”Anu dilawan ku urang teh . . . kakuatan roh-roh jahat di dunya anu gaib.”—EPE. 6:12.

KAWIH 55 Tong Sieun ka Maranéhna!

NU DIBAHAS *

1. Saperti nu dijelaskeun di Epesus 6:10-13, naon salah sahiji cara Yéhuwa némbongkeun perhatiana-Na ka urang, jeung kumaha carana?

URANG reugreug lantaran Yéhuwa perhatian pisan ka hamba-hamba-Na. Salah sahiji carana téh Mantenna mantuan urang ngalawan musuh-musuh urang. Musuh utama urang nyaéta Sétan jeung roh-roh jahat. Yéhuwa ngélingan urang ngeunaan musuh-musuh ieu sarta masihan naon nu dibutuhkeun pikeun ngalawan maranéhna. (Baca Epesus 6:10-13.) Lamun urang narima bantuan Yéhuwa jeung bener-bener ngandel ka Mantenna, urang bisa suksés ngalawan Iblis. Urang bisa yakin saperti Rasul Paulus nu nulis, ”Lamun Allah aya di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang?”—Rum 8:31.

2. Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

2 Salaku urang Kristen sajati, urang teu paduli ka Sétan jeung roh-roh jahat. Nu paling dipikirkeun ku urang mah Yéhuwa jeung carana ngawula Mantenna. (Jab. 25:5) Sanajan kitu, urang kudu apal cara-cara Sétan nyasabkeun jalma-jalma. Ku naon? Supaya urang teu katipu. (2 Kor. 2:11) Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas cara utama Sétan jeung roh-roh jahat nyasabkeun jalma-jalma jeung carana urang bisa suksés ngalawan maranéhna.

CARANA ROH-ROH JAHAT NYASABKEUN JALMA-JALMA

3-4. (a) Naon spiritisme téh? (b) Sakumaha loba jalma-jalma nu percaya kana spiritisme?

3 Cara utama Sétan jeung roh-roh jahat nyasabkeun jalma-jalma téh nyaéta spiritisme. Jalma nu ngagunakeun spiritisme ngakuna mah nyaho jeung bisa ngalakukeun  hal-hal nu teu bisa dilakukeun ku manusa biasa. Misalna, aya nu ngagunakeun élmu ramal atawa ramalan béntang pikeun ningali mangsa kahareup. Nu séjén api-api bisa ngobrol jeung nu maot. Aya ogé nu ngagunakeun sihir atawa jampé-jampé. *

4 Sakumaha loba jalma-jalma nu percaya kana spiritisme? Numutkeun hiji survéi di 18 nagri di Amerika Latin jeung Karibia, kira-kira sapertilu ti jalma-jalma nu miluan survéi éta percaya kana élmu gaib jeung sihir. Kira-kira sapertiluna ogé percaya yén urang bisa ngobrol jeung roh-roh. Aya survéi séjén nu diayakeun di 18 nagri di Afrika. Rata-rata, leuwih ti satengah jalma nu disurvéi percaya kana sihir. Tangtu, di mana waé urang hirup, urang kudu nyingkahan spiritisme lantaran Sétan keur ”nyasarkeun saalam dunya”.—Wahyu 12:9.

5. Kumaha parasaan Yéhuwa kana spiritisme?

5 Yéhuwa téh Allah nu ”satuhu sarta saestu”. (Pam. 32:4) Jadi, kumaha parasaan Mantenna kana spiritisme? Mantenna ijid! Yéhuwa nyarios ka bangsa Israil, ”Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe, atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh. PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu.” (Pam. 18:10-12) Urang Kristen mémang teu wajib ngajalankeun Hukum nu dibikeun ka bangsa Israil, tapi urang nyaho yén parasaan Yéhuwa kana spiritisme teu barobah.—Mal. 3:6.

6. (a) Kumaha Sétan ngagunakeun spiritisme pikeun ngaruksak pikiran urang? (b) Numutkeun Pandita 9:5, kumaha sabenerna kaayaan nu maot?

6 Yéhuwa mépélingan urang supaya ngajauhan spiritisme lantaran apal Sétan ngagunakeun ieu pikeun ngaruksak pikiran urang. Sétan ngagunakeun spiritisme pikeun nyebarkeun kabohongan, kaasup kabohongan yén nu maot masih hirup kénéh di alam séjén. (Baca Pandita 9:5.) Spiritisme ogé digunakeun pikeun nyingsieunan jalma-jalma jeung ngajauhkeun maranéhna ti Yéhuwa. Sétan hayang nu ngalampahkeun spiritisme percaya ka roh-roh jahat ti batan ka Yéhuwa.

CARANA NGALAWAN ROH-ROH JAHAT

7. Yéhuwa masihan terang naon ka urang?

7 Sakumaha nu disebutkeun saacanna, Yéhuwa masihan terang carana sangkan urang teu disasabkeun ku Sétan jeung roh-roh jahat. Perhatikeun naon nu bisa dilakukeun ku urang pikeun ngalawan maranéhna.

8. (a) Naon cara utama pikeun ngalawan roh-roh jahat? (b) Kumaha Jabur 146:4 ngabolékérkeun kabohongan Sétan ngeunaan nu maot?

8 Baca jeung lenyepan Firman Allah. Ieu téh cara utama pikeun nampik kabohongan nu disebarkeun ku roh-roh jahat. Firman Allah téh siga pedang nu seukeut nu bisa ngabolékérkeun kabohongan Sétan. (Epe. 6:17) Misalna, Firman Allah ngabolékérkeun kabohongan yén nu maot bisa ngomong jeung nu hirup.  (Baca Jabur 146:4.) Éta ogé ngingetkeun urang yén ngan Yéhuwa nu bisa ngaramalkeun mangsa kahareup. (Yes. 45:21; 46:10) Lamun rutin maca jeung ngalenyepan Firman Allah, urang jadi boga tékad pikeun ijid jeung nampik kana kabohongan roh-roh jahat.

9. Kabiasaan naon waé nu kudu disingkahan?

9 Singkahan sagala hal nu aya patalina jeung spiritisme. Sabagé urang Kristen sajati, urang moal ngalampahkeun sagala bentuk spiritisme. Misalna, urang moal datang ka dukun atawa nyoba-nyoba ngomong jeung nu maot. Sakumaha nu dibahas dina artikel saacanna, urang moal miluan kabiasaan pamakaman nu dumasar kana kapercayaan yén nu maot téh masih hirup kénéh. Urang ogé moal ngagunakeun ramalan béntang atawa élmu nujum pikeun nyaho mangsa kahareup. (Yes. 8:19) Urang apal sakabéh kabiasaan ieu téh bahaya pisan lantaran urang jadi komunikasi langsung jeung Sétan ogé roh-roh jahat.

Pék conto urang Kristen abad kahiji ku cara miceun barang-barang nu aya patalina jeung élmu gaib sarta nyingkahan hiburan nu aya spiritismena (Tingali paragrap 10-12)

10-11. (a) Naon nu dilakukeun ku sababaraha jalma di abad kahiji basa diajar bebeneran? (b) Numutkeun 1 Korinta 10:21, ku naon urang kudu nyonto tuladan urang Kristen di abad kahiji, jeung kumaha carana?

10 Piceun barang-barang nu aya patalina jeung hal gaib. Sababaraha jalma di Epesus abad kahiji ngalampahkeun spiritisme. Waktu diajar bebeneran, maranéhna nyieun parobahan gedé. ”Loba deui anu tadina jaradi tukang sihir ngumpulkeun kitab-kitab paririmbonna, tuluy didaruruk kasaksian ku sarerea.” (Ras. 19:19) Maranéhna daék ngalampahkeun naon waé pikeun nyingkahan roh-roh jahat. Kitab-kitab sihirna téh mahal pisan. Tapi, ti batan éta dibikeun atawa dijual ka batur, éta dimusnakeun ku maranéhna. Maranéhna leuwih hayang nyenangkeun Yéhuwa ti batan mikirkeun karugianana.

 11 Kumaha urang bisa nyonto tuladan urang Kristen di abad kahiji ieu? Hadéna mah urang miceun barang-barang nu aya patalina jeung hal-hal gaib. Ieu kaasup jimat atawa barang-barang nu dipaké atawa disimpen pikeun ngalindungan diri ti roh-roh jahat.—Baca 1 Korinta 10:21.

12. Pananya naon waé nu kudu dilenyepan ngeunaan hiburan?

12 Pariksa hiburan Sadérék. Pék lenyepan, ’Naha abdi maca buku, majalah, atawa artikel nu aya patalina jeung hal-hal gaib? Kumaha jeung musik, film, acara TV, atawa video game abdi? Naha hiburan abdi aya patalina jeung spiritisme? Naha eusina aya drakula, zombi, atawa kakuatan gaib? Naha sihir jeung jampé-jampé digambarkeun sabagé hal nu teu bahaya?’ Tangtu, teu kabéh hiburan ngeunaan fiksi atawa dongéng aya patalina jeung spiritisme. Waktu milih hiburan, sing boga tékad pikeun nyingkahan sajauh-jauhna hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa. Urang hayang sabisa-bisa ”ngajaga haté sanubari nu bersih” di payuneun Allah.—Ras. 24:16, Terjemahan Dunia Baru (NW). *

13. Naon nu ulah dilakukeun ku urang?

13 Ulah nyaritakeun carita-carita ngeunaan roh jahat. Dina hal ieu, urang hayang nyonto tuladan Yésus. (1 Pet. 2:21) Saacan datang ka bumi, Yésus hirup di sawarga jeung nyaho loba hal ngeunaan Sétan tur roh-roh jahat. Tapi, anjeunna teu nyaritakeun naon nu dilakukeun ku maranéhna. Yésus hayang méré kasaksian ngeunaan Yéhuwa lainna  rék nguar-nguarkeun carita ngeunaan Sétan. Urang bisa nyonto Yésus ku cara henteu nyebarkeun carita ngeunaan roh-roh jahat. Sabalikna, urang hayang haté urang pinuh ku ”kecap-kecap nu arendah”, nyaéta bebeneran.—Jab. 45:2.

Urang teu kudu sieun ka roh-roh jahat. Yéhuwa, Yésus, jeung para malaikat jauh leuwih kuat (Tingali paragrap 14-15) *

14-15. (a) Ku naon urang ulah kasieunan ku roh-roh jahat? (b) Naon buktina Yéhuwa ngajaga umat-Na kiwari?

14 Ulah kasieunan ku roh-roh jahat. Di dunya kiwari, hal-hal goréng bisa kaalaman ku urang. Kacilakaan, panyakit, malahan maot bisa ujug-ujug kajadian. Tapi, urang ulah mikir yén éta téh dibalukarkeun ku mahluk roh. Alkitab ngajelaskeun yén unggal jalma bisa ngalaman ”waktu jeung kajadian nu teu disangka-sangka”. (Pan. 9:11, NW) Yéhuwa geus némbongkeun yén kakuatan Mantenna jauh leuwih gedé ti batan roh-roh jahat. Misalna, Allah teu ngidinan Sétan maéhan Ayub. (Ayub 2:6) Di jaman Musa, Yéhuwa némbongkeun yén Mantenna leuwih kuat ti batan tukang sihir Mesir. (Bud. 8:18; 9:11) Ku lantaran dipasihan kakawasaan ku Yéhuwa, Yésus nu geus dimulyakeun bisa ngéléhkeun Sétan jeung roh-roh jahat tuluy ngabalangkeun maranéhna ka bumi. Jeung sakeudeung deui, maranéhna bakal digebluskeun ka guha kereman sarta teu bisa nyilakakeun sasaha.—Wahyu 12:9; 20:2, 3.

15 Urang ningali loba bukti Yéhuwa ngajaga umat-Na kiwari. Pék pikirkeun: Urang ngawawarkeun jeung ngajarkeun bebeneran di sakuliah dunya. (Mat. 28:19, 20) Hasilna, pagawéan Iblis nu jahat dibolékérkeun. Tangtu lamun bisa mah Sétan bakal ngeureunkeun kagiatan urang, tapi manéhna teu bisa. Jadi, ulah kasieunan ku roh-roh jahat. Urang nyaho yén Yéhuwa ”teu weleh neuteup-neuteup ngawaskeun ka saalam dunya, seja maparin pitulung ka sing saha anu suhud hate ka Mantenna”. (2 Bab. 16:9) Lamun urang satia ka Yéhuwa, roh-roh jahat moal bisa nyilakakeun urang nepi ka urang teu bisa hirup langgeng.

 BERKAH PIKEUN JALMA-JALMA NU NARIMA PITULUNG YÉHUWA

16-17. Urang kudu wani ngalawan roh-roh jahat. Béré contona.

16 Butuh kawani pikeun ngalawan roh-roh jahat, utamana lamun babaturan atawa baraya urang nu niatna alus nentang urang. Tapi, Yéhuwa ngaberkahan saha waé nu wani siga kitu. Perhatikeun conto saurang sadérék istri nu ngaranna Erica ti Ghana. Erica umurna 21 taun waktu diajar Alkitab. Bapana téh dukun, jadi manéhna kudu miluan kabiasaan nu aya patalina jeung spiritisme. Manéhna dititah ngadahar daging urut sasajén. Waktu Erica nolak, kulawargana nganggap éta téh ngahina para karuhun nu disembah bapana. Kulawargana yakin maranéhna bakal dihukum ku panyakit méntal jeung fisik.

17 Kulawarga Erica maksa manéhna pikeun ngajalankeun kabiasaan éta, tapi manéhna tetep nolak sanajan kudu ninggalkeun imah. Sababaraha Saksi narima manéhna cicing di imahna. Erica saolah-olah dipasihan kulawarga nu anyar ku Yéhuwa. (Mar. 10:29, 30) Sanajan manéhna teu diaku ku kulawargana jeung pangabogana diduruk, Erica tetep satia ka Yéhuwa, dibaptis, jeung ayeuna jadi panaratas biasa. Manéhna teu kasieunan ku roh jahat. Ngeunaan kulawargana, Erica ngomong, ”Unggal poé, abdi ngadoakeun kulawarga abdi sangkan bisa ngarasakeun berkahna wanoh ka Yéhuwa jeung kabébasan lantaran ngawula Allah nu nyaahan.”

18. Naon waé berkahna lamun ngandel ka Yéhuwa?

18 Teu kabéh kudu nyanghareupan ujian iman nu sakitu beuratna. Tapi, urang kabéh kudu ngalawan roh-roh jahat jeung ngandel ka Yéhuwa. Lamun éta dilampahkeun, urang bakal narima loba berkah jeung moal disasabkeun ku kabohongan Sétan. Urang ogé moal kasieunan teuing nepi ka eureun ngawula Yéhuwa. Nu pangutamana, sosobatan urang jeung Yéhuwa bakal beuki kuat. Ceuk Yakobus, ”Masing sumerah ka Allah. Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti aranjeun. Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.”—Yak. 4:7, 8.

KAWIH 150 Andelkeun Allah Sangkan Salamet

^ par. 5 Ku lantaran nyaah, Yéhuwa ngélingan urang ngeunaan roh-roh jahat jeung bahayana. Kumaha roh-roh jahat nyasabkeun jalma-jalma? Kumaha carana urang bisa ngalawan roh-roh jahat? Artikel ieu bakal ngabahas kumaha Allah mantuan urang sangkan teu disasabkeun.

^ par. 3 KATERANGAN TAMBAHAN: Spiritisme téh maksudna kapercayaan atawa kabiasaan nu aya patalina jeung roh-roh jahat. Ieu kaasup kapercayaan yén roh hiji jalma masih hirup kénéh sanajan awakna geus maot. Tuluy, roh éta bisa ngobrol jeung nu hirup hususna liwat dukun. Spiritisme ogé kaasup élmu sihir jeung élmu ramal. Dina ieu artikel, nu disebut sihir téh nyaéta kabiasaan nu aya patalina jeung élmu gaib atawa kakuatan supernatural. Ieu kaasup jampé-jampé pikeun ngutuk atawa nyinglar tina kutukan.

^ par. 12 Kokolot teu boga wewenang pikeun nyieun aturan ngeunaan hiburan. Unggal urang Kristen kudu ngagunakeun haté sanubarina nu geus dilatih ku Alkitab waktu milih bacaan, tongtonan, atawa game. Kapala kulawarga nu bijaksana bakal mastikeun hiburan kulawargana luyu jeung prinsip Alkitab.—Tingali artikel jw.org® Naha Aya Film, Buku, atawa Lagu nu Dilarang ku Saksi-Saksi Yéhuwa?” di bagian NGEUNAAN URANG > PANANYA NU UMUM.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Gambaran Yésus sabagé Raja nu kuat keur mingpin pasukan malaikat di sawarga.