”Terang ka anu panghadena.”​—PIL. 1:10.

KAWIH 35 Heulakeun nu Leuwih Penting

NU DIBAHAS *

1. Ku naon sababaraha dulur urang ngarasa teu sanggup deui diajar?

KIWARI, jalma-jalma kudu banting tulang digawé supaya boga cukup duit. Loba dulur saiman urang kudu digawé sapoé jeput pikeun nyumponan pangabutuh kulawargana. Loba ogé nu perjalanan ti imah ka tempat gawéna téh lilana mangjam-jam lantaran jauh. Nu séjénna kudu digawé beurat pikeun néangan napkah. Peutingna sanggeus digawé bébéakan, dulur-dulur urang téh lalungsé! Jadi, maranéhna ngarasa teu sanggup deui diajar.

2. Iraha Sadérék aya waktu pikeun diajar?

2 Tapi sabenerna, urang kudu nyadiakeun waktu pikeun bener-bener diajar Firman Allah jeung publikasi. Hubungan urang jeung Yéhuwa sarta hirup langgeng urang gumantung kana hal éta! (1 Tim. 4:15, 16) Aya nu hudang isuk-isuk pisan pikeun diajar waktu kaayaan jempling jeung pikiranana seger kénéh lantaran geus istirahat sapeupeuting. Nu séjénna nyadiakeun sababaraha menit peuting-peuting pikeun diajar jeung ngalenyepan Alkitab tur publikasi.

3-4. Ayeuna, aya parobahan naon ngeunaan jumlah bacaan jeung vidéo, sarta naon sababna?

3 Tangtu Sadérék satuju yén nyadiakeun waktu pikeun diajar téh penting. Tapi, urang kudu diajar naon? Ceuk pamikir Sadérék, ’Loba pisan nu kudu dibaca téh. Abdi mah teu kabedag maca kabéh téh.’ Aya nu bisa maca jeung nongton sakabéh publikasi nu disadiakeun, tapi loba ogé nu teu bisa kitu. Badan Pingpinan paham kana hal ieu. Ku kituna anyar-anyar ieu, maranéhna mutuskeun  pikeun ngurangan bahan-bahan nu dicitak jeung nu aya dina Internét.

4 Misalna, urang teu nerbitkeun deui Buku Tahunan Saksi-Saksi Yehuwa, lantaran loba pangalaman alus geus sadia dina jw.org® kitu ogé di acara bulanan JW Broadcasting®. Majalah Warta Hadé édisi umum jeung majalah Éling! ayeuna ngan diterbitkeun tilu kali sataun. Ieu téh lain hartina supaya urang bisa ngagunakeun waktu keur kagiatan séjén, tapi supaya urang bisa bener-bener merhatikeun hal-hal ”anu panghadena”. (Pil. 1:10) Hayu urang bahas naon nu kudu diutamakeun jeung kumaha Sadérék bisa meunang mangpaat saloba-lobana tina palajaran Alkitab pribadi.

NAON NU KUDU DIUTAMAKEUN?

5-6. Publikasi naon waé nu kudu ditalungtik ku urang?

5 Utamana, urang kudu diajar naon? Urang tangtu kudu nyadiakeun waktu unggal poé pikeun diajar Firman Allah. Ayeuna, jumlah ayat Alkitab nu dijadwalkeun pikeun dibahas di pasamoan geus dikurangan sangkan urang bisa boga loba waktu keur ngalenyepan jeung ngarisét. Tujuan urang téh sakuduna lain saukur maca kabéh ayatna, tapi sangkan haté urang kageuing ku warta Alkitab jeung sangkan urang beuki raket ka Yéhuwa.​—Jab. 19:15.

6 Naon deui nu kudu ditalungtik ku urang? Tangtu, urang kudu nyiapkeun bahan Palajaran Warta Hadé jeung Palajaran Alkitab Sidang, kitu ogé jeung bahan pasamoan tengah minggu. Urang kudu maca unggal terbitan majalah Warta Hadé édisi umum jeung édisi palajaran sarta majalah Éling!

7. Naha urang kudu leutik haté lamun teu bisa maca jeung nongton sakabéh bahan nu aya dina situs Internét jeung JW Broadcasting?

7 Bisa jadi Sadérék ngomong, ’Bisa lah, tapi pan aya loba kénéh artikel jeung vidéo dina situs Internét jw.org, can deui bahan nu aya dina JW Broadcasting. Mani loba pisan!’ Ibaratna kieu: Sadérék datang ka réstoran parasmanan nu dahareunana rupa-rupa jeung ngarareunah. Naha nu daratang ka dinya ngasaan kabéh dahareun? Nya moal atuh, maranéhna ngan nyokot sababaraha jinis dahareun. Kitu ogé, lamun Sadérék teu bisa maca atawa nongton kabéh nu aya dina Internét, ulah leutik haté. Baca jeung tongton sasanggupna Sadérék. Hayu urang bahas kawas kumaha diajar téh jeung kumaha urang bisa meunang mangpaat saloba-lobana tina palajaran pribadi urang.

DIAJAR TÉH BUTUH UPAYA!

8. Waktu nyiapkeun Warta Hadé, naon waé tahap-tahapna? Mun ieu dilarapkeun, naon mangpaatna?

8 Diajar téh hartina Sadérék merhatikeun bener-bener naon nu dibaca pikeun meunangkeun palajaranana. Ieu lain hartina rurusuhan maca tuluy ngagarisan jawabanana. Misalna, waktu keur nyiapkeun Palajaran Warta Hadé, mimitian ku maca bagian ringkesan nu aya dina awal artikel. Tuluy, perhatikeun jejer artikel, subjejer, jeung pananya-pananya nu aya di tungtung artikel. Sanggeus éta, baca kabéh artikelna lalaunan. Perhatikeun kalimah nu biasana aya di awal unggal paragrap lantaran kalimah ieu nunjukkeun naon nu dibahas dina paragrap éta. Waktu keur maca kabéh artikelna, pikirkeun kumaha unggal  paragrap ngadukung subjejer sarta naon patalina jeung téma utama artikel. Jieun catetan lamun aya kekecapan nu teu dipikaharti atawa aya hal-hal nu rék dirisét leuwih jero.

9. (a) Ku naon urang kudu mariksa ayat-ayat dina Warta Hadé, jeung kumaha carana? (b) Dumasar kana Jabur 119:27, naon deui nu kudu dilakukeun ku urang sanggeus maca ayat-ayat?

9 Palajaran Warta Hadé ngabantu urang paham kana Alkitab. Jadi, pariksa ayat-ayatna, hususna ayat nu bakal dibaca waktu artikel éta dibahas di sidang. Perhatikeun ogé kumaha kecap atawa frasa konci dina ayat éta ngadukung naon nu keur dibahas dina paragrap. Geus kitu, sadiakeun waktu keur ngalenyepan ayat nu dibaca sarta pikirkeun kumaha cara ngalarapkeunana.​—Baca Jabur 119:27.

Kolot, ajar budak Sadérék carana diajar Alkitab (Tingali paragrap 10) *

10. Luyu jeung Ibrani 5:14, ku naon dina ibadah kulawarga kolot kudu ogé ngajar budak carana diajar jeung ngarisét?

10 Tangtu, kolot hayangna mah ngayakeun ibadah kulawarga nu pikaresepeun. Sanajan kolot kudu boga rencana nu pasti pikeun ibadah kulawarga, maranéhna teu perlu ngarasa kudu ngayakeun kagiatan atawa proyék nu istiméwa unggal mingguna. Waktu ibadah kulawarga, mémang urang bisa ogé nongton acara JW Broadcasting babarengan atawa nyieun proyék husus, saperti nyieun conto bahtera Nuh. Tapi, penting ogé sangkan kolot ngajar budak carana diajar. Misalna, budak bisa diajar carana nyiapkeun bahan pasamoan atawa carana ngarisét lamun aya masalah di sakola. (Baca Ibrani 5:14.) Lamun maranéhna nyadiakeun waktu pikeun diajar di imah, maranéhna jadi leuwih gampang merhatikeun acara pasamoan jeung kongrés, nu teu kabéh aya vidéona. Tangtu, lilana diajar gumantung kana umur jeung émosi budak.

11. Ku naon palajar Alkitab kudu dilatih pikeun diajar Alkitab sorangan?

11 Urang ogé kudu méré nyaho carana diajar ka palajar Alkitab. Waktu keur anyaran, urang resep ningali manéhna ngagarisan jawaban pikeun palajaran Alkitab atawa acara pasamoan. Tapi, urang gé kudu ngajar manéhna carana ngarisét jeung palajaran pribadi. Jadi, waktu aya masalah, manéhna moal langsung ménta bantuan ka nu séjén di sidang, tapi bakal nyaho carana ngarisét tina publikasi pikeun ngaréngsékeun masalahna.

 DIAJAR TÉH KUDU AYA TUJUANANA

12. Naon waé tujuan urang waktu diajar?

12 Lamun Sadérék lain jalma nu sok diajar, bisa jadi Sadérék ngarasa moal bakal resep diajar. Tapi, sabenerna mah bisa. Mimitina, ulah lila teuing diajarna, tapi beuki ka dieu tambahan waktuna. Sadérék kudu boga tujuan. Tangtu, tujuan utama urang diajar téh sangkan beuki raket ka Yéhuwa. Tujuan nu bisa langsung dihontal misalna ngajawab pananya ti batur atawa ngarisét cara ngaréngsékeun masalah nu keur disanghareupan.

13. (a) Jelaskeun tahap-tahap nu bisa dilakukeun ku budak ngora pikeun ngabéla bebeneran di sakolana. (b) Kumaha hidep bisa ngalarapkeun naséhat di Kolosa 4:6?

13 Misalna, naha hidep sakola kénéh? Bisa jadi sakabéh batur sakola hidep percaya kana téori évolusi. Hidep hayang ngabéla pangajaran Alkitab, tapi ngarasa teu pinter ngalakukeunana. Éta hartina hidep kudu diajar! Aya dua alesan ku naon hidep kudu diajar: (1) pikeun nguatkeun kayakinan hidep yén Allah téh nu nyipta sagalana jeung (2) pikeun ningkatkeun kasanggupan hidep ngabéla bebeneran. (Rum 1:20; 1 Pet. 3:15) Mimitina, hidep kudu mikirkeun, ’Ku naon batur sakola abdi percaya kana évolusi?’ Tuluy risét bener-bener tina publikasi urang. Ngabéla bebeneran téh bisa jadi teu sahésé nu dibayangkeun. Lolobana jalma percaya kana évolusi téh lantaran dibéjaan ku jalma nu dihormat ku maranéhna. Lamun hidep geus boga hiji atawa dua hal nu bisa dibagikeun, hidep bisa ngabantu jalma nu hayang nyaho kana bebeneran.​—Baca Kolosa 4:6.

GEUING MINAT PIKEUN DIAJAR

14-16. (a) Lamun Sadérék teu pati apal kana hiji buku dina Alkitab, kumaha Sadérék bisa meunangkeun leuwih loba katerangan? (b) Ngagunakeun ayat-ayat nu aya dina paragrap, jelaskeun kumaha Sadérék bisa leuwih paham kana buku Amos. (Tingali ogé kotak ” Leuwih Kenal ka Tokoh Alkitab”.)

14 Misalna, nu rék dibahas dina pasamoan téh nyaéta ngeunaan salah sahiji ti nabi-nabi leutik. Tapi, Sadérék teu pati apal ka nabi éta. Jadi, naon nu bisa dilakukeun? Mimitina, geuing minat Sadérék kana naon nu ditulis ku nabi éta. Kumaha carana?

15 Kahiji, pék pikirkeun, ’Naon nu dipikanyaho ku abdi ngeunaan nabi ieu? Saha manéhna téh, cicing di mana, naon pagawéanana?’ Lamun urang nyaho kasang tukangna, urang jadi leuwih paham ku naon manéhna milih kekecapan atawa ibarat nu siga kitu dina tulisanana. Sabari maca tulisan nabi éta, perhatikeun frasa nu ngagambarkeun sipatna.

16 Terus, aya alusna lamun Sadérék nyaho iraha buku éta ditulis. Sadérék bisa mariksa ”Daftar Buku-Buku Alkitab” nu aya di bagian tukang Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru. Sadérék ogé bisa ningali tabél nabi-nabi jeung raja-raja nu aya dina Lampiran A6. Lamun buku nu keur ditalungtik ku Sadérék ngeunaan nubuat, Sadérék bisa jadi hayang nyaho kumaha kaayaanana waktu buku éta ditulis. Sikep jeung kabiasaan goréng naon nu kudu dikoréksi ku nabi éta? Saha waé nu hirup sajaman jeung manéhna? Pikeun meunangkeun katerangan nu lengkep, Sadérék bisa jadi kudu mariksa leuwih ti hiji sumber. Misalna, pikeun leuwih apal kumaha kaayaan di jaman Nabi Amos, Sadérék bisa maca ayat-ayat di buku 2 Raja-Raja jeung 2 Babad, nu  disebutkeun dina réferénsi silang Amos 1:1. Salian ti éta, Sadérék ogé bisa mariksa tulisan Hoséa, nu hirup sajaman jeung Amos. Ku cara mariksa kabéh sumber ieu, Sadérék bisa leuwih paham kumaha kaayaan di jaman Amos.​—2 Rja. 14:25-28; 2 Bab. 26:1-15; Hos. 1:1-11; Amos 1:1.

PERHATIKEUN RINCIANANA

17-18. Maké conto nu aya dina paragrap atawa conto sorangan, jelaskeun kumaha merhatikeun rincian-rincian téh nyieun urang jadi leuwih resep diajar Alkitab.

17 Hadé lamun Sadérék maca Alkitab bari boga rasa panasaran. Misalna, Sadérék maca nubuat Jakaria pasal 12 nu nganubuatkeun maotna Mésias. (Jak. 12:10) Waktu Sadérék maca ayat 12-14, disebutkeun yén ”kulawarga turunan Natan” bakal sedih pisan waktu Mésias maot. Ti batan ngaliwatan rincian éta, Sadérék bisa eureun heula sakeudeung jeung mikirkeun, ’Naon hubunganana turunan Natan jeung Mésias? Di mana abdi bisa meunangkeun katerangan ieu?’ Di dieu, Sadérék kudu siga ”détéktif”. Réferénsi silang pikeun Jakaria 12:12 dina Alkitab Terjemahan Dunia Baru nyebutkeun 2 Samuel 5:13, 14 nu ngajelaskeun yén Natan téh salah sahiji anakna Raja Daud. Réferénsi silang nu kadua, Lukas 3:23, 31, nyebutkeun yén Natan téh karuhunna Mariam. (Tingali Warta Hadé Agustus 2017, kaca 32, par. 4.) Sadérék ngarti ayeuna mah! Sadérék apal nubuat nu nyebutkeun yén Yésus téh turunan Daud. (Mat. 22:42) Tapi, Daud téh boga leuwih ti 20 putra. Jadi, luar biasa pisan waktu Jakaria nyebutkeun yén turunan Natan bakal ngarasa sedih waktu Yésus maot.

 18 Perhatikeun conto séjénna. Buku Lukas pasal hiji nyebutkeun yén malaikat Jabrail ngabéjaan Mariam naon nu bakal kajadian ka budakna, ”Eta putra Nyai bakal agung, jeung bakal disarebut Putra Allah Nu Maha Agung. Ku Allah Pangeran bakal didamel raja sakumaha Daud karuhun-Na, bakal ngarajaan ka turunan Yakub salalawasna.” (Luk. 1:32, 33) Bisa jadi urang ngan merhatikeun bagian awal ucapan Jabrail nyaéta Yésus bakal disebut ”Putra Allah Nu Maha Agung”. Tapi, Jabrail ogé nganubuatkeun yén Yésus bakal jadi ”raja”. Bisa waé urang hayang nyaho naon nu dipikirkeun ku Mariam waktu Jabrail ngomong kitu. Naha manéhna mikir ieu téh hartina Yésus bakal ngagantikeun Raja Hérodés atawa ngagantikeun salah sahiji putra mahkotana? Lamun Yésus jadi raja, éta hartina Mariam jadi indungna raja, jeung kulawarga manéhna bisa cicing di karaton karajaan. Tapi, euweuh catetan nu nyebutkeun yén Mariam ngomong kitu ka Jabrail. Urang gé teu pernah maca Mariam ménta kadudukan nu luhur dina Karajaan, saperti dua murid Yésus. (Mat. 20:20-23) Rincian ieu bener-bener ngayakinkeun urang yén Mariam kacida rendah haténa!

19-20. Saperti nu disebutkeun dina Yakobus 1:22-25 jeung 4:8, naon tujuan urang diajar?

19 Urang kudu inget, tujuan utama diajar Firman Allah jeung publikasi téh sangkan leuwih raket ka Yéhuwa. Urang ogé hayang nyaho ”rupa sorangan” jeung apal naon nu kudu dirobah tina diri urang pikeun nyenangkeun Allah. (Baca Yakobus 1:22-25; 4:8.) Unggal rék diajar, suhunkeun roh suci Yéhuwa. Urang kudu nyuhunkeun bantuan Mantenna sangkan bisa meunang mangpaat saloba-lobana jeung nyieun parobahan.

20 Mugia urang kabéh jadi jalma nu digambarkeun ku nu nulis jabur, nyaéta hamba Allah nu ”resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting. . . . Sapanejana tangtu tinekanan”.​—Jab. 1:2, 3.

KAWIH 88 Ajar Abdi Jalan Gusti

^ par. 5 Yéhuwa nyadiakeun loba pisan bahan-bahan pikeun ditongton, dibaca, jeung ditalungtik. Artikel ieu bakal ngabantu Sadérék milih bahan palajaran, jeung méré saran-saran sangkan Sadérék bisa meunang mangpaat saloba-lobana waktu diajar.

^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Kolot keur ngajar budakna cara nyiapkeun Palajaran Warta Hadé.

^ par. 63 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék keur ngarisét ngeunaan Amos. Gambar di tukangeunana nunjukkeun naon nu dibayangkeun ku manéhna waktu maca kisah Alkitab jeung ngalenyepanana.