WINSTON jeung Pamela (Pam) Payne ngawula di kantor cabang Australasia. Maranéhna hirup bagja tapi ogé nyanghareupan tangtangan, misalna kudu nyaluyukeun diri jeung rupa-rupa kabudayaan sarta kudu tabah waktu Pamela kaluron. Sanajan kitu, maranéhna ngajaga kanyaahna ka Yéhuwa jeung umat-Na sarta tetep bungah dina palayanan. Dina wawancara ieu, urang ngondang maranéhna pikeun nyaritakeun pangalamanana.

Winston, cik caritakeun kumaha mimitina Sadérék hayang wanoh ka Allah.

Abdi digedékeun di kulawarga nu teu pati minat kana agama di daérah pahumaan Queensland, Australia. Lantaran jauh ti mamana, abdi jarang ngobrol jeung batur, paling gé jeung kulawarga sorangan. Kira-kira umur 12 taun, abdi hayang wanoh ka Allah. Abdi ngadoa nyuhunkeun bantuan supaya bisa nyaho bebeneran ngeunaan Mantenna. Ka dieunakeun, abdi ninggalkeun imah jeung digawé di Adelaide, Australia Selatan. Pas umur 21 taun, waktu ulin ka Sydney, abdi panggih jeung Pam. Manéhna méré nyaho ngeunaan kelompok agama Inggris-Israel nu ngakuna mah urang Inggris téh turunan ti kaom-kaom Israil jaman baheula. Cenah mah kaom-kaom éta téh sapuluh kaom ti karajaan kalér nu dibawa ka pangbuangan dina abad kadalapan SM. Pas balik ka Adelaide, abdi ngabahas hal ieu jeung batur gawé nu keur diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa. Abdi ngobrol sababaraha jam jeung manéhna, tapi nu loba diobrolkeun téh kapercayaan Saksi. Ti dieu abdi sadar, doa abdi basa keur leutik geus dijawab. Abdi diajar bebeneran ngeunaan Nu Nyipta jeung Karajaana-Na! Abdi geus manggihan ”mutiara anu luar biasa alusna”.—Mat. 13:45, 46.

Pam, Sadérék gé pan néangan éta mutiara ti ngongora, kumaha bisa meunangkeunana?

Abdi digedékeun di kulawarga nu taat ibadah di kota Coffs Harbour, New South Wales. Kolot abdi jeung aki nini percaya kana pangajaran kelompok agama Inggris-Israel. Loba incuna aki jeung nini, kaasup  abdi jeung adi lanceuk abdi, diajarkeun yén turunan Inggris téh dipikaresep ku Allah. Tapi, abdi tetep teu yakin jeung teu ngarasa deukeut jeung Allah. Waktu umur 14 taun, abdi ngadatangan sababaraha garéja, saperti Anglikan, Baptis, jeung Advent Hari Ketujuh. Tapi, maranéhna teu ngabantu abdi wanoh ka Allah.

Ka dieunakeun, abdi sakulawarga pindah ka Sydney, tuluy panggih jeung Winston. Saperti carita Winston, urang duaan ngabahas agama nu ngajurung manéhna diajar jeung Saksi. Ti dinya, surat-surat manéhna pinuh ku ayat! Jujur nya, abdi ngarasa hariwang, malahan keuheul! Tapi lila-lila, abdi sadar nu ditulis ku manéhna téh bebeneran.

Ngarah deukeut jeung Winston, taun 1962 abdi pindah ka Adelaide. Harita abdi kakara 18 taun. Winston ngatur supaya abdi cicing jeung pasangan Saksi, Thomas jeung Janice Sloman, nu pernah jadi misionaris di Papua Nugini. Maranéhna bageur pisan ka abdi jeung mantuan abdi pikeun leuwih wanoh ka Yéhuwa. Abdi diajar Alkitab jeung ahirna yakin geus manggihan bebeneran. Sanggeus abdi jeung Winston kawin, abdi duaan langsung ngamimitian perjalanan hirup nu pinuh ku berkah lantaran ngawula ka Yéhuwa. Sanajan aya tangtangan, jalan hirup ieu téh ngabantu abdi leuwih ngahargaan mutiara nu geus kapanggih.

Winston, ayeuna caritakeun awal palayanan Sadérék ka Yéhuwa.

A. Peta perjalanan abdi sabagé pangawas wilayah

B. Parangko ti sababaraha kapuloan. Kiribati jeung Tuvalu baheulana disebut Kapuloan Gilbert jeung Ellice

C. Pulo karang nu éndah di Funafuti di nagri Tuvalu, salah sahiji ti loba pulo nu dianjangan ku abdi saacan aya misionaris

Teu lila sanggeus kawin jeung Pam, Yéhuwa mukakeun kasempetan nu mimiti tina ”loba kasempetan” pikeun ningkatkeun palayanan. (1 Kor. 16:9) Kasempetan ieu dituduhkeun ku Sadérék Jack Porter, nu harita jadi pangawas wilayah di sidang abdi. (Ayeuna abdi jeung manéhna jadi anggota Panitia Cabang Australasia.) Jack jeung Roslyn, pamajikanana, ngajurung abdi duaan jadi panaratas biasa, nu dijalankeun ku abdi salila lima taun. Basa umur 29 taun, Pam jeung abdi ditugaskeun jadi pangawas wilayah di Kapuloan Pasifik Selatan, nu harita diawaskeun ku cabang Fiji. Kapuloan ieu téh kaasup Kiribati, Nauru, Niue, Samoa Amerika, Samoa, Tokelau, Tonga, Tuvalu, jeung Vanuatu.

Harita, jalma-jalma di sababaraha kapuloan nu leuwih mencil rada curiga ka Saksi Yéhuwa, jadi urang kudu waspada jeung bijaksana. (Mat. 10:16) Sidang-sidangna laleutik, jeung sababaraha di antarana teu bisa nyadiakeun pamondokan. Jadi, urang néangan pamondokan ka penduduk di dinya. Maranéhna téh mani balageur.

Winston, Sadérék téh resep pisan kana panarjamahan. Naha bisa kitu?

Di Samoa, mandu sakola pikeun kokolot

Harita, sadérék-sadérék nu aya di Pulo Tonga ngan boga sababaraha risalah jeung buku leutik dina basa Tonga. Dina dines, maranéhna ngagunakeun buku Kebenaran yang Membimbing kepada Hidup yang Kekal dina basa Inggris pikeun palajaran Alkitab. Jadi, basa keur aya sakola kokolot sidang nu lilana opat minggu, tilu kokolot lokal nu rada bisa basa Inggris narjamahkeun buku Kebenaran ka basa Tonga. Pam nu ngetik naskahna, tuluy éta dikirimkeun ka cabang Amerika Serikat pikeun dicitak. Proyék ieu téh lilana dalapan minggu. Sanajan tarjamahanana teu pati alus, buku ieu geus ngabantu loba jalma nu maké basa Tonga diajar bebeneran. Pam jeung abdi lain panarjamah, tapi tina pangalaman ieu abdi duaan jadi resep kana panarjamahan.

Pam, kumaha kahirupan di pulo-pulo téh mun dibandingkeun jeung di Australia?

Salah sahiji pamondokan abdi sabagé pangawas wilayah

Béda pisan! Gumantung di mana daérahna, urang osok digembrong reungit, jaba hareudang, loba beurit, panyakit, jeung sakapeung, teu boga cukup dahareun. Tapi, pas soré, abdi ngarasa tenang ningali laut ti fale, nyaéta imah Polinesia nu hateupna  tina jarami jeung teu maké dingding. Waktu keur caang bulan, urang bisa ningali tangkal kalapa jeung kalangkang bulan dina cai laut. Mun geus kitu, abdi duaan jadi kajurung pikeun ngalenyepan jeung ngadoa, ngaganti pikiran nu négatif ku pikiran nu positif.

Abdi duaan resep ka budak leutik. Maranéhna téh lalucu jeung sok panasaran ka urang asing. Basa abdi duaan datang ka Niue, aya budak lalaki nu ngusapan leungeun Winston nu buluan, terus ngomong, ”Ih mani resep ih, buluan.” Meureun, manéhna tara ningali leungeun nu buluan!

Abdi mani sedih pisan ningali kahirupan loba jalma nu mariskin. Alamna mah éndah, tapi palayanan kaséhatan téh mani kurang jeung hésé cai bersih. Sanajan kitu, dulur-dulur urang katingalina teu hariwang da éta mah geus biasa. Maranéhna geus ngarasa bungah lantaran boga kulawarga, boga tempat ibadah, jeung boga hak istiméwa pikeun muji Yéhuwa. Maranéhna jadi conto keur abdi pikeun miheulakeun nu leuwih penting jeung hirup saderhana.

Pam, di ditu téh pan kaayaanana béda pisan. Tah kumaha lamun rék ngala cai jeung masak?

Di Tonga, Pam keur nyeuseuh

Untung bapa abdi ngajarkeun loba hal. Misalna, bapa ngajarkeun carana ngahurungkeun seuneu keur masak sarta ngalampahkeun hal-hal séjén ku bahan saayana. Waktu nganjangan Kiribati, abdi duaan cicing di imah leutik nu hateupna jarami, lanténa tina campuran karang, jeung dingdingna awi. Keur masakna, abdi kudu nyieun liang jang hawu nu disuluhan ku kulit kalapa. Pikeun ngala cai, abdi kudu ngantri nungguan giliran jeung awéwé-awéwé séjénna. Abdi kudu ngagunakeun kaléng nu ditalian kana kai nu panjangna kira-kira dua méter, kawas jeujeur keur nguseup. Ngalungkeun kaléngna kudu bener nepi ka kaléngna teuleum ngarah caina asup. Ari sugan téh gampang. Tapi pas giliran abdi, abdi ngalungkeun sababaraha kali, kaléngna kalah ka ngambang, jadi teu kaeusian ku cai! Kabéh nyeungseurikeun. Tapi sanggeus kitu, aya hiji awéwé mantuan abdi. Penduduk di dinya téh mani balageur jeung sok nulungan.

Sadérék duaan resep kana tugas Sadérék di pulo-pulo éta. Naha Sadérék bisa nyaritakeun sababaraha pangalaman nu kainget-inget terus ku Sadérék?

Winston: Butuh waktu pikeun nyaluyukeun diri jeung rupa-rupa kabudayaan. Misalna, waktu sadérék-sadérék nyadiakeun dahareun, biasana dahareun keur sapoéan diidangkeun kabéh ka urang. Mimitina mah abdi teu nyaho kudu nyésakeun keur nu boga imah. Jadi, dibéakkeun wé kabéh! Tangtu sanggeus apal mah, ku abdi disésakeun. Sanajan urang nyieun kasalahan siga kitu, sadérék-sadérék ngarti. Maranéhna tetep bungah bisa panggih jeung abdi unggal genep bulan sakali atawa waktu abdi nganjangan maranéhna sabagé pangawas wilayah. Salian ti abdi duaan, maranéhna tara papanggih jeung Saksi séjén ti luar sidang.

Di Pulo Niue, rék dines kelompok

Kadatangan urang duaan jadi kasaksian nu alus ka masarakat. Loba penduduk nyangkana mah agama sadérék-sadérék téh jieunan sorangan. Jadi, waktu aya rohaniwan jeung pamajikanana ti luar nagri datang nganjangan sadérék-sadérék, jalma-jalma apal éta téh lain agama jieunan, tapi aya organisasina. Maranéhna jadi kataji.

Pam: Salah sahiji pangalaman nu diinget terus ku abdi téh basa abdi keur di Kiribati. Sidang di dinya anggotana ngan saeutik. Hiji-hijina kokolot, Itinikai Matera, sabisa-bisa ngurus abdi duaan. Hiji poé, manéhna datang bari mawa karanjang nu eusina endog ngan hiji. Ceuk manéhna, ”Keur Sadérék.” Harita mah endog téh jarang pisan. Sanajan leutik, kahadéan éta téh keuna kana haté.

 Pam, sababaraha taun ti harita, Sadérék kaluron. Naon nu ngabantu Sadérék tetep tabah?

Taun 1973 waktu abdi jeung Winston aya di Pasifik Selatan, abdi kakandungan. Abdi duaan mutuskeun pikeun balik ka Australia. Tapi, opat bulan ti harita abdi kaluron. Abdi sedih pisan, kitu ogé Winston. Kasedih abdi lila-lila ngurangan, tapi teu pernah bener-bener leungit nepi ka abdi narima Menara Pengawal 15 April 2009. Dina ”Pertanyaan Pembaca” aya pananya: ”Apakah ada harapan kebangkitan bagi bayi yang meninggal dalam kandungan ibunya?” Artikel ieu ngayakinkeun urang pikeun masrahkeun masalahna ka Yéhuwa, nu tindakana-Na pasti bener. Mantenna bakal nyageurkeun loba kanyeri nu dibalukarkeun ku dunya nu jahat ieu. Mantenna maréntahkeun Putra-Na pikeun ”numpes gagawean Iblis”. (1 Yoh. 3:8) Ku lantaran artikel ieu ogé abdi duaan jadi leuwih ngahargaan ”mutiara” alus nu ditarima ku abdi salaku hamba Yéhuwa! Teu kabayang kumaha jadina urang lamun teu boga harepan Karajaan!

Sanggeus kaluron, abdi duaan ngawula sapinuh waktu deui. Abdi duaan ngawula sababaraha bulan di Bétel Australia jeung neruskeun tugas sabagé pangawas wilayah. Taun 1981, sanggeus opat taun ngawula di daérah padésaan New South Wales jeung Sydney, abdi duaan diondang ka kantor nu harita mah disebut kantor cabang Australia. Abdi ngawula di dinya nepi ka ayeuna.

Winston, naha pangalaman di Kapuloan Pasifik Selatan téh ngabantu tugas Sadérék sabagé anggota Panitia Cabang Australasia?

Tangtu, dina sababaraha hal. Mimitina mah Australia ditugaskeun pikeun ngawaskeun Samoa Amerika jeung Samoa. Tuluy, cabang Selandia Baru digabung jeung Australia. Ayeuna, cabang Australasia ngawaskeun Australia, Kapuloan Cook, Niue, Samoa Amerika jeung Samoa, Selandia Baru, Timor-Leste, Tokelau, jeung Tonga. Lolobana mah pernah dianjangan ku abdi sabagé wakil cabang. Pangalaman abdi digawé bareng jeung loba dulur nu satia di pulo-pulo éta bener-bener ngabantu abdi ngawula di kantor cabang.

Winston jeung Pam di cabang Australasia

Tina pangalaman abdi jeung Pam, abdi geus lila nyimpulkeun yén nu hayang wanoh ka Allah téh lain nu geus déwasa wungkul. Barudak ngora gé hayang meunangkeun ”mutiara anu luar biasa alusna”, sanajan kulawargana teu minat. (2 Rja. 5:2, 3; 2 Bab. 34:1-3) Tangtuna Allah Yéhuwa nu welas asih hoyong kabéh, boh nu kolot boh nu ngora, bisa meunangkeun kahirupan nu sajati!

Leuwih ti 50 taun katukang basa abdi jeung Pam mimiti diajar Alkitab, teu kabayang kahirupan abdi duaan bakal kumaha. Bebeneran Karajaan mémang mutiara nu luar biasa alusna! Abdi duaan boga tékad pikeun nyekel pageuh mutiara nu alus ieu sakuat tanaga!