”Kana maksud-maksud Iblis teh urang geus teu bireuk deui.”​—2 KOR. 2:11.

KAWIH: 150, 32

1. Sanggeus Adam jeung Hawa ngadosa, naon nu dijelaskeun ku Yéhuwa ngeunaan musuh urang?

ADAM nyaho yén oray teu bisa ngomong. Jadi, waktu aya oray nu ngomong ka Hawa, Adam bisa jadi sadar yén nu ngomong téh mahluk roh. (Kaj. 3:1-6) Adam jeung Hawa teu apal saha mahluk roh éta. Tapi, Adam milih ngabalad ka mahluk nu teu dikenal ieu jeung barontak ka Bapana di sawarga. (1 Tim. 2:14) Yéhuwa langsung ngajelaskeun yén musuh jahat ieu bakal dibinasakeun. Tapi, Yéhuwa ngélingan yén saacanna dibinasakeun, mahluk nu ngomong liwat oray éta bakal ngamusuh jalma-jalma nu mikanyaah Allah.​—Kaj. 3:15.

2, 3. Bisa jadi, naon sababna Yéhuwa teu masihan loba rincian ngeunaan Sétan saacan datangna Mésias?

2 Yéhuwa teu pernah nyebutkeun ngaran malaikat nu barontak ka Mantenna. * (Tingali catetan handap.) Dua rébu lima ratus taun sanggeus kajadian di Éden, kakara Yéhuwa  nyingkabkeun saha malaikat nu barontak éta. (Ayub 1:6, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Manéhna dilandi ”Sétan”, nu hartina ”Tukang Ngalawan”. Dina basa aslina, Kitab-Kitab Ibrani ngan nyebutkeun Sétan di tilu buku, nyaéta di 1 Babad, Ayub, jeung Jakaria. Ku naon ngan aya saeutik katerangan ngeunaan musuh ieu saacan Mésias datang?

3 Dina Kitab-Kitab Ibrani, Yéhuwa teu ngasupkeun loba rincian ngeunaan Sétan jeung lalampahanana. Ieu lantaran Kitab-Kitab Ibrani ditulis supaya jalma-jalma nyaho saha Mésias tuluy jadi muridna. (Luk. 24:44; Gal. 3:24) Waktu Mésias datang, Yéhuwa ngagunakeun anjeunna jeung murid-muridna pikeun nyingkabkeun leuwih loba ngeunaan Sétan jeung baladna. * (Tingali catetan handap.) Ieu cocog lantaran Yésus jeung kaom kaistrén bakal digunakeun Yéhuwa pikeun ngabinasakeun Sétan jeung baladna.​—Rum 16:20; Wahyu 17:14; 20:10.

Ku bantuan Yéhuwa, Yésus, jeung malaikat nu satia, urang bisa ngalawan musuh

4. Naon sababna urang teu perlu sieun ka Iblis?

4 Rasul Pétrus ngagambarkeun Sétan Si Iblis saperti ’singa nu guar-gaur’. Yohanes nyebut manéhna ”naga” jeung ”oray”. (1 Pet. 5:8; Wahyu 12:8, 9) Tapi, urang teu perlu sieun ka Iblis sabab kawasana kawates. (Baca Yakobus 4:7.) Urang dijaga ku Yéhuwa, Yésus, jeung para malaikat nu satia. Ku bantuan éta, urang bisa ngalawan musuh urang. Tapi, urang kudu nyaho jawaban ti tilu pananya penting ieu: Sakumaha gedé pangaruh Sétan? Kumaha carana Sétan mangaruhan jalma-jalma? Jeung naon nu teu bisa dilakukeun ku manéhna? Hayu urang bahas pananya-pananya ieu jeung palajaranana pikeun urang.

SAKUMAHA GEDÉ PANGARUH SÉTAN?

5, 6. Ku naon pamaréntah manusa moal bisa mawa parobahan nu bener-bener dibutuhkeun?

5 Loba malaikat ngagabung jeung Sétan barontak ka Allah. Saacan Caah Gedé, Sétan ngagoda sababaraha malaikat pikeun ngalakukeun hubungan séks jeung awéwé-awéwé di bumi. Dina Alkitab, ieu dilambangkeun saperti naga nu dibalangkeun ka bumi nu ngadudut sapertilu béntang-béntang. (Kaj. 6:1-4; Yud. 6; Wahyu 12:3, 4) Waktu para malaikat ieu ninggalkeun kulawarga Allah, maranéhna milih Sétan pikeun jadi pangawasana. Ulah ngabayangkeun yén maranéhna téh teu diorganisasi. Di alam roh, Sétan ngadegkeun pamaréntahanana sorangan niru-niru Karajaan Allah. Sétan ngajadikeun dirina raja sarta ngaorganisasi roh-roh jahat, méré kawasa ka maranéhna sarta ngangkat maranéhna jadi pangawasa-pangawasa di dunya.​—Epe. 6:12.

6 Sétan ngagunakeun organisasina pikeun  ngadalikeun pamaréntahan manusa. Buktina téh waktu Yésus ditémbongan ”sakabeh karajaan di alam dunya”, Sétan ngomong, ”Eta sagala kakawasaan jeung kabeungharan ku kaula rek diserenkeun ka Anjeun, . . . sabab kabeh geus dipasrahkeun ka kaula, jadi kaula kawasa mikeun ka saha bae cocogna hate.” (Luk. 4:5, 6) Mémang, loba pamaréntah nyadiakeun hal-hal hadé keur rahayatna, sarta aya ogé pangawasa nu boga niat ngabantu rahayat. Tapi, moal aya pangawasa manusa nu bisa mawa parobahan nu bener-bener dibutuhkeun.​—Jab. 146:3, 4; Wahyu 12:12.

7. Salian ti ngagunakeun pamaréntah, kumaha Sétan ngagunakeun agama palsu jeung sistim dagang? (Tingali gambar dina awal artikel.)

7 Sétan jeung roh-roh jahat ogé ngagunakeun agama palsu jeung sistim dagang pikeun nyasabkeun ”saalam dunya”, atawa kabéh manusa. (Wahyu 12:9) Agama palsu digunakeun pikeun nyebarkeun kabohongan ngeunaan Yéhuwa, malahan nyamunikeun nami Allah. (Yer. 23:26, 27) Balukarna, sababaraha jalma nu soléh ngarasa maranéhna keur nyembah ka Allah padahal mah ka roh-roh jahat. (1 Kor. 10:20; 2 Kor. 11:13-15) Sistim dagang ogé digunakeun pikeun nyebarkeun kabohongan, saperti pandangan yén duit jeung harta banda téh konci kabagjaan. (Sil. 18:11) Nu percaya kana kabohongan ieu jadi ”ngawula kana duit” lainna ka Allah. (Mat. 6:24) Sanajan maranéhna pernah mikanyaah Allah, kanyaah kana harta banda jadi leuwih kuat nepi ka kanyaah ka Allah jadi leungit.​—Mat. 13:22; 1 Yoh. 2:15, 16.

Urang kudu milih naha rék mihak Yéhuwa atawa Sétan

8, 9. (a) Tina barontakna Adam, Hawa, jeung para malaikat, urang diajar dua hal penting naon? (b) Naon mangpaatna lamun urang nyaho yén Sétan nu ngadalikeun dunya ieu?

8 Tina barontakna Adam, Hawa, jeung para malaikat, urang diajar dua hal penting. Kahiji, urang ngan boga dua piliheun, sarta kudu milih salah sahiji, rék mihak Yéhuwa atawa Sétan. (Mat. 7:13) Kadua, urang ngarti yén mihak ka Sétan téh saeutik mangpaatna. Adam jeung Hawa mémang jadi bisa mutuskeun sorangan mana nu bener jeung nu salah. Roh-roh jahat ogé bisa ngawasaan pamaréntah manusa. (Kaj. 3:22) Tapi, lamun mihak ka Sétan, balukar goréngna pasti leuwih loba ti batan mangpaatna!​—Ayub 21:7-17; Gal. 6:7, 8.

9 Naon mangpaatna lamun urang nyaho yén Sétan nu ngadalikeun dunya ieu? Urang jadi boga pandangan nu bener ngeunaan pamaréntah jeung kageuing pikeun terus ngawawarkeun warta hadé. Yéhuwa hoyong urang ngajénan pamaréntah. (1 Pet. 2:17) Mantenna miharep urang taat ka hukum pamaréntah salila éta teu papalingpang jeung papakon-Na. (Rum 13:1-4) Tapi, urang gé nyaho yén kudu tetep nétral jeung moal ngadukung partéy pulitik atawa pamingpin manusa. (Yoh. 17:15, 16; 18:36) Lantaran nyaho yén Sétan nyamunikeun  jeung ngagogoréng nami Yéhuwa, urang bakal satékah polah ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah. Urang reueus nyandang sarta ngagunakeun nami-Na. Nyaah ka Allah mawa kauntungan nu leuwih gedé ti batan nyaah kana duit atawa harta banda.​—Yes. 43:10; 1 Tim. 6:6-10.

KUMAHA CARANA SÉTAN MANGARUHAN JALMA-JALMA?

10-12. (a) Eupan naon nu digunakeun ku Sétan pikeun ngagoda malaikat? (b) Urang meunang palajaran naon ti para malaikat nu barontak?

10 Sétan boga cara-cara nu matih pikeun mangaruhan jalma-jalma sangkan nurut ka manéhna. Manéhna bisa ngagunakeun eupan keur ngagoda atawa bisa ogé ngagunakeun tangtangan pikeun nindes.

11 Sétan ngagunakeun eupan pikeun ngagoda loba malaikat. Bisa jadi Sétan geus lila merhatikeun para malaikat pikeun nyaho naon eupan nu cocog keur maranéhna. Sababaraha malaikat beunang ku eupan éta tuluy ngalakukeun hubungan séks jeung awéwé-awéwé. Barudakna téh raksasa nu telenges ka jalma-jalma di sakurilingeunana. (Kaj. 6:1-4) Tapi teu ngan saukur ngagunakeun lampah cabul, Sétan gé bisa jadi ngajangjikeun yén maranéhna bakal ngawasaan manusa. Ku cara kitu, bisa jadi Sétan hayang ngagagalkeun nubuat Yéhuwa ngeunaan ’turunan éta awéwé’. (Kaj. 3:15, NW) Tapi, Yéhuwa teu ngantep. Mantenna ngadatangkeun Caah Gedé pikeun ngagagalkeun rencana Sétan jeung roh-roh jahat.

Sétan ngagoda urang ku lampah cabul, kasombongan, jeung hal-hal gaib (Tingali paragrap 12, 13)

12 Naon palajaranana? Lampah cabul jeung kasombongan téh eupan nu matih. Para malaikat nu jadi balad Sétan geus lila pisan aya di sawarga babarengan jeung Allah! Sanajan kitu, lolobana henteu miceun kahayangna nu salah, sarta kahayangna jadi beuki kuat. Urang kudu inget yén teu sual sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, kahayang nu salah bisa akaran dina haté urang. (1 Kor. 10:12) Éta sababna urang kudu rutin  mariksa haté jeung miceun kabéh pikiran cabul sarta kasombongan!​—Gal. 5:26; baca Kolosa 3:5.

13. Naon eupan Sétan séjénna, jeung kumaha cara nyingkahanana?

13 Eupan Sétan séjénna téh nyaéta rasa panasaran kana hal-hal gaib. Kiwari, Sétan ngagunakeun agama palsu jeung hiburan sangkan jalma-jalma panasaran ka roh-roh jahat. Dina film, video game, jeung hiburan séjénna, hal-hal gaib katingali pikaresepeun. Kumaha cara nyingkahanana? Organisasi Allah moal méré daptar ngeunaan hiburan nu hadé jeung goréng. Urang kudu ngalatih haté sanubari sangkan bisa nyieun pilihan nu hadé luyu jeung prinsip-prinsip Yéhuwa. (Ibr. 5:14) Lamun boga kanyaah nu ”iklas” ka Allah, urang bakal nyieun pilihan nu bijaksana. (Rum 12:9) Jalma nu teu iklas atawa munapék mah omongan jeung lalampahanana béda. Jadi, waktu rék milih hiburan, pék lenyepan, ’Naha prinsip-prinsip nu diajarkeun ka batur téh dilampahkeun ogé ku abdi? Naon nu bakal dipikirkeun ku palajar Alkitab jeung jalma-jalma nu minat lamun ningali hiburan nu dipilih ku abdi?’ Ku cara nuturkeun prinsip-prinsip nu diajarkeun ka batur, urang bakal leuwih gampang nampik eupan Sétan.​—1 Yoh. 3:18.

Sétan nindes urang ku larangan pamaréntah, tangtangan ti batur sakola, jeung tangtangan ti kulawarga (Tingali paragrap 14)

14. Kumaha carana Sétan nindes urang, jeung kumaha urang bisa tetep pengkuh?

14 Sétan ogé nindes jeung nyingsieunan urang sangkan teu satia ka Yéhuwa. Misalna, Sétan bisa waé mangaruhan pamaréntah sangkan ngalarang pangwawaran urang. Manéhna bisa mangaruhan batur gawé atawa batur sakola pikeun ngaléléwé urang lantaran nuturkeun papakon Alkitab. (1 Pet. 4:4) Sanajan niatna alus, anggota kulawarga nu teu saiman bisa nyaram urang masamoan. (Mat. 10:36) Naon nu bisa dilakukeun ku urang sangkan tetep pengkuh? Urang teu héran kana serangan ieu lantaran nyaho Sétan téh keur merangan urang. (Wahyu 2:10; 12:17) Urang gé kudu inget yén Sétan nuduh urang ngawula  Yéhuwa lamun euweuh tangtangan, tapi lamun aya, urang bakal ninggalkeun Allah. (Ayub 1:9-11; 2:4, 5) Utamana, urang kudu terus ménta Yéhuwa pikeun nguatkeun urang. Inget, Yéhuwa moal ninggalkeun urang.​—Ibr. 13:5.

NU TEU BISA DILAKUKEUN KU SÉTAN

15. Naha Sétan bisa maksa urang ngalampahkeun hiji hal? Jelaskeun.

15 Sétan teu bisa maksa jalma ngalampahkeun hiji hal lamun jalmana sorangan embungeun. (Yak. 1:14) Loba jalma teu sadar yén maranéhna mihak ka Sétan. Tapi waktu diajar bebeneran, saurang jalma kudu milih rék mihak ka Yéhuwa atawa ka Sétan. (Ras. 3:17; 17:30) Salila urang boga tékad pikeun taat ka Allah, Sétan moal bisa ngancurkeun kasatiaan urang.​—Ayub 2:3.

16, 17. (a) Naon deui nu teu bisa dilakukeun ku Sétan jeung roh-roh jahat? (b) Ku naon urang teu kudu sieun ngadoa ku sora nu tarik?

16 Salian ti éta, Alkitab teu pernah nyebutkeun yén Sétan jeung roh-roh jahat bisa maca haté jeung pikiran urang. Ngan Yéhuwa jeung Yésus nu bisa. (1 Sam. 16:7; Mar. 2:8) Ku kituna, waktu ngadoa ku sora nu tarik, naha urang kudu sieun Iblis jeung roh-roh jahat bakal ngadéngékeun sarta ngagunakeun naon nu didoakeun pikeun nyerang urang? Henteu! Pikirkeun babandingan ieu: Urang teu sieun ngalampahkeun nu hadé waktu ngawula Yéhuwa sanajan Iblis bisa nempo urang. Kitu ogé, urang teu kudu sieun waktu ngadoa ku sora nu tarik sanajan Iblis bisa ngadéngékeun urang. Alkitab ogé nyebutkeun loba hamba Allah ngadoa ku sora nu tarik, tapi euweuh katerangan yén maranéhna sieun doana kadéngé ku Iblis. (1 Rja. 8:22, 23; Yoh. 11:41, 42; Ras. 4:23, 24) Lamun urang sabisa-bisa ngucapkeun jeung ngalampahkeun hal-hal nu luyu jeung kahoyong Allah, urang yakin Yéhuwa moal ngantep Iblis ngaleungitkeun harepan urang pikeun hirup langgeng.​—Baca Jabur 34:8.

17 Urang kudu apal ka musuh urang, tapi teu kudu sieun. Sanajan teu sampurna, urang bisa ngéléhkeun Sétan ku dukungan Yéhuwa! (1 Yoh. 2:14) Lamun urang ngalawan Sétan, manéhna bakal kabur. (Yak. 4:7; 1 Pet. 5:9) Kiwari, Sétan hususna nyerang barudak ngora. Kumaha maranéhna bisa ngalawan serangan Sétan? Ieu bakal dibahas dina artikel saterusna.

^ par. 2 Alkitab nyebutkeun sababaraha ngaran malaikat. (Hak. 13:18; Dan. 8:16; Luk. 1:19; Wahyu 12:7) Alkitab ogé nyebutkeun yén Yéhuwa masihan ngaran ka unggal béntang. (Jab. 147:4) Jadi, asup akal yén Yéhuwa ogé masihan ngaran ka kabéh malaikat, kaasup ka nu jadi Sétan.

^ par. 3 Dina basa aslina, ”Sétan” disebutkeun 18 kali dina Kitab-Kitab Ibrani, tapi leuwih ti 30 kali dina Kitab-Kitab Yunani Kristen.