Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa mastikeun hiji hari raya téh meunang dirayakeun atawa henteu?

Saksi-Saksi Yéhuwa mariksa heula Alkitab saacan mutuskeun hiji hari raya téh meunang dirayakeun atawa henteu. Sababaraha hari raya aya nu jelas-jelas papalingpang jeung prinsip Alkitab. Lamun kitu, Saksi-Saksi Yéhuwa moal milu ngarayakeunana. Tapi aya ogé nu kudu diputuskeun sorangan ku unggal Saksi Yéhuwa bari jeung tetep ngupayakeun ”boga haté sanubari nu bersih di hareupeun Allah jeung manusa.”​—Rasul 24:16, Terjemahan Dunia Baru (NW).

Ieu sababaraha pananya nu Saksi Yéhuwa pikirkeun waktu rék ngarayakeun hiji hari raya atawa henteu. *

  • Naha hari raya éta luyu jeung pangajaran Alkitab?

    Prinsip Alkitab: ”Allah ngandika, ’Tinggalkeun jalma anu daroraka . . . Ulah ngayakeun naon-naon jeung sakur nu najis.’”​—2 Korinta 6:15-17.

    Saksi-Saksi Yéhuwa nampik pangajaran najis nu teu luyu jeung Alkitab. Ku kituna, Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun hari raya nu boga ciri-ciri siga di handap ieu.

    Hari raya nu asalna tina kapercayaan sarta pamujaan allah-allah séjén. Ceuk Yésus, ”Maneh kudu nyembah ka Pangeran, Allah maneh. Ngan Mantenna anu kudu dibakti!” (Mateus 4:10) Saksi-Saksi Yéhuwa nuturkeun paréntah ieu, ku kituna maranéhna henteu ngarayakeun Natal, Paska (Easter), jeung May Day (poé kahiji dina Méi), lantaran hari-hari raya éta asalna ti ibadah ka allah-allah séjén, lainna ka Yéhuwa. Di handap ieu aya sababaraha conto hari raya nu teu dirayakeun ku Saksi Yéhuwa.

    • Kwanzaa. Ngaran Kwanzaa ”asalna tina basa Swahili matunda ya kwanza, nu hartina ’buah nu mimiti’, [kecap éta] ogé nunjukkeun perayaan ieu téh sumberna ti perayaan panén mimiti nu dicatet dina sajarah Afrika.” (Encyclopedia of Black Studies) Aya nu nganggap Kwanzaa téh lain perayaan agama, tapi Encyclopedia of African Religion ngabandingkeun Kwanzaa jeung perayaan di Afrika dina usum panén nu mimiti. Dina perayaan Afrika éta, jalma-jalma méré sasajén pikeun ngahaturkeun nuhun ka déwa-déwa jeung karuhunna. Jadi, Kwanzaa nu dirayakeun ku urang Afrika Amerika téh asalna ti perayaan Afrika éta.

      Kwanzaa

    • Perayaan Kue Bulan. Perayaan ieu biasana dirayakeun dina bulan Séptémber atawa Oktober. Ieu téh ”perayaan pikeun ngahormat déwi bulan.” (Holidays, Festivals, and Celebrations of the World Dictionary) Dina perayaan ieu, ”para awéwé di tiap imah kudu sujud . . . ka déwi bulan.”​—Religions of the World​—A Comprehensive Encyclopedia of Beliefs and Practices.

    • Nauruz (Nowruz). ”Sababaraha bagian ti perayaan ieu asalna ti Zoroastrianisme, poé ieu téh kaasup salah sahiji hari raya nu pangsucina dina kalénder Zoroaster kuno. . . . Déwa Usum Panas, nu disebut [Rapithwin] dipercaya dibebeskeun ka jero taneuh ku Déwa Usum Tiris salila usum tiris. Jadi Nowruz téh perayaan pikeun ngabagéakeun Déwa Usum Panas nu geus balik deui sarta diayakeunana pas siang-siang luyu jeung tradisi Zoroaster.”​—Organisasi Pendidikan, Ilmu Pengetahuan, dan Kebudayaan PBB (UNESCO).

    • Shab-e Yalda. Perayaan ieu diayakeun dina poé nu waktu peutingna pangpanjangna dina taun éta di Belahan Bumi Utara. Ieu dirayakeun dina bulan Désémber. Ceuk buku Sufism in the Secret History of Persia, ”Perayaan ieu pasti aya hubunganana jeung pamujaan ka Mitra”, salaku déwa cahaya. Perayaan ieu gé bisa jadi aya hubunganana jeung pamujaan déwa panonpoéna urang Rum jeung Yunani. *

    • Hari Pengucapan Syukur (Thanksgiving). Sarua siga Kwanzaa, asal-usul hari raya ieu téh nyaéta ti perayaan panén di jaman baheula nu ngahormat rupa-rupa déwa. Lila-lila, ”tradisi rahayat di jaman baheula ieu dicokot ku garéja Kristen.”​—A Great and Godly Adventure​—The Pilgrims and the Myth of the First Thanksgiving.

    Hari raya nu dumasar kana tahayul atawa kana milik. Alkitab nyebutkeun yén jalma ”anu nyembah ka dewa-dewa anu . . . nyekel milik jeung nasib” téh jalma ”anu naloker Kami”. (Yesaya 65:11) Éta sababna Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun perayaan-perayaan ieu:

    • Ivan Kupala. Ceuk buku The A to Z of Belarus, ”Loba jalma percaya dina poé [Ivan Kupala], jalma nu boga kawani jeung keur boga milik bisa meunangkeun kakuatan husus nu dibéré ku alam.” Perayaan ieu asalna ti perayaan kapir pikeun ngarayakeun poé nu waktu siangna panglilana. Ieu dirayakeun dina bulan Juni. Tapi, Encyclopedia of Contemporary Russian Culture nyebutkeun yén sanggeus urang kapir narima agama Kristen, ”hari raya ieu dihijikeun jeung hari raya garéja” nu ngarayakeun Yohanes Juru Baptis.

    • Imlék atawa Tahun Baru Korea. ”Dina poé nu pangpentingna sapanjang taun ieu, nu paling dipikirkeun ku kulawarga, babaturan, jeung baraya téh ngeunaan rejeki, méré hormat ka déwa-déwa jeung ka arwah-arwah, sarta miharep berkah dina taun anyar éta.” (Mooncakes and Hungry Ghosts​—Festivals of China) Dina Tahun Baru Korea ”aya ogé ritual sembahyang ka karuhun, ngusir roh-roh jahat, ménta loba berkah pikeun taun nu anyar éta, sarta tatanya ka tukang ramal pikeun nyaho naon nu bakal kajadian dina taun anyar éta.”​—Encyclopedia of New Year’s Holidays Worldwide.

      Imlék

    Hari raya nu dumasar kana pangajaran jiwa nu teu bisa maot. Alkitab jelas-jelas ngomong yén jiwa téh bisa maot. (Yeheskel 18:4, NW) Jadi, Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun hari raya nu aya patalina kana kapercayaan éta, siga di handap ieu:

    • Poé Arwah (All Souls’ Day). Ieu téh poé pikeun ”miéling jalma-jalma nu geus maot . . . Kira-kira dina Abad Pertengahan, aya kapercayaan yén dina poé ieu arwah nu aya dina api penyucian bakal jadi jurig, tukang sihir, bangkong, jeung nu séjénna pikeun ngaganggu jalma-jalma nu pernah nganyenyeri maranéhna basa keur hirup kénéh.”​—New Catholic Encyclopedia.

    • Ceng Beng jeung Festival Arwah Lapar. Dua perayaan ieu diayakeun pikeun ngahormat karuhun. Buku Celebrating Life Customs Around the World​—From Baby Showers to Funerals ngomong yén dina poé Ceng Beng, ”dahareun, inuman, sarta duit kertas diduruk supaya jalma-jalma nu geus maot henteu kalaparan, henteu halabhab, jeung henteu kurang duit.” Buku éta ogé ngomong ”dina bulan Festival Arwah Lapar, hususna waktu keur peuting bulan purnama, [nu ngarayakeunana percaya] aya hubungan nu leuwih kuat antara alam roh jeung manusa, jadi penting pisan pikeun nenangkeun arwah nu geus maot sarta pikeun ngahormat ka karuhun.”

    • Chuseok. Numutkeun The Korean Tradition of Religion, Society, and Ethics, dina perayaan ieu aya ”sasajén dahareun jeung anggur keur jalma-jalma nu geus maot.” Sasajén éta téh nunjukkeun ”ayana kapercayaan jiwa nu terus hirup sanajan awakna geus maot.”

    Hari raya nu aya patalina jeung hal-hal gaib. Alkitab ngomong, ”Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe, atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh. PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu.” (Pamindo 18:10-12) Saksi-Saksi Yéhuwa nyingkahan hal-hal gaib, kaasup ramalan béntang. Jadi, maranéhna henteu ngarayakeun Halloween atawa hari-hari raya siga di handap ieu:

    • Tahun Baru Sinhala jeung Tamil. ”Dina perayaan ieu, aya ritual tradisional . . . kaasup ngalakukeun sababaraha kagiatan dina waktu nu ditangtukeun ku ahli ramal béntang”, nu dipercaya bakal mawa berkah.​—Encyclopedia of Sri Lanka.

    • Songkran. Ngaran perayaan di Asia ieu ”asalna tina basa Sansekerta . . . nu hartina ’gerakan’ atawa ’parobahan’, sarta [perayaan ieu] nunjukkeun gerakna panonpoé ka konstélasi béntang Aries.”​—Food, Feasts, and Faith​—An Encyclopedia of Food Culture in World Religions.

    Perayaan nu aya patalina jeung ibadah dina Torét nu teu perlu dirayakeun deui ku sabab geus ayana kurban tebusan Yésus. Alkitab nyebutkeun, ”Hukum Agama [Torét] teh kapan enggeus rengse ditedunan ku Kristus.” (Rum 10:4) Urang Kristen masih bisa meunang mangpaat ti prinsip-prinsip dina Torét nu dibikeun ka bangsa Israil kuno. Tapi, urang Kristen teu ngarayakeun perayaanana deui, komo deui perayaan nu aya patalina jeung datangna Mésias, ku sabab percaya anjeunna geus datang. Alkitab nyebutkeun, ”Da nu karitu mah kabeh ge ngan kalangkang tina hal-hal di jaman engke, anu wujud sajatina mah Kristus.” (Kolosa 2:17) Salian ti éta, sababaraha perayaan geus dicampur jeung kabiasaan-kabiasaan nu teu luyu jeung Alkitab. Ku kituna, Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun perayaan siga di handap ieu:

    • Hanukkah. Perayaan ieu diayakeun pikeun ngarayakeun diresmikeunana deui bait Yahudi di Yérusalém. Tapi, Alkitab nyebutkeun yén Yésus geus jadi Imam Agung ti ’kemah [atawa, bait] nu leuwih agung, leuwih sampurna, lain beunang nyieun manusa, lain ti ieu dunya nu beunang nyipta.’ (Ibrani 9:11) Pikeun urang Kristen, bait nu aya di Yérusalém geus digantikeun ku bait rohani ieu.

    • Rosh Hashanah. Ieu téh poé kahiji dina taun Yahudi. Baheula, dina perayaan ieu aya kurban husus nu dibaktikeun ka Allah. (Bilangan 29:1-6) Tapi, Yésus Kristus, salaku Mésias, geus ”ngeureunkeun sagala kurban jeung pangbakti”, jadi ayeuna teu perlu méré kurban deui ka Allah.​—Daniel 9:26, 27.

  • Naha hari raya éta tujuanana pikeun ngahijikeun ibadah ti rupa-rupa agama?

    Prinsip Alkitab: ”Rek meunang kaboga naon anu palercaya ka Allah cacampuran jeung anu henteu palercaya? Mana bisa Bait Allah ngahiji jeung imah brahala?”​—2 Korinta 6:15-17.

    Saksi Yéhuwa ngupayakeun pikeun hirup rukun sarta ngahargaan putusan unggal jalma, tapi maranéhna teu milu perayaan nu boga tujuan pikeun ngahijikeun ibadah ti rupa-rupa agama.

    Rupa-rupa perayaan pikeun tokoh agama atawa acara nu ngajurung rupa-rupa agama pikeun ibadah babarengan. Baheula waktu umat Allah nepi di nagri nu pendudukna ibadah ka déwa-déwa, Allah ngabéjaan umat-Na, ”Maraneh ulah nyieun perjangjian naon-naon ka maranehna, sumawonna ka allah-allah sesembahanana. . . . Lamun maraneh ngabakti ka allah-allah sesembahanana, geus tangtu maraneh kajiret terus carilaka.” (Budalan 23:32, 33) Ku kituna, Saksi-Saksi Yéhuwa teu milu ngarayakeun hari-hari raya siga di handap:

    • Loy Krathong. Dina perayaan urang Thailand ieu, ”jalma-jalma nyieun wadah tina dangdaunan, di luhurna diteundeun lilin atawa dupa, terus wadah éta disina ngambang dina cai. Maranéhna percaya nasib sial bakal kabawa palid bareng jeung wadah-wadah éta. Sabenerna, perayaan ieu téh pikeun ngarayakeun tapak kaki suci nu ditinggalkeun ku Budha.”​—Encyclopedia of Buddhism.

    • Poé Tobat Nasional (National Repentance Day). Jalma-jalma nu milu perayaan ieu téh ”satuju kana dasar-dasar iman Kristen,” ceuk salah sahiji pajabat pamaréntah dina koran The National di Papua Nugini. Manéhna gé ngomong yén perayaan éta téh ngabantu disebarkeunana prinsip-prinsip agama Kristen di nagara ieu.

    • Waisak. ”Ieu téh poé pangsucina dina perayaan-perayaan urang Budha, pikeun ngarayakeun kalahiran Budha, caang rohani nu dimeunangkeun, jeung maotna atawa naékna Budha ka Nirwana.”​—Holidays, Festivals, and Celebrations of the World Dictionary.

      Waisak

    Perayaan nu asalna tina tradisi agama nu henteu luyu jeung pangajaran tina Alkitab. Yésus ngomong ka para pamingpin agama, ”Ku cara kitu teh aranjeun nyumahkeun parentah Allah, nurutkeun pangajaran sorangan.” Yésus ngajelaskeun ku naon ibadah maranéhna cumah, ku sabab maranéhna ”ngajarkeun aturan beunang manusa, anu dianggapna aturan ti Kami!” (Mateus 15:6, 9) Ku sabab Saksi-Saksi Yéhuwa hayang taat kana paréntah ieu, maranéhna teu ngarayakeun perayaan-perayaan agama siga di handap ieu:

    • Epifani (Three Kings’ Day, Timkat, atawa Los Reyes Magos). Hari raya ieu téh ngarayakeun waktu ahli-ahli ramal béntang datang ka Yésus atawa waktu Yésus dibaptis. Dina perayaan ieu ”aya sababaraha perayaan urang kapir dina usum semi nu diasupkeun ka perayaan Kristen, pikeun ngahormat déwa-déwi walungan.” (The Christmas Encyclopedia) Aya perayaan nu sarua, nyaéta Timkat, ”nu asal-usulna tina tradisi karuhun”.​—Encyclopedia of Society and Culture in the Ancient World.

    • Hari Raya Perawan Maria Diangkat ke Surga. Hari raya ieu dumasar kana kapercayaan yén indungna Yésus diangkat ka sawarga jeung awakna. Ceuk Religion and Society​—Encyclopedia of Fundamentalism, ”Kapercayaan ieu téh teu dikenal ku garéja nu mimiti jeung euweuh dasarna tina Alkitab.”

    • Hari Raya Perawan Maria Dikandung Tanpa Noda Dosa. ”Pangajaran yén Maria teu boga dosa ti saprak dikandung téh henteu ditulis dina Alkitab. . . . [Ieu] téh pangajaran nu dijieun ku Garéja.”​—New Catholic Encyclopedia.

    • Prapaskah. Numutkeun New Catholic Encyclopedia, waktu pikeun tobat jeung puasa ieu dijieun ”dina abad kaopat”, leuwih ti 200 taun sanggeus Alkitab réngsé ditulis. Énsiklopédia éta nyebutkeun yén dina poé kahiji Prapaskah, ”kabiasaan méré lebu ka umatna dina poé Rebo Lebu geus dilakukeun di mana-mana ti saprak ditarima ku Sinode Benevento taun 1091.”

    • Meskel (atawa, Maskal). Ieu téh perayaan Etiopia pikeun ngarayakeun ”kapanggihna Salib Sajati (salib nu digunakeun pikeun ngahukum pati Kristus). Maranéhna nyieun api unggun sarta igel-igelan di sakurilingeunana”, ceuk Encyclopedia of Society and Culture in the Medieval World. Tapi, Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngagunakeun salib dina ibadahna.

  • Naha perayaanana ngagulkeun hiji tokoh, organisasi, atawa lambang nagara?

    Prinsip Alkitab: ”PANGERAN nimbalan, ’Kami tangtu nyumpahan ka jelema anu murtad ti Kami, anu ngandelna ka manusa, muntang kana kakuatan manusa anu henteu langgeng.’”​—Yermia 17:5.

    Saksi-Saksi Yéhuwa ngahargaan batur jeung ngadoakeun batur, tapi Saksi-Saksi Yéhuwa teu milu sababaraha perayaan di handap ieu:

    Hari raya pikeun ngagulkeun pangawasa atawa tokoh penting. Ceuk Alkitab, ”Nu matak ge ulah sok sumender ka manusa. Bisa naon manusa mah!” (Yesaya 2:22) Jadi, Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun hari raya nu ngagulkeun saurang jalma, misalna ulang taunna saurang pangawasa.

    Perayaan pikeun bandéra nagara. Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun Hari Bendera. Ku naon? Ku sabab Alkitab ngomong, ”Sing waspada ka brahala-brahala!” (1 Yohanes 5:21, Sunda Formal) Ayeuna jalma-jalma teu nganggap bandéra sabagé brahala atawa barang nu disembah. Tapi ahli sajarah Carlton J. H. Hayes nulis, ”Bandéra téh lambang utama kasatiaan jeung pamujaan ka nagara.”

    Hari raya atawa perayaan nu ngagulkeun santo. Kumaha réaksi rasul Pétrus waktu aya saurang jalma nu soléh sujud ka manéhna? Alkitab nyebutkeun, ”Ku Petrus dicepeng sina nangtung, saurna, ’Ngadeg! Bapa oge sami manusa.’” (Rasul 10:25, 26) Pétrus jeung rasul-rasul séjén embung diagul-agulkeun atawa disembah. Ku kituna, Saksi-Saksi Yéhuwa teu miluan perayaan nu ngagulkeun santo-santo, siga perayaan di handap ieu:

    • Hari Raya Semua Orang Kudus (All Saints’ Day). ”Perayaan pikeun ngahormat kabéh santo . . . Asal-usul perayaan ieu téh teu jelas.”​—New Catholic Encyclopedia.

    • Perayaan Bunda Guadalupe. Ieu téh perayaan pikeun ngahormat ”santa nu ngalindungan Meksiko”. Loba nu percaya ieu téh Maria, indungna Yésus. Cenah Maria némbongan dirina ka saurang patani miskin dina taun 1531.​—The Greenwood Encyclopedia of Latino Literature.

      Perayaan Bunda Guadalupe

    • Poé Ngaran (Name Day). Buku Celebrating Life Customs Around the World​—From Baby Showers to Funerals nyebutkeun, ”Poé ngaran téh nyaéta perayaan pikeun ngahormat santo atawa santa nu ngaranna dibéré ka hiji budak waktu baptisanana atawa pas [saurang jalma] neguhkeun iman.” Buku ieu ogé nyebutkeun yén ”aya unsur kaagamaan nu kuat dina poé éta”.

    Perayaan pikeun gerakan sosial atawa pulitik. Alkitab nyebutkeun, ”Mending percaya ka PANGERAN, ti batan ngandelkeun manusa.” (Jabur 118:8, 9) Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngandelkeun manusa, tapi ngandelkeun Allah pikeun ngaréngsékeun masalah di dunya. Jadi, maranéhna teu ngarayakeun Hari Pemuda atawa Hari Perempuan nu ngarojong gerakan sosial atawa pulitik. Maranéhna ogé teu miluan Hari Emansipasi (Emancipation Day) atawa perayaan-perayaan nu sarupa. Saksi-Saksi Yéhuwa miharep ka Karajaan Allah pikeun ngaréngsékeun rasisme jeung kateuadilan.​—Rum 2:11; 8:21.

  • Naha hari raya éta ngagulkeun hiji nagara atawa hiji suku bangsa?

    Prinsip Alkitab: ”Parantos tetela ka Bapa, yen mungguh di Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.”​—Rasul 10:34, 35.

    Saksi-Saksi Yéhuwa mikaasih ka tempat asalna, tapi maranéhna moal ngarayakeun perayaan nu ngagulkeun hiji nagara atawa suku bangsa, siga nu dijelaskeun di handap ieu.

    Perayaan pikeun ngahormat angkatan perang. Yésus henteu ngadukung perang, malah ngabéjaan murid-muridna, ”Ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun.” (Mateus 5:44) Ku kituna, Saksi-Saksi Yéhuwa teu milu perayaan nu ngahormat para tantara, siga di handap ieu:

    • Poé Anzac. ”Anzac téh kapondokan ti Angkatan Perang Australia jeung Selandia Baru . . . Lila-lila, Poé Anzac barobah jadi poé pikeun miéling jalma-jalma nu maot dina perang.”​—Historical Dictionary of Australia.

    • Poé Véteran (Remembrance Day, Remembrance Sunday, atawa Memorial Day). Hari raya ieu pikeun ngahormat ”para véteran angkatan perang sarta jalma nu maot dina ngabéla nagara.”​—Encyclopædia Britannica.

    Hari raya nasional atawa kamerdékaan. Yésus ngomong ngeunaan murid-muridna, ”Sakumaha Abdi sanes gaduhna dunya, maranehna oge sanes gaduhna dunya.” (Yohanes 17:16) Saksi-Saksi Yéhuwa resep diajar ngeunaan sajarah hiji bangsa, tapi maranéhna teu miluan perayaan-perayaan siga di handap ieu:

    • Poé Australia. Numutkeun Worldmark Encyclopedia of Cultures and Daily Life, hari raya ieu pikeun miéling ”poé dina taun 1788 pas tantara Inggris datang ka Australia jeung nancebkeun bandérana sarta ngumumkeun yén Australia téh jajahan maranéhna.”

    • Poé Guy Fawkes. Ieu téh ”hari raya nasional pikeun miéling gagalna upaya Guy Fawkes jeung jalma-jalma nu ngadukung Katolik nu hayang maéhan Raja James I jeung para pajabat Inggris dina taun 1605.”​—A Dictionary of English Folklore.

    • Poé Kamerdékaan. Di sababaraha nagri, ”poé ieu dijadikeun hari raya nasional pikeun ngarayakeun ulang taun kamerdékaan nagrina.”​—Merriam-Webster’s Unabridged Dictionary.

  • Naha hari raya éta boga ciri laku lampah cabul jeung bébas?

    Prinsip Alkitab: ”Geus cukup bareto hirup aranjeun milampah anu sok dipilampah ku anu henteu palercaya ka Allah, kalakuan henteu pantes, ngumbar napsu, resep mabok, ngecak ngebur, ria-ria, jeung nyarembah ka brahala.”​—1 Petrus 4:3.

    Saksi-Saksi Yéhuwa nyaluyukeun hirupna jeung prinsip di luhur, maranéhna teu miluan perayaan nu jalma-jalmana sok mabok jeung pésta liar. Saksi-Saksi Yéhuwa resep ngumpul jeung babaturanana. Maranéhna bisa jadi nginum alkohol, tapi henteu kaleuleuwihi. Maranéhna ngupayakeun sabisa-bisana pikeun nuturkeun prinsip Alkitab ieu, ”Boh dahar boh nginum, salawasna kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah.”​—1 Korinta 10:31.

    Jadi, Saksi-Saksi Yéhuwa teu miluan karnaval atawa perayaan nu ngadukung laku lampah nu dikutuk dina Alkitab. Ieu kaasup perayaan Yahudi, nyaéta Purim. Purim geus lila dirayakeun pikeun miéling dibébaskeunana urang Yahudi dina abad kalima SM. Tapi ceuk buku Essential Judaism, ayeuna perayaan éta ”geus barobah sarta dianggap versi Yahudina perayaan Mardi Gras atawa Karnaval.” Jalma-jalma nu ngarayakeunana ”maké kostum (lalaki biasana maké baju awéwé), laku lampahna liar, mabok-mabokan, jeung sorana mani gandéng.”

 Naha Saksi-Saksi Yéhuwa masih kénéh nyaah ka kulawargana sanajan teu ngarayakeun sababaraha hari raya?

Tangtu! Alkitab ngajarkeun jalma-jalma supaya nyaah sarta ngahargaan kulawargana, teu sual agamana. (1 Petrus 3:1, 2, 7) Mémang, lamun aya Saksi Yéhuwa nu henteu ngarayakeun deui sababaraha perayaan, bisa jadi anggota kulawargana ambek, nyeri haté, jeung ngarasa dihianatan. Jadi, loba Saksi-Saksi Yéhuwa nu ngayakinkeun kulawargana yén maranéhna téh nyaah pisan ka kulawargana. Tuluy, maranéhna ogé ngajelaskeun ku cara nu hadé alesan maranéhna henteu miluan perayaan. Maranéhna ogé sok ulin ka kulawargana dina waktu séjén.

 Naha Saksi-Saksi Yéhuwa ngalarang batur supaya teu ngarayakeun sababaraha hari raya?

Henteu. Maranéhna yakin yén unggal jalma kudu nyieun putusanana sorangan. (Yosua 24:15) Saksi-Saksi Yéhuwa ”ngajenan ka unggal jelema”, teu sual naon agamana.​—1 Petrus 2:17.

^ par. 7 Artikel ieu henteu ngamuat kabéh hari raya nu teu dirayakeun ku Saksi Yéhuwa jeung henteu ngabahas kabéh prinsip Alkitab nu aya patalina jeung hiji hari raya.

^ par. 15 Mithra, Mithraism, Christmas Day & Yalda, ditulis ku K. E. Eduljee, kaca 31-33.