Urang ningali yén jalma-jalma nu geus boga agama resep ngabahas hal-hal rohani. Tangtu, urang ngajénan ka jalma-jalma nu kapercayaanana béda ti urang. Urang ogé teu maksa batur pikeun narima naon nu diwartakeun ku urang.

Waktu ngabahas agama, urang ngalarapkeun naséhat Alkitab pikeun ’hade basa jeung hade tata’ ka batur. (1 Petrus 3:15, 16) Urang sadar yén bakal aya nu henteu narima warta urang. (Mateus 10:14) Tapi ngarah nyaho, urang kudu nyarita heula ka batur. Urang gé apal yén kaayaan jalma-jalma téh bisa barobah.

Misalna, jalma nu keur sibuk dina hiji poé bisa waé boga waktu pikeun ngadéngékeun urang dina kasempetan séjénna. Atawa, jalma-jalma nu kakara nyanghareupan masalah jadi kageuing pikeun ngadéngékeun warta Alkitab. Éta sababna, urang terus ngupayakeun pikeun nyarita ka jalma-jalma.