”Yéhuwa ngadisiplin jalma-jalma nu dipikanyaah ku Mantenna.”​—IBR. 12:6, Terjemahan Dunia Baru (NWT).

KAWIH: 123, 86

1. Kumaha Alkitab ngajelaskeun disiplin?

NAON nu kabayang ku Sadérék waktu ngadéngé kecap ”disiplin”? Loba nu mikir yén disiplin téh hukuman, tapi lain éta wungkul. Alkitab ngajelaskeun yén disiplin téh alus keur urang. Kecap ieu ogé osok disebutkeun bareng jeung kanyaho, hikmah, asih, jeung hirup. (Sil. 1:2-7; 4:11-13) Ieu téh lantaran disiplin Allah ngabuktikeun yén Mantenna asih ka urang jeung hayang urang hirup langgeng. (Ibr. 12:6, NWT) Sanajan disiplin ti Allah sakapeung mangrupa hukuman, éta moal kejem jeung nyilakakeun urang. Justru harti nu pangpentingna tina kecap ”disiplin” téh aya patalina jeung piwuruk, saperti piwuruk kolot ka budakna nu dipikanyaah.

2, 3. Piwuruk jeung hukuman téh bagian tina disiplin. Jelaskeun. (Tingali gambar dina awal artikel.)

2 Pék pikirkeun conto ieu. Hiji budak leutik nu ngaranna Cécép maén bal di jero imah. Indungna ngomong, ”Cép, ulah maén bal di jero imah! Engké manéh ngaruksak barang  geura.” Tapi, manéhna bedegong, tetep ulin di jero imah. Balna neunggar pot kembang nepi ka peupeus! Kumaha indungna méré disiplin? Indungna ngawurukan ku cara ngajelaskeun ku naon Cécép téh salah. Manéhna hayang Cécép sadar pentingna taat ka kolot sarta ngajelaskeun yén aturan di imah téh perlu jeung henteu beurat. Sangkan Cécép leuwih inget, indungna méré hukuman ku cara nyokot balna, teu meunang maén bal deui sababaraha waktu. Cécép sedih, tapi manéhna jadi inget yén teu taat ka kolot téh aya balukarna.

3 Salaku urang Kristen, urang téh bagian ti kulawarga Allah. (1 Tim. 3:15) Bapa urang, Yéhuwa, boga hak pikeun nangtukeun nu bener jeung nu salah sarta ngadisiplin ku kaasih lamun urang teu taat. Disiplin bisa nyababkeun urang ngarasakeun balukar tina lalampahan nu salah, jadi urang bakal leuwih inget kana pentingna taat ka Yéhuwa. (Gal. 6:7) Allah nyaah pisan ka urang jeung teu hayang urang nalangsa.​—1 Pet. 5:6, 7.

4. (a) Yéhuwa hoyong urang ngalatih batur ku cara nu siga kumaha? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

4 Waktu méré disiplin nu dumasar kana Alkitab, urang bisa ngabantu budak atawa palajar Alkitab pikeun jadi murid Kristus. Urang ngagunakeun Alkitab pikeun ngajarkeun nu bener sarta ngabantu palajar Alkitab paham jeung ’ngalakonan sagala perkara anu ku Yesus geus diparentahkeun’. (Mat. 28:19, 20; 2 Tim. 3:16) Yéhuwa hoyong maranéhna dilatih sangkan engkéna bisa ngajar nu séjén pikeun jadi murid Kristus. (Baca Titus 2:11-14.) Ayeuna, hayu urang bahas tilu pananya penting: (1) Ku naon disiplin Allah ngabuktikeun asih Mantenna? (2) Urang diajar naon tina jalma-jalma nu didisiplin ku Allah? (3) Kumaha urang bisa nyonto cara Yéhuwa jeung Putra-Na dina ngadisiplin?

ALLAH NGADISIPLIN KU KAASIH

5. Kumaha Yéhuwa némbongkeun kanyaah waktu ngadisiplin urang?

5 Lantaran nyaah ka urang, Yéhuwa mépélingan, ngadidik, jeung ngalatih urang. Allah hoyong urang tetep raket ka Mantenna sarta hirup langgeng. (1 Yoh. 4:16) Mantenna tara ngahina atawa nyieun urang ngarasa euweuh hargaan. (Sil. 12:18) Justru, Yéhuwa merhatikeun sipat-sipat hadé sarta ngajénan kabébasan milih urang. Naha Sadérék bisa ningali yén disiplin nu ditepikeun liwat Alkitab, publikasi, indung bapa, atawa kokolot sidang ngabuktikeun kanyaah Yéhuwa? Sabenerna,  waktu kokolot mépélingan urang ku cara nu lemah lembut sateuacan urang sadar geus ngalampahkeun nu salah, maranéhna téh keur nyonto kaasih Yéhuwa.​Gal. 6:1.

6. Kumaha kanyaah Allah katingali sanajan hiji jalma nu di didisiplin kaleungitan tanggung jawabna di sidang?

6 Sakapeung, didisiplin téh teu ngan saukur dipépélingan. Lamun hiji jalma nyieun dosa gedé, manéhna bakal kaleungitan sababaraha tugas di sidang. Sanajan kitu, disiplin éta némbongkeun kanyaah Allah ka manéhna. Contona, manéhna bisa paham kana pentingna nyadiakeun waktu keur maca Alkitab, ngalenyepanana, jeung ngadoa. Hal-hal ieu bisa nguatkeun sosobatan manéhna jeung Yéhuwa. (Jab. 19:8) Dina waktuna, manéhna bisa narima deui tanggung jawab atawa tugas di sidang. Dipecatna hiji jalma ogé ngabuktikeun kanyaah Yéhuwa sabab éta bisa nyalindungan sidang ti pangaruh nu goréng. (1 Kor. 5:6, 7, 11) Lantaran disiplin ti Allah téh henteu kaleuleuwihi, jalma nu dipecat bisa sadar yén dosana téh sérius sarta kageuing pikeun tobat.​—Ras. 3:19.

DISIPLIN TI YÉHUWA MAWA MANGPAAT

7. Saha Sébna téh, jeung manéhna mekarkeun sipat goréng naon?

7 Pikeun paham kana pentingna disiplin, hayu urang bahas dua conto jalma nu didisiplin ku Yéhuwa. Nu kahiji nyaéta Sébna, manéhna téh urang Israil nu hirup di jaman Raja Hiskia. Nu kadua nyaéta Graham, nu hirup di jaman ayeuna. Sébna téh ’kapala karatonna’ Raja Hiskia sarta boga loba wewenang. (Yes. 22:15) Tapi, Sébna jadi sombong jeung hayang dianggap penting. Ieu katingali basa manéhna nyieun kuburan méwah keur dirina jeung numpak ”kareta-kareta perang”.​—Yes. 22:16-18.

Lamun urang rendah haté jeung réla barobah, Allah bakal ngaberkahan urang (Tingali paragrap 8-10)

8. Kumaha Yéhuwa ngadisiplin Sébna, jeung naon hasilna?

8 Ku sabab Sébna hayang ngamulyakeun dirina, Yéhuwa masihkeun tugas  manéhna ka Élyakim. (Yes. 22:19-21) Ieu kajadian basa Raja Sanhérib ti Asur rék narajang Yérusalém. Ka dieunakeun, Sanhérib ngutus sababaraha gegedén jeung balad gedé pikeun nyingsieunan urang Yuda sarta maksa Raja Hiskia nyerah. (2 Rja. 18:17-25) Hiskia ngutus Élyakim jeung dua gegedén pikeun nepungan maranéhna. Salah sahiji nu diutus téh Sébna nu basa éta jadi sékertaris. Harita, Sébna bisa jadi geus diajar pikeun rendah haté sarta teu pundung jeung nyeri haté. Manéhna réla boga jabatan nu leuwih rendah. Urang bisa diajar tilu hal tina pangalaman Sébna.

9-11. (a) Urang bisa diajar naon waé ti pangalaman Sébna? (b) Kumaha parasaan Sadérék ngeunaan sikep Yéhuwa ka Sébna?

9 Nu kahiji, tina pangalaman Sébna nu kaleungitan jabatanana, urang jadi inget yén ”adigung temahna ancur”. (Sil. 16:18) Urang bisa jadi boga tugas husus di sidang, sarta batur nganggap urang jalma penting. Naha urang bisa tetep rendah haté? Naha urang bakal inget yén kamampuh jeung hal-hal alus nu dihontal ku urang téh berkah ti Yéhuwa? (1 Kor. 4:7) Rasul Paulus mépélingan, ”Ulah boga rasa diri leuwih ti kaayaan anu sabenerna. Ngukur diri kudu reujeung rendah hate.”​—Rum 12:3.

10 Nu kadua, naséhat tegas ti Yéhuwa ka Sébna bisa jadi nunjukkeun yén Mantenna yakin Sébna bisa barobah. (Sil. 3:11, 12) Ieu bisa diconto ku saha waé nu kaleungitan tugasna di sidang. Ti batan ambek jeung nyeri haté, leuwih alus lamun maranéhna terus méré nu panghadéna ka Yéhuwa jeung nganggap disiplin téh bukti kaasih Mantenna. Inget yén Bapa urang bakal ngaberkahan saha waé nu rendah haté. (Baca 1 Petrus 5:6, 7.) Disiplin ti Yéhuwa bisa ngabentuk urang lamun urang rendah haté jeung leuleuy siga taneuh lempung nu baseuh.

11 Nu katilu, urang bisa diajar tina sikep Yéhuwa ka Sébna. Sanajan carana Yéhuwa ngadisiplin némbongkeun yén Mantenna ijid kana dosa, éta ogé némbongkeun yén Mantenna nyaah ka jalmana. Yéhuwa néangan hal-hal hadé ti unggal jalma. Lamun Sadérék téh kolot atawa kokolot sidang, naha Sadérék nyonto carana Yéhuwa ngadisiplin?​—Yud. 22, 23.

12-14. (a) Kumaha réaksi sababaraha jalma kana disiplin ti Yéhuwa? (b) Kumaha Firman Allah ngabantu hiji sadérék ngarobah sikepna, jeung naon hasilna?

12 Hanjakalna, aya jalma nu nyeri haté nepi ka ngajauhan Allah jeung sidang waktu didisiplin. (Ibr. 3:12, 13) Naha maranéhna masih bisa dibantu? Tangtu! Perhatikeun conto Graham, nu dipecat tapi geus ditarima deui. Sanajan kitu, manéhna eureun ngawawar jeung masamoan. Saurang kokolot ngadeukeutan Graham, sarta ahirna Graham ménta palajaran Alkitab ka manéhna.

13 Kokolot éta nineung, ”Masalah Graham téh sipat sombongna. Manéhna osok ngiritik kokolot nu pernah ngurus kasus manéhna. Jadi, dina sababaraha palajaran, urang duaan ngabahas ayat-ayat ngeunaan kasombongan jeung bahayana. Tina Firman Allah, Graham sadar yén manéhna boga sipat goréng! Hasilna luar biasa! Sanggeus ngaku yén panonna dihalangan ku ’balok’  kasombongan sarta masalahna téh di manéhna nu osok ngiritik, Graham gancang barobah. Manéhna jadi rutin deui masamoan, enya-enya diajar Alkitab, jeung ngadoa unggal poé. Manéhna ogé ngajalankeun tanggung jawab rohanina salaku kapala kulawarga. Ieu ngagumbirakeun pamajikan jeung barudakna.”​—Luk. 6:41, 42; Yak. 1:23-25.

14 Kokolot éta nambahkeun, ”Hiji poé, Graham ngomong hiji hal nu nyérédét haté abdi. Ceuk manéhna, ’Geus mangtaun-taun abdi jadi Saksi, malahan pernah naratas. Tapi sajujurna, kakara ayeuna abdi nyaah ka Yéhuwa.’” Teu lila, Graham meunang tugas ngiderkeun mikrofon di pasamoan. Manéhna resep pisan narima tugas éta. Ceuk éta kokolot, ”Pangalaman manéhna ngajar abdi yén jalma nu ngarendahkeun manéh di payuneun Allah ku cara narima disiplin, bakal dihujanan ku berkah!”

PÉK CONTO YÉHUWA JEUNG KRISTUS WAKTU NGADISIPLIN

15. Urang kudu kumaha sangkan batur bisa narima disiplin ti urang?

Lamun batur ningali yén Sadérék rendah haté, maranéhna leuwih gampang narima naséhat ti Sadérék

15 Lamun hayang jadi guru nu hadé, urang kudu jadi murid nu hadé heula. (1 Tim. 4:15, 16) Kitu ogé, lamun Sadérék digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngadisiplin batur, Sadérék kudu tetep rendah haté jeung réla dibingbing ku Yéhuwa. Lamun batur bisa ningali yén Sadérék rendah haté, maranéhna bakal ngajénan Sadérék jeung leuwih gampang narima naséhat atawa pépéling ti Sadérék. Urang bisa diajar ti tuladan Yésus.

16. Urang bisa diajar naon ti pangajaran jeung disiplin Yésus?

16 Yésus salawasna taat ka Bapana sanajan teu gampang ngalampahkeunana. (Mat. 26:39) Anjeunna ngomong ka jalma-jalma yén sagala pangajaran jeung hikmatna asalna ti Bapana. (Yoh. 5:19, 30) Lantaran Yésus rendah haté jeung taat, anjeunna jadi guru nu welas asih. Jalma-jalma nu hayang ngaraket ka Allah resep ngadeukeutan anjeunna. (Baca Lukas 4:22.) Kekecapan Yésus ngalilipur jalma nu keur leutik haté. (Mat. 12:20) Anjeunna mépélingan para rasul ku cara nu lemah lembut sanajan boga alesan pikeun jéngkél lantaran maranéhna paséa ngeunaan saha nu pangpunjulna.​—Mar. 9:33-37; Luk. 22:24-27.

17. Sipat-sipat naon nu kudu dipimilik ku kokolot pikeun ngurus sidang?

17 Waktu kokolot méré disiplin tina Alkitab, maranéhna kudu nyonto Kristus. Ieu ngabuktikeun yén manéhna hayang dibingbing ku Allah jeung Putra-Na. Rasul Pétrus nulis, ”Sim kuring menta supaya aranjeun jadi lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu  dipercayakeun ka aranjeun. Jamaah urus sing enya-enya, sing iklas sakumaha anu dipikahoyong ku Allah, ulah jeung aral subaha. Kudu kajurung ku enya-enya hayang ngurus, lain ku karana mandang gajih. Ka anu diurus ulah jadi anu kawasa, anggur kudu jadi tuladan.” (1 Pet. 5:2-4) Kokolot nu tunduk ka Allah jeung Kristus bakal meunang mangpaat, kitu ogé jeung anggota sidangna.​—Yes. 32:1, 2, 17, 18.

18. (a) Naon nu dipiharep Yéhuwa ti kolot? (b) Kumaha carana Yéhuwa mantuan kolot?

18 Kumaha jeung disiplin sarta didikan dina kulawarga? Yéhuwa ngabéjaan kapala kulawarga, ”Ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan.” (Epe. 6:4) Naha didikan jeung disiplin téh bener-bener perlu? Di Siloka 19:18 disebutkeun, ”Warah anak teh sangkan nurut ti lelembut, diajar ti bubudak. Mun diantep, sasat urang keneh anu nyilakakeun engkena.” Kolot nu henteu ngajalankeun tugas ngadisiplin budak kudu tanggung jawab ka Yéhuwa. (1 Sam. 3:12-14) Tapi, Yéhuwa masihan hikmat jeung kakuatan waktu kolot ménta bantuan liwat doa, mariksa Firman-Na, jeung ngandelkeun bingbingan roh suci-Na.​—Baca Yakobus 1:5.

DILATIH PIKEUN HIRUP RUKUN SALALANGGENGNA

19, 20. (a) Naon berkahna lamun urang narima disiplin ti Allah? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

19 Lamun narima disiplin ti Yéhuwa sarta nyonto cara Yéhuwa jeung Yésus masihan disiplin, urang bakal meunang loba berkah! Kulawarga jeung sidang bakal hirup rukun, sarta kabéh ngarasa dipikanyaah, dihargaan, jeung disalindungan. Ieu téh can nanaon lamun dibandingkeun jeung karukunan tur kabagjaan dina mangsa kahareup. (Jab. 72:7) Disiplin ti Yéhuwa nyiapkeun urang pikeun hirup langgeng tur tengtrem salaku hiji kulawarga nu Bapana téh Yéhuwa. (Baca Yesaya 11:9.) Lamun inget kana hal ieu, urang bakal nganggap disiplin sabagé cara Allah dina némbongkeun asih-Na.

20 Dina artikel saterusna, urang bakal diajar leuwih loba ngeunaan disiplin dina kulawarga jeung sidang. Urang gé bakal ngabahas carana ngadisiplin diri sorangan. Tuluy, urang bakal ngabahas carana nyingkahan kanyeri nu leuwih peurih ti sagala disiplin.