajan urang teu pipilueun dina urusan pulitik, urang tetep ngajénan wewenang pamaréntah di nagri urang. Ieu saluyu jeung paréntah Alkitab, ”Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah.” (Rum 13:1) Urang taat kana hukum, mayar pajeg, jeung ngadukung upaya pamaréntah pikeun ngawujudkeun masarakat nu sejahtera. Ti batan pipilueun dina upaya ngagulingkeun pamaréntah, urang nuturkeun naséhat Alkitab pikeun ngadoakeun ’kapala-kapala nagara, jeung kapala-kapala pamarentahan’, utamana lamun putusan maranéhna bisa mangaruhan kabébasan ibadah urang.—1 Timoteus 2:1, 2.

 Urang ogé ngajénan hak batur pikeun nyieun putusan ngeunaan pulitik. Misalna, urang moal ngaganggu lamun keur aya pemilu atawa mangaruhan jalma-jalma nu rék milih.

 Naha kakara ayeuna urang Kristen boga pandangan nu nétral téh? Henteu. Para rasul jeung urang Kristen abad kahiji séjénna dikenal nétral sacara pulitik. Buku Beyond Good Intentions nyebutkeun, ”Sanajan maranéhna kudu tunduk ka wewenang pamaréntah, urang Kristen abad kahiji tara pipilueun kana urusan pulitik.” Sarupa kitu, buku On the Road to Civilization ogé nyebutkeun yén urang Kristen abad kahiji ”moal daék dijadikeun pajabat pulitik”.

 Naha nétral sacara pulitik téh ngabahayakeun pamaréntah? Henteu. Saksi-Saksi Yéhuwa téh warga nagara nu resep rukun, jadi urang lain ancaman keur pamaréntah. Pék perhatikeun laporan ti National Academy of Sciences of Ukraine taun 2001. Ngeunaan pandangan urang nu nétral sacara pulitik, laporan éta nyebutkeun, ”Kiwari, loba nu teu resep kana pamadegan Saksi Yéhuwa, ieu nu ngalantarankeun maranéhna dipitnah ku pamaréntahan Nazi jeung Komunis di jaman baheula.” Sanajan ditindes ku pamaréntah Soviet, Saksi Yéhuwa ”tetep taat kana hukum. Maranéhna jujur jeung getol waktu digawé di pakebonan pamaréntah atawa di pabrik. Maranéhna lain ancaman keur pamaréntahan Komunis”. Kitu ogé kiwari, kapercayaan jeung kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa moal ”ngaganggu kaamanan jeung karukunan di nagara mana waé”, sakumaha nu disebutkeun ku éta laporan.