KABÉH jalma hayang hirup bagja. Tapi dina ahir jaman ieu, aya ”loba kasukeran”. (2 Tim. 3:1) Loba nu teu gumbira lantaran ngalaman kateuadilan, gering, kaleungitan pagawéan, atawa dikantunkeun. Nu séjénna teu gumbira lantaran aya kajadian nu nyababkeun manéhna guligah jeung sedih. Hamba-hamba Yéhuwa gé bisa ngarasakeun leutik haté jeung lila-lila kaleungitan kagumbiraanana. Lamun ieu nu kaalaman ku Sadérék, kumaha carana sangkan bisa gumbira deui?

Pikeun ngajawabna, urang kudu paham naon nu dimaksud kagumbiraan nu sajati sarta kumaha nu séjén bisa tetep gumbira sanajan keur susah. Urang ogé bakal ngabahas carana bisa tetep gumbira jeung leuwih gumbira.

NAON GUMBIRA TÉH?

Jalma nu gumbira teu ngan saukur katingali bungah. Pék pikirkeun, jalma nu keur mabok bisa waé loba seuri. Tapi sanggeusna éling, manéhna moal seuri deui jeung sadar masalahna tetep aya. Bungahna téh ngan keur sakeudeung, ieu lain kagumbiraan nu sajati.​—Sil. 14:13.

Sabalikna, gumbira téh parasaan nu ngagedur dina haté urang waktu ngalaman atawa ngarepkeun hal nu alus. Lamun boga kagumbiraan, urang bisa tetep bungah teu sual keur susah atawa senang. (1 Tes. 1:6) Malahan, urang bisa tetep gumbira waktu aya nu ngajéngkélkeun urang. Contona, basa para rasul diteunggeulan sabab ngawawar ngeunaan Yésus, maranéhna ”kalaluar ti Mahkamah, kalayan senang manah dumeh ngaraos geus dilayakkeun ku Allah kenging panghina ku karana jenengan Yesus”. (Ras. 5:41) Maranéhna bagja lain lantaran diteunggeulan, tapi lantaran bisa tetep satia ka Allah.

Kagumbiraan téh lain bawaan lahir atawa sipat nu ujug-ujug aya. Ku naon? Lantaran kagumbiraan sajati kaasup buah padamelan roh suci Allah. Roh suci bisa ngamekarkeun sipat ”manusa anyar”, kaasup kagumbiraan. (Epe. 4:24; Gal. 5:22) Lamun boga kagumbiraan, urang bakal leuwih gampang nyanghareupan kasusah.

TULADAN PIKEUN DIPICONTO

Nu dipikahoyong Yéhuwa téh hal-hal nu alus lain nu goréng. Tapi ayeuna di bumi, loba jalma ngalampahkeun nu jahat. Sanajan kitu, Yéhuwa teu kaleungitan kagumbiraana-Na. Alkitab nyebutkeun, ”Kakawasaan jeung kasukaan ngeusian tempat linggih-Na.” (1 Bab. 16:27) Salian ti éta, Yéhuwa gumbira ningali hamba-hamba-Na ngalampahkeun nu hadé.​—Sil. 27:11.

Urang nulad ka Yéhuwa lamun urang bisa tetep gumbira sanajan nu dipiharep ku urang teu kawujud. Ti batan kuciwa, urang bisa mikirkeun hal-hal hadé nu kaalaman ayeuna jeung sabar ngadagoan kaayaan nu  leuwih hadé dina mangsa kahareup. *—Tingali catetan handap.

Aya loba conto dina Alkitab ngeunaan jalma-jalma nu tetep gumbira sanajan boga loba masalah. Ibrahim tetep gumbira sanajan nyawana keur kaancam jeung ngalaman masalah nu dibalukarkeun ku batur. (Kaj. 12:10-20; 14:8-16; 16:4, 5; 20:1-18; 21:8, 9) Ku naon manéhna bisa kitu? Ku sabab ngalenyepan harepan hirup di dunya anyar nu dipingpin ku Mésias. (Kaj. 22:15-18; Ibr. 11:10) Yésus ngomong, ”Bapa maraneh, Ibrahim, basa uningaeun yen bakal ningali poean Kami datang ka dunya, manahna geus suka.” (Yoh. 8:56) Urang nyonto Ibrahim ku cara terus ngabayangkeun kagumbiraan nu bakal dirasakeun dina mangsa kahareup.​—Rum 8:21.

Paulus jeung Silas gé boga iman nu kuat jeung tetep gumbira sanajan nyanghareupan tangtangan. Buktina, sanggeus diteunggeulan tuluy dipanjara, maranéhna ”ngadaroa jeung pupujian ka Allah”. (Ras. 16:23-25) Maranéhna bisa tabah nandangan kasusah ieu lantaran terus mikirkeun jangji Allah dina mangsa kahareup. Maranéhna ogé nyaho yén ieu kaalaman lantaran maranéhna jadi murid Kristus. Éta nu ngagumbirakeun maranéhna. Urang nyonto Paulus jeung Silas ku cara mikirkeun hasil alus lamun urang tetep satia ka Allah.​—Pil. 1:12-14.

Kiwari ogé, loba dulur saiman bisa tetep gumbira sanajan nyanghareupan kasusah. Contona, dina Nopémber 2013, Topan Haiyan nu kacida gedéna ngabaruntakkeun leuwih ti 1.000 imah Saksi di Filipina. George cicing di kota Tacloban, imahna bener-bener ancur. Manéhna nyarita, ”Sanajan ngalaman ieu, sadérék-sadérék tetep gumbira. Hésé ngungkabkeunana.” Lamun urang mikirkeun naon waé kurnia ti Yéhuwa sarta nganuhunkeunana, urang bakal tetep gumbira sanajan ngalaman kasangsaraan. Naon deui kurnia ti Yéhuwa nu ngalantarankeun urang gumbira?

ALESAN URANG GUMBIRA

Alesan nu utama téh lantaran urang nyobat jeung Yéhuwa. Bayangkeun, urang wanoh ka Pangawasa jagat raya. Mantenna téh Bapa, Allah, jeung Sobat urang!​—Jab. 71:17, 18.

Urang gé nganuhunkeun lantaran Yéhuwa tos masihan kahirupan jeung kamampuh pikeun ngarasakeun nikmatna hirup. (Pan. 3:12, 13) Lantaran ditarik ku Mantenna, urang ngarti kana kahoyong Mantenna jeung nyaho carana ngajalankeun hirup urang. (Kol. 1:9, 10) Lolobana manusa mah teu nyaho tujuan hirup. Ieu ditandeskeun ku Paulus, ”’Hal anu tacan katenjo, tacan kadenge, anu tacan kapikir-pikir acan ku manusa, malah hal eta anu ku Allah geus disadiakeun pikeun ngabagjakeun sakur anu nyaah ka Mantenna.’ Tapi ka urang mah hal eta teh geus dinyatakeun ku Allah, ku Roh-Na.” (1 Kor. 2:9, 10) Nyaho kana kahoyong jeung tujuan Yéhuwa ngalantarankeun urang gumbira.

Aya deui kurnia ti Yéhuwa. Mantenna ngahampura dosa-dosa urang. (1 Yoh. 2:12) Mantenna gé masihan harepan hirup di dunya anyar nu téréh kawujud. (Rum 12:12) Malahan ayeuna, Yéhuwa masihan loba sobat nu nyarengan urang dina ngawula Mantenna. (Jab. 133:1) Mantenna gé nyalindungan urang ti Sétan jeung roh-roh jahat. (Jab. 91:11) Lamun mikirkeun sagala kurnia ieu, urang bakal leuwih gumbira.​—Pil. 4:4.

CARANA BISA LEUWIH GUMBIRA

Naha urang Kristen nu geus gumbira bisa leuwih gumbira? Ceuk Yésus, ”Nu matak dibarejaan kitu teh supaya kabungah Kami jadi kabungah maraneh, jeung supaya kabagjaan maraneh lengkep sampurna.” (Yoh. 15:11)  Ayat ieu némbongkeun yén urang bisa leuwih gumbira. Gumbira téh bisa diibaratkeun ku seuneu. Sangkan leuwih ngagedur, seuneu kudu ditambahan kai. Kitu ogé sangkan leuwih gumbira, urang butuh roh suci. Jadi, urang kudu nyuhunkeun roh suci liwat doa. Urang gé kudu terus ngalenyepan Alkitab, hasil tina roh suci.​—Jab. 1:1, 2; Luk. 11:13.

Cara séjén supaya leuwih gumbira téh terus sibuk ngalampahkeun hal-hal nu nyukakeun Yéhuwa. (Jab. 35:27; 112:1) Naon sababna? Dina Alkitab, urang diparéntahkeun, ”Sing sieun ku Allah, estokeun sagala timbalana-Na, da pangna Mantenna ngadamel manusa oge kitu maksud pangersa-Na.” (Pan. 12:13) Jadi, urang diciptakeun pikeun ngalampahkeun kahoyong Allah. Ku kituna, lamun ngawula Yéhuwa, hirup urang bakal bener-bener bagja. *—Tingali catetan handap.

MANGPAATNA GUMBIRA

Lamun urang leuwih gumbira, urang gé bakal meunang leuwih loba mangpaat. Contona, Yéhuwa bakal resep ningali urang gumbira ngawula Mantenna sanajan nandangan masalah. (Pam. 16:15; 1 Tes. 5:16-18) Lantaran geus bener-bener gumbira, urang moal ngungudag harta banda. Sabalikna, urang kajurung pikeun nyieun leuwih loba pangorbanan demi Karajaan Allah. (Mat. 13:44) Waktu ningali hasil alus tina upaya urang, urang jadi leuwih gumbira, sugema, sarta leuwih hayang ngabagjakeun batur.​—Ras. 20:35; Pil. 1:3-5.

Kitu ogé, lamun urang leuwih gumbira, biasana urang leuwih séhat. Alkitab nyebutkeun, ”Gumbira teh matak sehat.” (Sil. 17:22) Omongan saurang panaliti kaséhatan ti University of Nebraska di Amerika Serikat saluyu jeung Alkitab. Manéhna ngomong, ”Lamun ayeuna anjeun bagja jeung sugema, anjeun bakal leuwih séhat engkéna.”

Jadi, sanajan urang hirup dina mangsa kasusah, urang bisa tetep gumbira ku cara narima roh suci liwat ngadoa sarta diajar jeung ngalenyepan Firman Allah. Urang gé bakal leuwih gumbira lamun terus mikirkeun kurnia ti Yéhuwa ayeuna, nyonto iman nu séjén, sarta satékah polah ngalampahkeun kahoyong Allah. Ahirna, urang bisa ngarasakeun naon nu disebutkeun di Jabur 64:11, ”Jalma anu balalener barungah ku sagala padamelan PANGERAN, maranehna tangtu aman nyalindung ka Mantenna.”

^ par. 10 Urang bakal ngabahas sipat sabar dina artikel saterusna tina séri ’buah padamelan roh’.

^ par. 20 Cara séjénna aya dina kotak ” Cara Séjén pikeun Leuwih Gumbira”.