”Kudu daraek silih anjrekkeun ulah bari kukulutus.”​—1 PET. 4:9.

KAWIH: 100, 87

1. Kasusah naon waé nu disanghareupan ku urang Kristen di abad kahiji?

DI ANTARA taun 62 jeung 64 M, Rasul Pétrus nulis ka dulur-dulur saimanna ”anu papencar di tempat-tempat pangungsian di Pontus, Galata, Kapadokia, Asia jeung di Bitinia”. (1 Pet. 1:1) Dulur-dulur ieu asalna ti daérah jeung kabudayaan nu béda-béda. Maranéhna ngalaman ”cocoba anu sakitu peurihna”, atawa panganiayaan, sarta butuh dikuatkeun jeung dibingbing. Maranéhna ogé hirup dina mangsa nu susah. Ceuk Pétrus, ”Sagala perkara geus deukeut kana panganggeusan.” Kurang ti sapuluh taun deui, Yérusalém bakal diancurkeun. Naon nu bisa ngabantu urang Kristen di mana waé tetep tabah nyanghareupan mangsa kasusah?​—1 Pet. 4:4, 7, 12.

2, 3. Naon sababna Pétrus ngajurung dulur-dulur saimanna pikeun silih anjrekkeun? (Tingali gambar dina awal artikel.)

2 Hiji hal nu dijurung ku Pétrus nyaeta ”silih anjrekkeun”. (1 Pet. 4:9) Dina basa Yunanina, ieu téh ngahartikeun  ”nyaah atawa bageur ka jalma nu can dikenal”. Tapi, Pétrus ngajurung dulur-dulur saimanna pikeun ”silih anjrekkeun” sanajan geus silih kenal jeung digawé babarengan. Naon mangpaatna?

3 Maranéhna jadi beuki raket. Naha Sadérék ogé inget bungahna campur gaul di imah hiji dulur saiman? Atawa basa Sadérék ngondang dulur saiman ka imah, naha sosobatan Sadérék jadi leuwih kuat? Ngondang dulur saiman téh cara nu hadé pikeun wanoh ka maranéhna. Urang Kristen nu sajaman jeung Pétrus kudu leuwih raket lantaran bakal nyanghareupan masalah nu leuwih susah. Urang gé kudu kitu dina ”ahir jaman” ieu.​—2 Tim. 3:1.

4. Pananya naon waé nu bakal dibahas dina ieu artikel?

4 Kumaha carana urang bisa ”silih anjrekkeun”? Naon nu bisa ngahalangan urang pikeun akuan ka sémah, sarta kumaha sakuduna sikep urang? Kumaha carana jadi sémah nu hadé?

CARA-CARA PIKEUN AKUAN KA SÉMAH

5. Kumaha carana akuan ka sémah di pasamoan?

5 Di pasamoan: Yéhuwa jeung organisasi-Na ngondang urang datang ka pasamoan. Urang hayang jalma nu datang masamoan téh ngarasa dibagéakeun, hususna nu anyaran datang. (Rum 15:7) Maranéhna ogé sémahna Yéhuwa, ku kituna urang perlu ngabagéakeun maranéhna, teu sual dangdanan atawa papakéanana. (Yak. 2:1-4) Lamun Sadérék ningali aya nu keur sorangan, naha Sadérék bisa ngajak manéhna diuk bareng? Manéhna tangtu resep lamun Sadérék ngajelaskeun acarana atawa mantuan néangan ayat nu keur dibaca. Ieu téh cara nu hadé pikeun akuan ka sémah.​—Rum 12:13.

6. Utamana, ka saha urang kudu akuan?

6 Ngopi jeung dahar bareng: Di jaman Alkitab, jalma-jalma ogé sering akuan ka sémah ku cara ngondang batur dahar bareng di imah. Ieu téh pikeun ngupayakeun karukunan jeung ngajalin sosobatan. (Kaj. 18:1-8; Hak. 13:15, 16; Luk. 24:28-30) Utamana, ka saha urang kudu akuan? Tangtu ka dulur saiman di sidang. Ku sabab kaayaan dunya ieu beuki ruksak, urang bakal butuh bantuan ti dulur saiman, urang gé kudu jadi sobat nu satia keur maranéhna. Taun 2011, Badan Pingpinan ngarobah jam Palajaran Warta Hadé pikeun kulawarga Bétel di Amerika Serikat, nu asalna jam 18.45 jadi 18.15. Naon sababna? Béwarana nyebutkeun yén anggota Bétel jadi leuwih gampang pikeun ngondang anggota Bétel séjénna atawa narima ondangan sanggeus palajaran éta. Cabang séjénna ogé ngalakukeun nu sarua. Ku kituna, para anggota kulawarga Bétel bisa silih wanoh.

Naha Sadérék bisa ngondang nu kakara pindah pikeun ngopi, dahar, atawa rékréasi?

7, 8. Kumaha urang bisa akuan ka panyatur tamu nu hutbah di sidang urang?

7 Sakapeung, sadérék ti sidang séjén, pangawas wilayah, atawa bisa waé wakil ti Bétel datang pikeun hutbah di sidang urang. Naha urang resep akuan ka maranéhna? (Baca 3 Yohanes 5-8.) Salah sahiji cara pikeun ngalakukeunana nyaéta ngondang maranéhna ka imah pikeun ngopi atawa dahar bareng.

8 Saurang sadérék istri ti Amerika Serikat  nineung, ”Geus mangtaun-taun, abdi jeung pun lanceuk ngondang loba panyatur tamu jeung pamajikanana ka imah.” Unggal ngondang, manéhna ngarasa resep bisa campur gaul jeung dikuatkeun imanna. Ceuk manéhna, ”Sanggeusna, urang duaan pasti ngarasa bungah.”

9, 10. (a) Keur saha waé urang bisa nyadiakeun pamondokan? (b) Naha nu imahna leutik bisa ngarélakeun diri? Béré contona.

9 Nyadiakeun pamondokan: Di jaman Alkitab, geus jamak nyadiakeun pamondokan keur sémah. (Ayub 31:32; Pilm. 22) Kiwari ogé sarua. Pangawas wilayah biasana butuh pamondokan waktu nganjangan hiji sidang. Kitu ogé jeung siswa ti sakola-sakola téokratis jeung sukarélawan pangwangunan. Salian ti éta, kumaha jeung dulur saiman nu kaleungitan imah lantaran musibat alam? Maranéhna tangtu perlu panyicingan nepi ka imahna dioméan. Ulah nganggap yén sadérék nu imahna gedé wungkul nu bisa mantuan. Bisa jadi maranéhna geus sering ngalakukeun hal éta. Naha Sadérék réla nyadiakeun panyicingan sanajan imah Sadérék leutik?

10 Saurang sadérék di Korea Selatan nineung basa siswa ti sakola-sakola téokratis mondok di imahna. Manéhna nulis, ”Mimitina abdi rada hamham lantaran kakara nikah jeung imah abdi téh leutik. Tapi, nyadiakeun pamondokan keur maranéhna bener-bener pangalaman nu ngabungahkeun. Salaku pangantén anyar, abdi duaan jadi bisa ningali bagjana pasangan nu ngawula Yéhuwa jeung ngudag cita-cita rohani babarengan.”

11. Ku naon sadérék-sadérék nu kakara pindah ka sidang Sadérék kudu dibagéakeun?

11 Ngabagéakeun sadérék-sadérék nu kakara pindah: Bisa jadi aya dulur saiman atawa kulawarga nu pindah ka sidang Sadérék. Bisa waé ieu lantaran sidang Sadérék téh butuh bantuan. Atawa maranéhna téh panaratas nu ditugaskeun ka sidang Sadérék. Ieu parobahan gedé keur maranéhna. Maranéhna kudu nyaluyukeun diri jeung daérah nu anyar, sidang nu anyar, malahan basa atawa kabudayaan nu anyar. Naha Sadérék bisa ngondang maranéhna pikeun ngopi, dahar, atawa rékréasi babarengan? Lamun kitu, maranéhna bisa boga sobat nu anyar jeung ngarasa betah.

12. Pangalaman naon nu némbongkeun yén Sadérék teu kudu nyiapkeun loba hal pikeun akuan ka sémah?

12 Sadérék teu kudu nyiapkeun loba hal pikeun akuan ka sémah. (Baca Lukas 10:41, 42.) Hiji sadérék nineung basa manéhna jeung pamajikanana kakara jadi misionaris, ”Urang duaan téh ngora kénéh, can pangalaman, jeung sono ka kulawarga. Hiji peuting, pun bojo keur sono-sonona ka kulawarga, jeung teu bisa dililipur ku abdi. Tuluy, kira-kira jam satengah dalapan aya nu ngetok panto. Aya hiji palajar Alkitab  nu datang bari mawakeun tilu jeruk. Manéhna hayang ngabagéakeun abdi duaan. Jadi, abdi ngondang manéhna asup jeung méré ci hérang. Tuluy, abdi nyadiakeun ci entéh jeung coklat haneut. Abdi duaan can ngarti basa Swahili, manéhna ogé teu ngarti basa Inggris.” Sadérék ieu ngomong yén pangalaman éta ngabantu manéhna ngajalin sosobatan jeung dulur saiman di ditu sarta jadi leuwih bagja.

ULAH AYA NU NGAHALANGAN SADÉRÉK AKUAN KA SÉMAH

13. Naon mangpaatna sipat akuan keur Sadérék?

13 Naha Sadérék asa-asa pikeun akuan ka sémah? Lamun kitu, Sadérék moal ngarasakeun bungahna campur gaul sarta kasempetan pikeun ngajalin sosobatan nu langgeng. Ieu cara panghadéna supaya Sadérék teu ngarasa sepi. Tapi, ku naon aya nu asa-asa pikeun akuan ka sémah? Aya sababaraha alesan.

14. Naon nu bisa dilakukeun lamun urang teu boga waktu jeung tanaga pikeun akuan ka sémah?

14 Waktu jeung tanaga: Umat Yéhuwa sibuk jeung boga loba tanggung jawab. Aya nu ngarasa teu boga waktu jeung tanaga pikeun akuan ka sémah. Lamun éta nu dirasakeun, Sadérék bisa jadi perlu nyaluyukeun jadwal sangkan bisa ngondang batur sarta narima ondangan ti batur. Ieu téh hal nu bener pikeun dilampahkeun sabab Alkitab ngajurung urang pikeun akuan ka batur. (Ibr. 13:2) Tapi sangkan bisa akuan ka sémah, Sadérék bisa jadi kudu ngurangan waktu pikeun hal-hal nu teu pati penting.

15. Ku naon aya jalma nu ngarasa teu sanggup akuan ka sémah?

15 Parasaan Sadérék ngeunaan diri sorangan: Naha Sadérék hayang akuan ka sémah tapi ngarasa teu sanggup? Bisa jadi Sadérék téh éraan jeung sieun sémahna bakal bosen. Atawa, lantaran teu boga loba duit Sadérék hariwang teu bisa loba barang béré siga batur. Aya ogé nu ngarasa imahna saderhana jeung leutik teuing pikeun narima sémah. Tapi inget, nu penting mah lain imah nu méwah, tapi nu bersih jeung rapih. Sémah Sadérék gé bakal resepeun lamun Sadérék soméah.

16, 17. Naon nu bisa dilakukeun lamun Sadérék hariwang waktu rék narima sémah?

16 Lain Sadérék wungkul nu hariwang rék narima sémah téh. Saurang kokolot di Inggris ngaku, ”Mémang, aya parasaan hariwang lamun rék narima sémah. Tapi siga kagiatan ngawula Yéhuwa séjénna, akuan ka sémah téh mawa mangpaat jeung kasugemaan nu leuwih gedé ti batan kahariwanganana. Abdi geus ngarasakeun yén ngobrol bari ngopi gé geus resep.” Nu bisa ngabantu téh biasana némbongkeun perhatian ka sémah. (Pil. 2:4) Kalolobaan jalma resep nyaritakeun pangalaman hirupna. Urang bisa ngadéngékeun pangalaman maranéhna lamun ngumpul bareng jeung maranéhna. Kokolot séjénna nulis, ”Ku cara ngondang sadérék-sadérék di sidang ka imah, abdi jadi leuwih paham jeung wanoh ka maranéhna, contona kumaha maranéhna bisa jadi Saksi.” Lamun Sadérék perhatian ka sémah, tangtu kabéh bakal ngarasa betah.

17 Saurang panaratas istri nu imahna  sering dipaké mondok ku siswa sakola-sakola téokratis ngaku, ”Mimitina abdi hariwang lantaran imah abdi saderhana, parabotna gé urut batur. Tapi, kekecapan ti salah sahiji pamajikan instruktur nengtremkeun abdi. Manéhna ngomong yén basa keur nganjangan sidang-sidang, nu paling nyenangkeun téh basa mondok di imah saurang sadérék nu saderhana, tapi boga pamikiran rohani jeung boga tujuan nu sarua, nyaéta ngawula Yéhuwa sarta hirup basajan. Abdi jadi inget ka kekecapan pun biang waktu abdi leutik kénéh, ’Mending keneh dahar saukur jeung lalab jeung jalma nu dipikanyaah.’” (Sil. 15:17) Jadi, teu perlu ngarasa hariwang, sabab nu pangpentingna mah kanyaah urang ka sémah.

18, 19. Ku naon parasaan négatif ka hiji jalma bisa dileungitkeun ku cara ngondang manéhna?

18 Parasaan Sadérék ka batur: Naha aya jalma di sidang nu pernah nganyenyeri Sadérék? Lamun teu dilawan, parasaan négatif éta bakal tetep aya. Bisa jadi Sadérék moal ngondang manéhna ku lantaran sipatna teu dipikaresep ku Sadérék. Atawa aya jalma nu baheula pernah nganyenyeri Sadérék, jeung hésé dipopohokeunana.

19 Numutkeun Alkitab, Sadérék bisa nguatkeun hubungan jeung batur, malahan jeung musuh, ku cara akuan ka sémah. (Baca Siloka 25:21, 22.) Sadérék bisa ngaleungitkeun parasaan négatif sarta leuwih akur ka hiji jalma ku cara ngondang manéhna ka imah.  Sadérék bisa jadi mulai ningali sipat-sipat hadé manéhna, nu ditingali ku Yéhuwa basa narik manéhna ka bebeneran. (Yoh. 6:44) Lamun kanyaah ngageuing Sadérék pikeun ngondang hiji jalma nu teu nyangka bakal diondang, sosobatan bisa kajalin. Kumaha carana mastikeun yén urang dijurung ku kanyaah? Salah sahijina nyaéta ngalarapkeun naséhat di Pilipi 2:3, ”Sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.” Urang kudu mikirkeun dina hal naon waé dulur saiman urang téh leuwih hadé ti urang. Bisa jadi iman, katabahan, atawa sipat-sipat Kristen maranéhna bisa diconto ku urang. Ku cara mikirkeun sipat-sipat hadéna, urang bakal leuwih nyaah jeung leuwih gampang pikeun ngondang maranéhna.

SING JADI SÉMAH NU HADÉ

Nu ngondang biasana siap-siap ngabagéakeun sémahna (Tingali paragrap 20)

 

20. Ku naon urang sakuduna teu jalir lamun geus jangji rék datang? Kumaha cara ngupayakeunana?

20 Daud nu nulis jabur nanya, ”Nun PANGERAN, saha anu diwidian marek ka Bait Gusti?” (Jab. 15:1) Sanggeusna, Daud ngabahas sipat-sipat nu dipiharep Yéhuwa ti sémah-Na. Salah sahijina nyaéta ”kana jangji tara jalir sanajan matak rugi ka dirina”. (Jab. 15:4) Lamun urang jangji rék datang, ulah dibatalkeun, kajaba bener-bener kapaksa. Nu ngondang bisa jadi geus siap-siap, jadi lamun urang ngabatalkeun, upayana bakal mubadir. (Mat. 5:37) Aya jalma nu ngabatalkeun jangji lantaran aya ondangan nu leuwih alus. Naha manéhna ngajénan jeung mikanyaah nu ngondang? Urang kudu ngahargaan naon waé nu disadiakeun ku nu ngondang. (Luk. 10:7) Lamun urang kapaksa ngabatalkeun jangji, béjaan manéhna jauh saacanna. Éta némbongkeun yén urang nyaah jeung rasrasan ka manéhna.

21. Ku naon ngajénan kabiasaan di hiji daérah téh penting?

21 Penting ogé ngajénan kabiasaan di daérah urang. Di sababaraha kabudayaan, sémah nu teu diondang gé dibagéakeun. Di kabudayaan séjén mah leuwih pantes lamun nyieun jangji heula saacanna. Di sababaraha tempat, sémah téh dibéré dahareun nu pangeunahna, ari nu boga imah mah meunang sésana. Di tempat séjén, teu aya nu diistiméwakeun. Di sababaraha daérah, geus jamak lamun sémah barang bawa pikeun didahar babarengan. Di daérah séjén, sémah teu kudu mawa nanaon. Aya kabudayaan nu nganggap sopan sémah nu teu langsung narima ondangan. Tapi di kabudayaan séjén, nolak ondangan téh dianggap teu sopan. Urang kudu ngupayakeun sangkan nu ngondang urang ngarasa bungah.

22. Ku naon penting pisan pikeun ”silih anjrekkeun”?

22 Ceuk Pétrus, ”Sagala perkara geus deukeut kana panganggeusan.” (1 Pet. 4:7) Kiwari, urang bakal nyanghareupan mangsa cilaka nu kacida susahna. Beuki ruksak kaayaan dunya ieu, kudu beuki kuat kanyaah urang ka dulur saiman. Naséhat Pétrus pikeun ”silih anjrekkeun” kudu leuwih dilarapkeun ayeuna. (1 Pet. 4:9) Jadi, akuan ka sémah téh penting jeung mawa kabungah pikeun ayeuna jeung salawasna.