”PANGERAN cinta kajujuran jeung kaadilan, dunya pinuh ku murah asih-Na.”​—JAB. 33:5.

KAWIH 3 Harepan tur Kakuatan Abdi

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Naon nu dipikahayang ku urang kabéh? (b) Urang bisa yakin kana hal naon?

URANG kabéh hayang batur nyaah jeung adil ka urang. Lamun urang teterusan teu dipikanyaah jeung ngalaman kateuadilan, urang bisa ngarasa euweuh gunana jeung pegat harepan.

2 Yéhuwa apal urang hayang dipikanyaah jeung butuh kaadilan. (Jab. 33:5) Urang yakin Allah nyaah pisan ka urang jeung hayang urang meunangkeun kaadilan. Urang nyaho hal ieu lamun nalungtik Hukum nu dipasihkeun ku Yéhuwa ka bangsa Israil liwat Musa. Lamun Sadérék nalangsa lantaran teu dipikanyaah atawa ngalaman kateuadilan, Sadérék bisa diajar ti Hukum Musa * nu nyingkabkeun yén Yéhuwa merhatikeun umat-Na.

3. (a) Sakumaha dijelaskeun di Rum 13:8-10, urang bakal nyaho naon ngeunaan Yéhuwa lamun nalungtik Hukum Musa? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Lamun nalungtik Hukum Musa, urang bakal nyaho yén Yéhuwa téh Allah nu nyaahan. (Baca Rum 13:8-10.) Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha hukum nu dibikeun ka bangsa Israil bari ngajawab pananya-pananya ieu: Naon nu nunjukkeun yén Hukum téh dumasar kana kanyaah? Naon nu nunjukkeun yén Hukum téh ngadukung kaadilan? Kumaha sakuduna jalma-jalma nu boga wewenang ngajalankeun Hukum? Sarta, saha nu hususna dilindungan ku Hukum? Jawabanana bakal ngalilipur, méré  harepan, jeung ngaraketkeun urang ka Bapa nu nyaah ka urang.​—Ras. 17:27; Rum 15:4.

HUKUM MUSA DUMASAR KANA KANYAAH

4. (a) Naon nu nunjukkeun yén Hukum Musa téh dumasar kana kanyaah? (b) Saperti nu dicatet di Mateus 22:36-40, paréntah naon waé nu ditandeskeun ku Yésus?

4 Hukum Musa dumasar kana kanyaah lantaran sagala hal nu dilakukeun ku Yéhuwa téh dijurung ku kanyaah. (1 Yoh. 4:8) Sakabéh hukum nu aya dina Hukum Musa dasarna téh dua paréntah utama, nyaéta nyaah ka Allah jeung nyaah ka sasama. (Ima. 19:18; Pam. 6:5; baca Mateus 22:36-40.) Jadi, leuwih ti 600 paréntah nu aya dina Hukum téh ngajarkeun kanyaah Yéhuwa. Hayu urang tingali sababaraha contona.

5-6. Naon nu dipikahoyong ku Yéhuwa ti salaki pamajikan, jeung Mantenna apal pisan kana hal naon? Béré contona.

5 Kudu satia ka batur hirup jeung ngurus budak. Yéhuwa hoyong salaki pamajikan nguatkeun kanyaah nu langgeng saumur hirup. (Kaj. 2:24; Mat. 19:3-6) Jinah téh salah sahiji kajahatan nu parah pisan ka batur hirup. Éta sababna, anu katujuh tina Sapuluh Paréntah téh larangan jinah. (Pam. 5:18) Ieu téh ”dosa ka Allah” jeung tindakan kajahatan ka batur hirup. (Kaj. 39:7-9) Batur hirup nu jadi korban bisa ngarasakeun kapeurih mangpuluh-puluh taun lantaran dihianatan.

6 Yéhuwa apal pisan naon nu dilampahkeun ku salaki pamajikan ka batur hirupna. Hususna, Mantenna miharep salaki bageur ka pamajikanana. Salaki nu ngajénan Hukum bakal nyaah ka pamajikanana jeung moal megatkeun manéhna ku alesan nu sapira. (Pam. 24:1-4; Mat. 19:3, 8) Tapi lamun aya masalah sérius jeung kudu pepegatan, salaki bakal méré surat talak ka pamajikanana. Ku ayana surat ieu, pamajikanana moal dituduh ngalakukeun lampah cabul. Salian ti éta, saacan salaki bisa méré surat talak ka pamajikanana, katingalina manéhna kudu ménta pituduh heula ka para kokolot kota. Ku kituna, para kokolot bisa ngabantu maranéhna pikeun rukun deui. Waktu aya salaki nu megatkeun pamajikanana lantaran alesan nu mentingkeun diri, Yéhuwa teu salawasna ngabantu, misalna liwat para kokolot atawa nabi. Tapi, Mantenna ningali kapeurih jeung cimata pamajikan nu ditinggalkeun.​—Mal. 2:13-16.

Yéhuwa hoyong barudak ngarasa bagja jeung aman waktu maranéhna digedékeun jeung diajar ku kolot nu nyaah ka maranéhna (Tingali paragrap 7-8) *

7-8. (a) Naon paréntah Yéhuwa ka para kolot? (Tingali gambar dina sampul hareup.) (b) Naon palajaranana keur urang?

7 Hukum ogé nyingkabkeun yén Yéhuwa hoyong barudak téh ngarasa bagja jeung aman. Yéhuwa maréntahkeun sangkan kolot teu ngan saukur nyumponan kabutuhan jasmani budak, tapi ogé kabutuhan rohanina. Kolot kudu ngagunakeun unggal kasempetan pikeun ngajar budakna ngajénan Hukum Yéhuwa jeung mikanyaah Mantenna. (Pam. 6:6-9; 7:13) Salah sahiji alesan Yéhuwa ngahukum urang Israil téh lantaran maranéhna kejem pisan ka barudak. (Yer. 7:31, 33) Budak téh lain barang nu bisa diculkeun atawa dimangpaatkeun, tapi warisan atawa kurnia ti Yéhuwa nu kudu dipikanyaah.​—Jab. 127:3.

8 Palajaranana: Yéhuwa merhatikeun pisan naon nu dilakukeun salaki pamajikan ka batur hirupna. Mantenna ogé hoyong kolot nyaah ka budakna, jeung bakal ménta tanggung jawab lamun kolot teu ngurus budakna.

9-11. Naon sababna Yéhuwa masihan hukum nu ngalarang urang sirik?

9 Ulah sirik. Nu pamungkas ti Sapuluh  Paréntah téh ngalarang urang sirik, atawa mekarkeun kahayang nu salah kana milik batur. (Pam. 5:21; Rum 7:7) Yéhuwa masihan paréntah ieu pikeun ngajarkeun hiji hal penting. Umat-Na kudu ngajaga haté, nyaéta pikiran jeung parasaan. Mantenna apal kajahatan téh dimimitian ku pikiran jeung parasaan nu jahat. (Sil. 4:23) Lamun aya urang Israil nu ngantep hasrat nu salah tumuwuh dina haténa, manéhna bakal jahat ka batur. Nu nyieun kasalahan siga kitu téh contona Daud. Manéhna téh jalma bageur. Tapi sakali waktu, manéhna hayang ngapimilik pamajikan batur. Hal ieu ngajurung manéhna nyieun dosa. (Yak. 1:14, 15) Daud ngalakukeun jinah, tuluy nipu jeung tungtungna maéhan salaki éta awéwé.​—2 Sam. 11:2-4; 12:7-11.

10 Yéhuwa apal lamun aya urang Israil nu ngalanggar hukum ngeunaan sirik lantaran Mantenna bisa maca haté. (1 Bab. 28:9) Tina hukum éta, urang jadi nyaho yén umat Allah kudu nampik pikiran nu ngajurung kana lampah salah. Bapa Yéhuwa mani bijaksana jeung nyaahan!

11 Palajaranana: Yéhuwa teu saukur ningali urang sacara lahiriah, tapi nilik eusi haté atawa batin urang. (1 Sam. 16:7) Teu aya pikiran, parasaan, atawa lalampahan nu bisa disamunikeun ti Mantenna. Mantenna néangan sipat alus dina diri urang tuluy ngajurung urang pikeun ngamekarkeunana. Tapi, Mantenna ogé hoyong urang mariksa jeung ngadalikeun pikiran nu salah saacan éta jadi tindakan.​—2 Bab. 16:9; Mat. 5:27-30.

HUKUM NGADUKUNG KAADILAN

12. Naon nu ditandeskeun ku Hukum Musa?

12 Hukum Musa ogé nandeskeun yén Yéhuwa misuka kaadilan. (Jab. 37:28; Yes. 61:8) Mantenna jadi tuladan nu sampurna dina némbongkeun kaadilan. Waktu bangsa Israil taat ka hukum-hukum Yéhuwa, maranéhna diberkahan. Tapi, waktu maranéhna ngabaékeun papakon-Na nu bener, maranéhna sangsara. Perhatikeun dua hukum nu aya dina Sapuluh Paréntah.

13-14. Naon dua hukum nu mimiti dina Sapuluh Paréntah, jeung naon mangpaatna keur bangsa Israil lamun maranéhna taat?

13 Pék sembah Yéhuwa wungkul. Dua paréntah nu mimiti ti Sapuluh Paréntah nitah bangsa Israil pikeun ngabakti mung ka Yéhuwa jeung ngalarang maranéhna nyembah ka brahala. (Bud. 20:3-6) Paréntah-paréntah éta lain keur kapentingan Yéhuwa, tapi keur mangpaat umat-Na. Waktu umat-Na satia ka Mantenna, maranéhna makmur. Tapi, waktu maranéhna nyembah ka allah-allah bangsa séjén, maranéhna sangsara.

14 Pék pikirkeun bangsa Kanaan. Maranéhna nyembah ka brahala nu teu nyawaan, lain ka Allah nu sajati jeung hirup. Balukarna, maranéhna ngarendahkeun darajatna sorangan. (Jab. 115:4-8) Dina ibadahna, maranéhna ngalakukeun lampah cabul jeung ngorbankeun budak. Kitu ogé, waktu bangsa Israil nampik Yéhuwa jeung nyembah brahala, maranéhna ngarendahkeun darajatna sorangan jeung nyangsarakeun kulawargana. (2 Bab. 28:1-4) Para pangawasa ogé nampik papakon Yéhuwa ngeunaan kaadilan. Maranéhna nyalahgunakeun wewenang sarta nindes nu lemah jeung teu walakaya. (Yeh. 34:1-4) Yéhuwa mépélingan bangsa Israil yén Mantenna bakal ngahakiman saha waé nu nindes para awéwé jeung barudak nu teu daya. (Pam. 10:17, 18; 27:19) Sabalikna, Yéhuwa ngaberkahan umat-Na waktu  maranéhna satia ka Mantenna jeung adil ka batur.​—1 Rja. 10:4-9.

Yéhuwa nyaah ka urang jeung apal lamun urang ngalaman kateuadilan (Tingali paragrap 15)

15. Urang bisa diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

15 Palajaranana: Yéhuwa teu bisa disalahkeun lamun aya jalma nu ngaku nyembah Mantenna tapi teu nuturkeun papakon-Na jeung nyilakakeun umat-Na. Sanajan kitu, Yéhuwa nyaah ka urang jeung apal waktu urang ngalaman kateuadilan. Mantenna bisa ngarasakeun kanyeri urang. Parasaan Mantenna leuwih kuat ti batan parasaan indung ka orokna. (Yes. 49:15) Sanajan teu langsung ngabantu, dina waktuna Mantenna bakal ménta tanggung jawab ka jalma-jalma nu teu adil jeung teu daék tobat.

KUMAHA SAKUDUNA HUKUM DIJALANKEUN?

16-18. Hal-hal naon waé nu diatur ku Hukum Musa, jeung naon palajaranana?

16 Hukum Musa ngatur loba hal dina kahirupan bangsa Israil. Jadi, kokolot nu dilantik kudu ngahakiman umat Allah ku cara nu bener. Tanggung jawab maranéhna téh teu ngan saukur ngurus hal-hal rohani tapi ogé pacékcokan jeung kajahatan. Perhatikeun sababaraha contona.

17 Lamun aya urang Israil nu maéhan batur, manéhna teu langsung dihukum pati. Para kokolot kota mariksa heula kasusna saacan maranéhna nangtukeun éta jalma kudu dihukum pati atawa henteu. (Pam. 19:2-7, 11-13) Para kokolot gé ngatur loba hal séjén dina kahirupan sapopoé, ti ngaréngsékeun masalah di masarakat nepi ka masalah perkawinan. (Bud. 21:35; Pam. 22:13-19) Lamun kokolot adil jeung bangsa Israil taat kana Hukum, kabéh meunang mangpaat. Bangsa éta gé ngamulyakeun Yéhuwa.​—Ima. 20:7, 8; Yes. 48:17, 18.

18 Palajaranana: Unggal hal dina kahirupan urang penting keur Yéhuwa. Mantenna miharep urang adil jeung nyaah ka batur. Mantenna gé merhatikeun ucapan jeung lalampahan urang, sanajan éta teu katingali ku batur.​—Ibr. 4:13.

19-21. (a) Kumaha sakuduna tindakan kokolot jeung hakim ka umat Allah? (b) Aturan naon waé nu dipasihan ku Yéhuwa, jeung naon palajaranana?

19 Yéhuwa hoyong ngajaga umat-Na ti pangaruh goréng bangsa-bangsa di sabudeureunana. Jadi, Mantenna nitah para kokolot jeung hakim pikeun teu beurat sabeulah dina ngajalankeun Hukum. Maranéhna gé teu meunang kasar jeung kaku ka umat-Na, tapi kudu misuka kaadilan.​—Pam. 1:13-17; 16:18-20.

20 Yéhuwa welas asih ka umat-Na, jadi Mantenna masihan aturan-aturan sangkan jalma-jalma teu ngalaman kateuadilan. Misalna, Hukum ngatur sangkan hiji jalma teu gampang dipitnah ngalakukeun kajahatan. Nu dituduhna gé boga hak  pikeun nyaho saha nu nuduhna. (Pam. 19:16-19; 25:1) Sarta, saacan manéhna dinyatakeun salah, sahenteuna kudu aya dua saksi nu méré bukti. (Pam. 17:6; 19:15) Kumaha lamun aya urang Israil nu nyieun kajahatan tapi saksina ngan hiji? Éta lain hartina manéhna bébas tina hukuman. Yéhuwa ningali. Dina kulawarga, bapa boga wewenang tapi aya watesna. Para kokolot kota bisa dilibetkeun dina sababaraha urusan kulawarga jeung nyieun putusan ahirna.​—Pam. 21:18-21.

21 Palajaranana: Yéhuwa tuladan nu sampurna. Mantenna teu pernah teu adil. (Jab. 89:15) Mantenna masihan ganjaran ka jalma nu nuturkeun papakon-Na, tapi ngahukum jalma nu nyalahgunakeun wewenangna. (2 Sam. 22:21-23; Yeh. 9:9, 10) Sababaraha jalma jahat katingalina lolos tina hukuman, tapi lamun Yéhuwa nganggap geus waktuna, Mantenna bakal ngahakiman éta jalma. (Sil. 28:13) Lamun teu tobat, manéhna bakal nyaho benerna kekecapan ieu, ”Pikumahaeun teuing jelema anu dicerek ku panangan Allah anu jumeneng!”​—Ibr. 10:30, 31.

SAHA NU HUSUSNA DILINDUNGAN KU HUKUM?

Waktu ngaréngsékeun masalah, kokolot nyonto Yéhuwa nu nyaah ka umat-Na jeung kana kaadilan (Tingali paragrap 22) *

22-24. (a) Saha nu hususna dilindungan ku Hukum, jeung urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa? (b) Pangéling naon nu dicatet di Budalan 22:22-24?

22 Hukum hususna ngalindungan jalma-jalma nu teu bisa ngalindungan diri sorangan, saperti yatim pahatu, randa, jeung penduduk asing. Hakim di Israil dinaséhatan,  ”Ulah ngaleungitkeun hak jalma ngumbara atawa jalma pahatu; ulah nyokot papakean randa keur tandon injeumanana.” (Pam. 24:17) Yéhuwa perhatian jeung lemah lembut ka kaom nu paling lemah. Mantenna gé bakal ngahukum saha waé nu teu adil ka maranéhna.​—Baca Budalan 22:22-24.

23 Hukum ogé ngalindungan anggota kulawarga ku cara ngalarang insés. (Ima. 18:6-30) Bangsa-bangsa di sakurilingeun Israil ngantep atawa teu ngamasalahkeun hal éta. Tapi, umat Yéhuwa mah boga pandangan nu sarua jeung Mantenna nu nganggap éta téh kajahatan atawa kalakuan nu rujit.

24 Palajaranana: Yéhuwa hoyong saha waé nu dibéré tanggung jawab nyaah jeung perhatian ka jalma-jalma nu di handapeunana. Mantenna ijid kana kajahatan séksual jeung hoyong kabéh jalma, utamana kaom nu paling lemah, dilindungan jeung meunang kaadilan.

HUKUM TÉH ’GAMBARAN TINA HAL-HAL ANU HARADE NU BAKAL DATANG’

25-26. (a) Ku naon kanyaah jeung kaadilan téh kawas napas jeung hirup? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel nu kadua tina séri ieu?

25 Kanyaah jeung kaadilan téh kawas napas jeung hirup, lamun nu hiji euweuh, nu hijina deui gé moal aya. Lamun urang yakin Yéhuwa adil ka urang, urang bakal beuki nyaah ka Mantenna. Sarta lamun urang nyaah ka Allah jeung kana papakon-Na nu bener, urang kajurung pikeun nyaah jeung adil ka batur.

26 Hukum Musa ngabantu urang Israil leuwih raket ka Yéhuwa. Tapi, hukum ieu geus teu dipaké deui sanggeus Yésus méré tebusan sarta ngaganti Hukum ieu ku nu leuwih hadé. (Rum 10:4) Rasul Paulus ngajelaskeun Hukum téh sabagé ”gambar anu samar-samar tina hal-hal anu harade nu bakal datang”. (Ibr. 10:1) Artikel nu kadua tina séri ieu bakal ngabahas sababaraha hal hadé éta sarta pentingna kanyaah jeung kaadilan dina sidang Kristen.

KAWIH 109 Sing Enya-Enya Mikanyaah

^ par. 5 Artikel ieu téh nu kahiji tina séri opat artikel nu bakal ngabahas alesanana urang yakin yén Yéhuwa nyaah ka urang. Tilu artikel sésana bakal dibahas dina Warta Hadé bulan Méi 2019. Jejer artikel-artikelna téh nyaéta ”Kanyaah jeung Kaadilan di Sidang Kristen”, ”Kanyaah jeung Kaadilan di Dunya nu Jahat”, sarta ”Nyadiakeun Panglilipur pikeun Korban Kajahatan Séksual”.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Leuwih ti 600 paréntah nu dipasihkeun ku Yéhuwa liwat Musa disebut ”Hukum”, ”Hukum Musa”, jeung ”Torét”. Salian ti éta, lima buku nu mimiti dina Alkitab (ti Kajadian nepi ka Pamindo) osok disebut Torét. Sakapeung, istilah ieu ogé ngamaksudkeun sakabéh Kitab-Kitab Ibrani.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Bari nyiapkeun dahareun, saurang indung di jaman Israil ngobrol jeung budak awéwéna. Di tukangeunana, salakina keur ngajar budak lalakina pikeun ngarawat domba.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Para kokolot di gerbang kota nulungan saurang randa jeung budakna nu dilicikan ku tukang dagang.