”Sing ati-ati, ulah kapikat ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun, anu asalna tina papahaman manusa.”​—KOL. 2:8.

KAWIH 96 Kitab Suci, Harta ti Allah

NU DIBAHAS *

1. Numutkeun Kolosa 2:4, 8, kumaha cara Sétan mangaruhan pikiran urang?

SÉTAN hayang urang teu nyaah deui ka Yéhuwa. Sangkan tujuanana kahontal, manéhna mangaruhan atawa mikat pikiran urang sangkan urang boga cara pikir siga manéhna. Sétan ngolo atawa nipu urang sangkan nuturkeun manéhna ku cara ngagunakeun hal-hal nu dipikaresep ku urang.​—Baca Kolosa 2:4, 8.

2-3. (a) Ku naon urang kudu ngaregepkeun pépéling di Kolosa 2:8? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

2 Sétan keur nyasabkeun jalma-jalma. Naha urang gé kaancam ku bahaya éta? Tangtu! Inget, pépéling Paulus nu dicatet di Kolosa 2:8 téh keur urang Kristen nu diistrénan ku roh suci, lain keur nu teu saiman. (Kol. 1:2, 5) Harita, urang Kristen kaancam ku bahaya éta, komo deui urang kiwari. (1 Kor. 10:12) Naon sababna? Sétan geus ditotogkeun ka bumi, jadi manéhna bébéakan nyasabkeun hamba-hamba Allah nu satia. (Wahyu 12:9, 12, 17) Geus kitu, urang ayeuna hirup dina mangsa jalma-jalma anu daroraka jeung anu marunapék ”geus jahat teh bakal beuki jahat”.​—2 Tim. 3:1, 13.

3 Ieu artikel bakal ngabahas cara Sétan ngagunakeun hal nu ”taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun” pikeun mangaruhan pikiran urang. Urang bakal merhatikeun tilu ”tipu daya” Sétan. (Epe. 6:11) Tuluy, artikel saterusna bakal ngabahas carana nyingkirkeun pangaruh goréng nu bisa jadi geus aya dina cara pikir urang.  Ayeuna, hayu urang perhatikeun taktik Sétan nyasabkeun urang Israil sanggeus maranéhna asup ka Tanah Perjangjian jeung naon palajaranana keur urang.

DIGODA NYEMBAH BRAHALA

4-6. Numutkeun Pamindo 11:10-15, aya parobahan naon dina téknik pertanian nu kudu dilakukeun ku bangsa Israil waktu asup ka Tanah Perjangjian?

4 Sétan pinter ngagoda bangsa Israil sangkan nyembah brahala. Kumaha carana? Manéhna ngamangpaatkeun kabutuhan bangsa Israil kana dahareun. Basa asup ka Tanah Perjangjian, bangsa Israil kudu diajar téknik anyar dina pertanian. Basa keur di Mesir mah bangsa Israil ngagunakeun irigasi nu sumber caina ti Walungan Nil. Tapi, sistim pertanian di Tanah Perjangjian mah teu ngagunakeun cai ti walungan gedé, tapi ngandelkeun cihujan jeung ciibun. (Baca Pamindo 11:10-15; Yes. 18:4, 5) Jadi, bangsa Israil kudu diajar cara nu anyar ieu. Éta teu gampang lantaran kalolobaan jalma nu boga pangalaman dina widang pertanian geus maraot di gurun keusik.

Kumaha Sétan ngarobah cara pikir para patani di Israil? (Tingali paragrap 4-6) *

5 Yéhuwa ngajelaskeun ka umat-Na yén kaayaan maranéhna geus barobah. Tuluy, Mantenna ogé masihan pépéling ieu, ”Ulah nepi ka ingkar ti PANGERAN tuluy nyembah ka allah-allah sejen.” (Pam. 11:16, 17) Saliwat, ieu katingalina teu aya hubunganana jeung pertanian. Ku naon Yéhuwa mépélingan maranéhna sangkan teu nyembah ka allah-allah palsu waktu nyebutkeun téknik pertanian nu anyar?

6 Yéhuwa apal yén urang Israil bakal hayang diajar sababaraha téknik pertanian ti jalma-jalma nu nyembah brahala  di sabudeureunana. Mémang, maranéhna boga leuwih loba pangalaman ti batan bangsa Israil. Umat Allah bisa diajar sababaraha téknik nu alus ti maranéhna. Tapi, aya bahayana. Cara pikir para patani bangsa Kanaan dipangaruhan ku ibadah ka Baal. Baal dianggap sabagé nu ngapimilik langit jeung nu méré hujan. Yéhuwa teu hoyong umat-Na katipu ku kabohongan ieu. Hanjakalna, bangsa Israil mangkali-kali milih pikeun nyembah ka Baal. (Bil. 25:3, 5; Hak. 2:13; 1 Rja. 18:18) Ayeuna perhatikeun kumaha bangsa Israil ahirna kapikat ku Sétan.

TILU TAKTIK SÉTAN PIKEUN MIKAT BANGSA ISRAIL

7. Kumaha iman bangsa Israil diuji waktu maranéhna asup ka Tanah Perjangjian?

7 Taktik Sétan nu kahiji téh nyaéta ngagunakeun kahayang nu wajar ti para patani pikeun ningali kebonna subur ku cihujan. Di Tanah Perjangjian jarang aya hujan ti ahir April nepi ka Séptémber. Sangkan panén alus, bangsa Israil ngandelkeun usum hujan nu dimimitian kira-kira bulan Oktober. Sétan nipu bangsa Israil sangkan percaya yén maranéhna kudu nuturkeun kabiasaan jalma-jalma nu nyembah brahala lamun hayang makmur. Maranéhna percaya kudu ngalakukeun sababaraha ritual sangkan déwa-déwa nurunkeun cihujan. Urang Israil nu teu boga iman ka Yéhuwa percaya yén ieu hiji-hijina cara pikeun ngeureunkeun halodo panjang. Jadi, maranéhna ulubiung dina ritual pikeun nyembah Déwa Baal.

8. Naon taktik Sétan nu kadua? Jelaskeun.

8 Taktik Sétan nu kadua ka bangsa Israil nyaéta ngagoda ku lampah cabul. Bangsa-bangsa kapir nyembah déwa-déwana ku ritual-ritual nu rucah. Di kuil-kuil ibadahna aya para palacur boh awéwé boh lalaki. Homoséksualitas jeung lampah cabul séjénna teu ngan saukur diantep tapi ogé dianggap wajar! (Pam. 23:17, 18; 1 Rja. 14:24) Bangsa kapir percaya yén ritual siga kitu bisa ngajurung déwa-déwa pikeun méré panén nu alus. Loba urang Israil kapincut ku ritual nu cabul éta jeung kapikat pikeun nyembah déwa-déwa. Sabenerna mah maranéhna geus kapikat ku Sétan.

9. Dumasar kana Hosea 2:16, 17, kumaha Sétan ngalantarankeun Yéhuwa jadi samar keur bangsa Israil?

9 Taktik Sétan nu katilu nyaéta ngalantarankeun Yéhuwa jadi samar keur bangsa Israil. Dina jaman nabi Yérmia, Yéhuwa nyebutkeun yén nabi-nabi palsu ngalantarankeun umat-Na mopohokeun nami-Na supaya ”nyarembah ka Dewa Baal”. (Yer. 23:27) Umat Allah teu ngagunakeun deui nami Yéhuwa jeung diganti ku ngaran Baal, nu hartina ”Nu Ngapimilik” atawa ”Dunungan”. Ku kituna, Yéhuwa jadi samar keur bangsa Israil. Maranéhna jadi teu bisa ngabédakeun Yéhuwa jeung Baal. Cara ibadah ka Baal jeung ka Yéhuwa ogé jadi pacampur.​—Baca Hosea 2:16, 17.

TAKTIK SÉTAN KIWARI

10. Taktik-taktik naon nu digunakeun ku Sétan kiwari?

10 Sétan ngagunakeun taktik-taktik nu sarua kiwari. Manéhna mikat jalma-jalma ngagunakeun kahayang nu wajar, lampah cabul, jeung ngalantarankeun idéntitas Yéhuwa jadi samar. Hayu urang bahas hiji-hiji, dimimitian ti nu katilu.

11. Kumaha Sétan ngalantarankeun idéntitas Yéhuwa jadi samar?

 11 Sétan ngalantarankeun idéntitas Yéhuwa jadi samar. Sanggeus para rasul Yésus maraot, sababaraha nu ngaku Kristen nyebarkeun pangajaran palsu. (Ras. 20:29, 30; 2 Tes. 2:3) Jalma-jalma murtad ieu ngalantarankeun idéntitas Allah nu sajati jadi samar. Misalna, maranéhna teu maké deui nami Allah dina citakan Alkitabna, malah diganti ku kekecapan saperti ”Gusti” atawa gelar séjénna. Ku lantaran nami Yéhuwa diganti ku gelar ”Gusti”, nu maca Alkitab jadi teu nyaho bédana Yéhuwa jeung ”gusti” séjén nu disebutkeun dina Alkitab. (1 Kor. 8:5) Maranéhna ogé ngagunakeun gelar nu sarua, nyaéta ”Gusti”, boh keur Yéhuwa boh keur Yésus. Ku kituna, jalma-jalma jadi teu nyaho yén Yéhuwa jeung Putra-Na téh béda. (Yoh. 17:3) Hal-hal nu ngabingungkeun ieu ngalantarankeun mekarna pangajaran Tritunggal nu teu luyu jeung Firman Allah. Balukarna, loba jalma ngarasa teu mungkin bisa kenal ka Allah. Ieu kabohongan nu parah!​—Ras. 17:27.

Kumaha Sétan ngagunakeun agama palsu pikeun ngadukung lampah cabul? (Tingali paragrap 12) *

12. Naon nu didukung ku agama palsu, jeung saperti nu disebutkeun di Rum 1:28-31, naon balukarna?

12 Sétan ngagoda ku lampah cabul. Dina jaman Israil kuno, Sétan ngagunakeun agama palsu pikeun ngadukung lampah cabul. Kiwari gé sarua, agama palsu ngantep lampah cabul, malahan nganggap éta téh hal nu wajar. Balukarna, loba jalma ngakuna nyembah ka Allah tapi teu nuturkeun papakon moral nu jelas ti Allah. Dina suratna ka urang Rum, Rasul Paulus ngajéntrékeun naon waé nu dilakukeun ku jalma-jalma nu siga kitu. (Baca Rum 1:28-31.) ”Kalakuan anu kuduna dicegah” téh misalna sagala rupa lampah cabul, kaasup homoséksualitas. (Rum 1:24-27, 32; Wahyu 2:20) Penting pisan sangkan urang taat kana pangajaran Alkitab nu jelas!

13. Naon taktik Sétan séjénna?

13 Sétan ngagunakeun kahayang nu wajar. Wajar lamun urang hayang boga pangabisa pikeun nganapkahan diri jeung kulawarga. (1 Tim. 5:8) Biasana, urang boga pangabisa téh ku cara sakola jeung getol diajar. Tapi, urang kudu  ati-ati. Sistim pendidikan di loba nagri teu ngan saukur ngajarkeun pangabisa tapi ogé palsapah manusa. Sakola ngajurung para murid pikeun cangcaya kana ayana Allah jeung nyapirakeun Alkitab. Para murid dibéjaan yén kabéh jalma pinter mah percaya kahirupan téh hasil tina évolusi. (Rum 1:21-23) Pangajaran siga kieu papalingpang jeung ”hikmat Allah”.​—1 Kor. 1:19-21, Terjemahan Dunia Baru; 3:18-20.

14. Naon hasil tina palsapah manusa?

14 Palsapah manusa ngabaékeun atawa papalingpang jeung papakon Yéhuwa nu bener. Ieu teu ngajurung urang pikeun ngamekarkeun buah padamelan roh Allah, tapi ngamekarkeun ”buah-buahna pangajak napsu”. (Gal. 5:19-23, Sunda Formal) Éta ngalantarankeun jalma jadi sombong tur adigung, balukarna jalma-jalma ”ngan inget ka diri sorangan bae”. (2 Tim. 3:2-4) Sipat-sipat ieu patukang tonggong jeung sipat lemah lembut sarta rendah haté nu sakuduna dipiboga ku hamba Allah. (2 Sam. 22:28) Sababaraha urang Kristen nu ngudag pendidikan di universitas kapangaruhan ku pikiran manusa, lainna ku pikiran Allah. Hayu urang perhatikeun naon nu bisa kaalaman ku jalma nu siga kitu.

Kumaha pikiran urang bisa kapangaruhan ku palsapah manusa? (Tingali paragrap 14-16) *

15-16. Urang diajar naon tina pangalaman saurang sadérék istri?

15 Saurang sadérék istri nu geus 15 taun leuwih jadi palayan sapinuh waktu nyarita, ”Salaku Saksi nu geus dibaptis, abdi pernah maca jeung ngadéngé bahayana kuliah, tapi ku abdi teu dianggap. Abdi ngarasa naséhat éta teu cocog jang  abdi.” Naon balukarna? Ceuk manéhna, ”Kuliah téh méakkeun waktu jeung tanaga. Saking sibukna abdi teu bisa lila-lila ngadoa ka Yéhuwa, saking leuleusna abdi teu sumanget ngabahas Alkitab dina dines, jeung saking capéna abdi asal-asalan nyiapkeun bahan pasamoan. Untungna, waktu abdi sadar sibuk teuing kuliah téh ngaruksak sosobatan jeung Yéhuwa, abdi mutuskeun eureun kuliah.”

16 Naon pangaruhna pendidikan di universitas ka sadérék istri éta? Ceuk manéhna, ”Sabenerna éra sih nyaritakeunana, mémang kuliah téh ngajar abdi jadi jalma nu kritis, utamana ka dulur-dulur saiman. Abdi jadi ngarepkeun leuwih ti maranéhna, jeung jadi ngajauhan maranéhna. Butuh waktu lila pikeun nyingkirkeun cara pikir éta. Pangalaman ieu nunjukkeun bahayana ngabaékeun pépéling ti Bapa nu di sawarga liwat organisasi-Na. Yéhuwa leuwih apal diri abdi ti batan abdi sorangan. Kuduna mah ti baheula abdi ngagugu naséhat Yéhuwa!”

17. (a) Naon nu kudu jadi tékad urang? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

17 Urang kudu boga tékad pikeun henteu kapikat ”ku palsapah-palsapah manusa anu taya mangpa’atna tur matak nyasabkeun” ti dunya Sétan. Ulah daék katipu ku Sétan. (1 Kor. 3:18; 2 Kor. 2:11) Ulah nepi ka Sétan ngalantarankeun Sadérék mopohokeun Yéhuwa, Mantenna kudu tetep jelas dina pikiran Sadérék. Tuturkeun papakon moral Yéhuwa nu luhur. Jeung ulah kabobodo ku Sétan nepi ka Sadérék ngabaékeun naséhat Yéhuwa. Tapi, kumaha lamun Sadérék ngarasa geus kapangaruhan ku cara pikir dunya ieu? Artikel saterusna bakal némbongkeun kumaha Firman Allah bisa ngaruntuhkeun pikiran jeung kabiasaan nu napel pageuh.​—2 Kor. 10:4, 5.

KAWIH 49 Nyukakeun Manah Yéhuwa

^ par. 5 Sétan téh pangjagona ngabobodo manusa. Sétan geus nipu loba jalma sangkan percaya yén maranéhna bébas, padahal mah dikadalikeun ku Sétan. Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas sababaraha taktik nu digunakeun ku Sétan pikeun nipu jalma-jalma.

^ par. 48 KATERANGAN GAMBAR: Bangsa Israil nu campur gaul jeung bangsa Kanaan kagoda pikeun nyembah Baal sarta ngalakukeun lampah cabul.

^ par. 51 KATERANGAN GAMBAR: Warna-warna dina iklan garéja nunjukkeun yén garéja éta ngidinan homoséksualitas.

^ par. 53 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri keur kuliah. Manéhna jeung batur sakelasna kataji kana pandangan propésorna nu nyebutkeun yén sains jeung téknologi bisa ngaréngsékeun kabéh masalah manusa. Pas keur di Balé Karajaan, manéhna jadi kritis jeung horéam merhatikeun.