Pindah kana eusi

Naha Saurang Jalma Bisa Kaluar ti Saksi-Saksi Yéhuwa?

Naha Saurang Jalma Bisa Kaluar ti Saksi-Saksi Yéhuwa?

 Bisa. Saurang jalma bisa kaluar ku dua cara:

  •   Ménta sacara resmi. Lamun saurang jalma embung jadi Saksi-Saksi Yéhuwa deui, manéhna bisa ngomong langsung atawa nulis surat.

  •   Ku kalakuanana. Kalakuan saurang jalma bisa némbongkeun yén manéhna lain Saksi Yéhuwa deui. (1 Petrus 5:9) Contona, bisa waé manéhna ngagabung jeung agama séjén.—1 Yohanes 2:19.

Lamun eureun nguarkeun warta hadé jeung teu datang deui ka tempat ibadah, naha hiji jalma dianggap geus kaluar?

 Henteu. Jalma nu lemah iman lain hartina geus ngundurkeun diri ti Saksi-Saksi Yéhuwa. Biasana, saurang jalma eureun ibadah lantaran keur boga masalah, lainna geus teu boga iman. Urang moal ngajauhan manéhna, tapi urang hayang ngadukung jeung ngalilipur manéhna. (1 Tesalonika 5:14; Yudas 22) Lamun éta jalma daék narima bantuan, kokolot sidang jamaah bisa mantuan manéhna supaya ngaraket deui ka Allah Yéhuwa.—Galata 6:1; 1 Petrus 5:1-3.

 Tapi, kokolot teu meunang maksa saurang jalma supaya tetep jadi saurang Saksi Yéhuwa. Unggal jalma kudu milih agamana sorangan. (Yosua 24:15) Urang percaya yén ibadah ka Allah téh kudu tina haté, teu bisa dipaksa.—Jabur 110:3; Mateus 22:37.