”Masing anut ka PANGERAN, Allah maraneh, ngabakti ngan ka Mantenna bae wungkul. Sing sujud tumutur.”​—PAM. 10:20.

KAWIH: 28, 32

1, 2. (a) Ku naon mihak ka Yéhuwa téh bijaksana? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

URANG kabéh tangtu hayang satia jeung mihak ka Yéhuwa. Éta pilihan nu alus ku sabab euweuh deui nu leuwih kuat, leuwih bijaksana, jeung leuwih nyaah ka urang salian ti Yéhuwa! (Jab. 96:4-6) Sanajan kitu, aya sababaraha hamba Allah nu teu mihak deui ka Yéhuwa.

2 Artikel ieu bakal ngabahas conto ti jalma-jalma nu ngakuna mah mihak ka Yéhuwa, tapi ngalampahkeun hal nu dipikangéwa ku Mantenna. Tina conto-conto ieu, urang bisa meunang palajaran penting sangkan urang tetep satia ka Yéhuwa.

YÉHUWA MARIKSA HATÉ

3. Ku naon Yéhuwa ngélingan Kain, jeung naon nu dijelaskeun ku Yéhuwa?

3 Contona Kain. Manéhna mémang teu nyembah ka allah palsu, tapi Yéhuwa teu narima ibadahna. Ku naon? Yéhuwa ningali yén haté manéhna téh condong ka nu jahat. (1 Yoh. 3:12) Yéhuwa ngélingan Kain, ”Coba lamun  tas migawe anu bener mah tangtu beungeut teh marahmay [”manéh kamanah deui ku Kami”, Terjemahan Dunia Baru]. Tapi ku sabab tas migawe anu goreng, tuh di lawang panto, dosa eukeur ngadodoho, arek kumawasa ka maneh. Ku maneh kudu dielehkeun.” (Kaj. 4:6, 7) Yéhuwa ngajelaskeun lamun Kain daék tobat tuluy milih mihak ka Yéhuwa, Mantenna bakal aya di pihak Kain.

4. Waktu aya kasempetan pikeun mihak ka Yéhuwa, naon nu dilakukeun ku Kain?

4 Lamun Kain ngarobah pikiranana, Yéhuwa bakal narima deui ibadah manéhna. Tapi, manéhna teu ngagugu, jadi pikiran nu salah jeung hasrat nu mentingkeun diri ngajurung manéhna pikeun ngalampahkeun dosa. (Yak. 1:14, 15) Katingalina, keur ngorana mah Kain teu pernah ngabayangkeun bakal ngalawan Yéhuwa. Tapi ayeuna, manéhna nampik pangéling Yéhuwa, barontak ka Allah, tuluy maéhan adina!

5. Pikiran nu siga kumaha nu bisa ngalantarankeun urang teu kamanah ku Yéhuwa?

5 Saperti Kain, kiwari bisa waé aya nu ngaku ibadah ka Yéhuwa tapi ngalampahkeun nu dipikangéwa ku Mantenna. (Yud. 11) Maranéhna bisa waé getol dines jeung rutin masamoan, tapi ogé osok mikirkeun hal-hal nu cabul, hayang sagala boga, jeung ngéwa ka batur. (1 Yoh. 2:15-17; 3:15) Pikiran siga kitu bisa ngajurung maranéhna ngalampahkeun dosa. Batur meureun teu apal naon nu dipikirkeun atawa nu dilampahkeun ku urang, tapi Yéhuwa apal. Mantenna apal lamun urang teu sapinuhna mihak ka Mantenna.​—Baca Yermia 17:9, 10.

6. Kumaha Yéhuwa ngabantu urang nalukkeun hasrat nu salah?

6 Sanajan urang nyieun kasalahan, Yéhuwa teu langsung ninggalkeun urang. Waktu urang keur salah arah, Yéhuwa ngageuing urang, ”Geura baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh.” (Mal. 3:7) Waktu urang keur ngalawan kalemahan, Yéhuwa hoyong urang tetep pengkuh jeung nampik naon nu salah. (Yes. 55:7) Lamun kitu, Mantenna gé bakal mihak ka urang ku cara masihan kakuatan pikeun nalukkeun hasrat nu salah.​—Kaj. 4:7.

ULAH KABOBODO

7. Ku naon Suléman teu nyobat deui jeung Yéhuwa?

7 Basa keur ngora, Suléman boga hubungan nu akrab jeung Yéhuwa. Allah masihan Suléman kabijaksanaan jeung tugas nu penting nyaéta ngawangun bait nu éndah di Yérusalém. Tapi, manéhna teu nyobat deui jeung Yéhuwa. (1 Rja. 3:12; 11:1, 2) Hukum Allah nyebutkeun, ”Raja ulah loba pamajikan, bisi matak ingkar ti PANGERAN.” (Pam. 17:17) Hukum ieu dilanggar ku Suléman. Manéhna ngadon boga 700 pamajikan jeung 300 gundik! (1 Rja. 11:3) Lolobana téh ti bangsa séjén nu nyembah brahala. Ti dieu, Suléman ogé ngalanggar hukum Allah nu ngalarang urang Israil kawin ka bangsa séjén.​—Pam. 7:3, 4.

8. Kumaha Yéhuwa dinyenyeri ku Suléman?

8 Saeutik-saeutik, kanyaah Suléman ka hukum Yéhuwa jadi laas. Tungtungna,  manéhna ngalakukeun kasalahan nu gedé. Manéhna ngawangun altar keur Déwi Astorét jeung Déwa Kamos, tuluy nyembah ka brahala éta bareng jeung pamajikanana. Suléman ngawangun altarna téh di gunung hareupeun Yérusalém, tempat manéhna ngawangun bait Yéhuwa! (1 Rja. 11:5-8; 2 Rja. 23:13) Bisa jadi Suléman ngabobodo manéh ku cara mikir yén Yéhuwa bakal ngabaékeun kasalahanana salila manéhna méré kurban di bait.

9. Lantaran Suléman teu ngagugu pangéling ti Allah, naon balukarna?

9 Yéhuwa tara ngabaékeun dosa. Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa ambek ka Suléman ku sabab haténa geus ngajauh ti Yéhuwa. Allah sabenerna geus ngabantu Suléman. Yéhuwa ”geus dua kali nembongan ka anjeunna, jeung nimbalan ulah ngabakti ka allah-allah bangsa lian, [tapi] Suleman henteu ngestokeun”. Balukarna, manéhna teu kamanah jeung teu didukung deui ku Yéhuwa. Turunan Suléman teu meunang deui ngawasa ka kabéh kaom Israil sarta ngalaman loba masalah salila ratusan taun.​—1 Rja. 11:9-13.

10. Naon nu bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Allah?

10 Lamun urang milih babaturan nu teu paham atawa teu ngajénan papakon Allah, pikiran urang bisa kapangaruhan tuluy sosobatan urang jeung Yéhuwa bisa ruksak. Bisa jadi maranéhna téh dulur saiman, tapi lemah  karohanianana. Atawa, maranéhna téh baraya, tatangga, batur gawé, atawa batur sakola nu teu nyembah Yéhuwa. Lamun sering babarengan jeung jalma nu teu nuturkeun papakon Yéhuwa, lila kalilaan maranéhna bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Allah.

Kumaha babaturan bisa mangaruhan hubungan Sadérék jeung Yéhuwa? (Tingali paragrap 11)

11. Kumaha carana milih babaturan?

11 Baca 1 Korinta 15:33. Kalolobaan jalma boga sipat-sipat nu hadé. Nu teu ngawula Yéhuwa gé can tangtu jalma jahat. Urang bisa jadi boga batur nu siga kitu. Tapi, naha maranéhna téh babaturan nu bageur? Naon pangaruhna ka hubungan Sadérék jeung Yéhuwa? Naha maranéhna ngabantu Sadérék akrab jeung Yéhuwa? Naon nu pangpentingna keur maranéhna? Naon nu sering diomongkeun? Naha nu diomongkeun téh saukur modél baju, duit, alat éléktronik, hiburan, jeung sajabana? Naha maranéhna sok ngagogoréng batur? Naha bobodoranana jorang? Yésus ngélingan, ”Ucapan anu mudal tina sungut teh asalna tina hate.” (Mat. 12:34) Lamun ngarasa yén babaturan Sadérék bisa ngaruksak hubungan jeung Yéhuwa, geuwat jieun tindakan! Ulah sering-sering babarengan jeung maranéhna. Lamun perlu, jauhan maranéhna.​—Sil. 13:20.

YÉHUWA HOYONG URANG SATIA KA MANTENNA

12. (a) Yéhuwa nyarios naon ka urang Israil teu lila sanggeus maranéhna kaluar ti Mesir? (b) Naon jawaban urang Israil waktu Yéhuwa ménta maranéhna satia?

12 Urang gé bisa diajar ti kajadian sanggeus urang Israil dibébaskeun ti Mesir. Waktu urang Israil ngarumpul di hareupeun Gunung Sinai, Yéhuwa némbongan ku cara nu luar biasa! Maranéhna nempo méga mendung, kilat, haseup, tuluy ngadéngé guludug jeung sora tarompét. (Bud. 19:16-19) Terus, maranéhna ngadéngékeun Yéhuwa nyarios, ”Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.” Mantenna jangji bakal satia ka maranéhna lamun maranéhna nyaah jeung taat ka paréntah-Na. (Baca Budalan 20:1-6.) Jadi, lamun urang Israil tetep mihak ka Yéhuwa, Mantenna gé bakal mihak ka maranéhna. Kumaha parasaan Sadérék mun aya di dinya tuluy ngadéngé cariosan Yéhuwa? Sadérék bisa waé langsung ngajawab saperti urang Israil, ”Sagala timbalan PANGERAN seja diestokeun.” (Bud. 24:3) Tapi teu lila, aya kajadian nu nguji kasatiaan maranéhna. Naon éta téh?

13. Kaayaan naon nu nguji kasatiaan urang Israil?

13 Urang Israil sarieuneun ningali kawasa Allah nu luar biasa, jadi Musa naék ka Gunung Sinai pikeun ngawakilan maranéhna ngomong ka Yéhuwa. (Bud. 20:18-21) Tapi, Musa lila teu balik-balik. Urang Israil ngarasa bingung di gurun keusik ku sabab euweuh nu mingpin. Bisa jadi ieu téh lantaran maranéhna ngandelkeun teuing pamingpin manusa, nyaéta Musa. Naon nu dilakukeun ku maranéhna? Maranéhna guligah tuluy ngomong ka Harun, ”Duka katarajang naon Juragan Musa anu nginditkeun kuring sadaya ti Mesir teh, teu lungsur-lungsur.  Ku margi kitu kuring sadaya pangdamelkeun hiji allah anu bakal mingpin.”​—Bud. 32:1, 2.

14. Urang Israil boga pamikiran salah naon, jeung naon nu rék dilakukeun ku Yéhuwa?

14 Urang Israil apal yén nyembah brahala téh salah. (Bud. 20:3-5) Tapi, maranéhna gancang pisan nyimpang tuluy nyembah sasapian emas! Maranéhna teu taat ka paréntah Yéhuwa, tapi ceuk pikiranana mah maranéhna masih di pihak Mantenna. Malahan, Harun nyebut ibadah ka sasapian éta téh ’pesta ngagungkeun Yehuwa’! Kumaha parasaan Yéhuwa? Mantenna ngarasa dihianatan. Mantenna nyarios ka Musa yén urang Israil geus ”marigawe dosa” sarta ninggalkeun ”pituduh laku” ti Mantenna. Sakitu ambekna Yéhuwa nepi ka mikir rék ngamusnakeun kabéh urang Israil.​—Bud. 32:5-10.

Yéhuwa masihan kasempetan ka urang Israil pikeun mihak ka Mantenna

15, 16. Naon buktina Musa jeung Harun bener-bener mihak ka Yéhuwa? (Tingali gambar dina awal artikel.)

15 Tapi, Yéhuwa téh Allah nu welas asih. Mantenna teu tulus ngamusnakeun sakabéh urang Israil. Yéhuwa masihan kasempetan ka urang Israil pikeun mihak ka Mantenna. (Bud. 32:14) Basa Musa ningali jalma-jalma sarurak, ngarawih, jeung ngarigel di hareupeun sasapian emas, éta patung dibabétkeun tuluy dibubukkeun. Sanggeus kitu, Musa ngagorowok, ”Saha anu mihak ka PANGERAN, hiap nyampeurkeun!” ”Seug sakabeh urang Lewi nyalampeurkeun.”​—Bud. 32:17-20, 26.

16 Sanajan Harun nu nyieun sasapian emas éta, manéhna tobat, tuluy saperti urang Léwi, manéhna milih mihak ka Yéhuwa. Jalma-jalma nu satia misahkeun diri ti jalma-jalma nu hianat. Ieu putusan nu bijaksana ku sabab dina poé éta kénéh, rébuan jalma nu nyembah sasapian emas diparaéhan. Tapi, nu mihak ka Yéhuwa saralamet. Allah jangji bakal ngaberkahan maranéhna.​—Bud. 32:27-29.

17. Naon palajaran tina catetan Paulus ngeunaan sasapian emas?

17 Naon palajaranana? Rasul Paulus ngomong, ”Eta kabeh jieun pieunteungeun” sangkan urang teu ”nyarembah brahala”. Paulus ngajéntrékeun yén kisah ieu dicatet ”pikeun conto ka nu sejen, mepelingan ka urang anu hirup dina jaman ahir. Ulah rasa maneh geus nangtung ajeg. Anu boga rasa kitu kudu ati-ati bisi tigubrag”. (1 Kor. 10:6, 7, 11, 12) Saperti nu ditandeskeun ku Paulus, jalma nu ngawula Yéhuwa gé bisa ngalampahkeun nu salah. Bisa waé ceuk pikiranana mah manéhna masih kamanah ku Yéhuwa. Tapi, jalma nu saukur hayang jadi sobat Yéhuwa atawa ngaku geus satia can tangtu bener-bener kamanah ku Mantenna.​—1 Kor. 10:1-5.

18. Naon nu bisa nyababkeun urang ngajauh ti Yéhuwa, sarta naon balukarna?

 18 Waktu Musa teu datang-datang ti Gunung Sinai, urang Israil jadi guligah. Kitu ogé, waktu ahir dunya ieu teu datang-datang, urang bisa waé guligah. Urang jadi mikir yén harepan éndah nu dijangjikeun ku Yéhuwa téh lila kénéh ngawujudna atawa mustahil kajadian. Tungtungna, urang jadi mikirkeun kahayang sorangan ti batan kahoyong Yéhuwa. Lamun teu ati-ati, urang bisa ngajauh ti Yéhuwa jeung nyieun kasalahan nu teu pernah kabayang bakal dilakukeun.

19. Naon nu kudu diinget ku urang, jeung naon sababna?

19 Urang kudu inget yén Yéhuwa hoyong urang bener-bener taat jeung ngawula ka Mantenna wungkul. (Bud. 20:5) Naon sababna? Sabab Mantenna nyaah ka urang. Lamun urang henteu ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa, urang bakal ngalampahkeun kahayang Sétan. Ieu bakal ngaruksak diri urang. Paulus ngajéntrékeun, ”Lamun aranjeun nginum tina lumur pikeun roh jahat, teu meunang nginum tina lumur Gusti; lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti.”​—1 Kor. 10:21.

SING TETEP RAKET KA YÉHUWA!

20. Kumaha Yéhuwa ngabantu urang sangkan teu ngalampahkeun nu salah?

20 Kain, Suléman, jeung urang Israil sabenerna boga kasempetan pikeun tobat jeung ngarobah kalakuanana. (Ras. 3:19) Yéhuwa teu langsung ninggalkeun jalma nu ngalakukeun kasalahan. Inget yén Harun ogé dihampura ku Yéhuwa. Kiwari, Yéhuwa mépélingan urang sangkan teu ngalampahkeun nu salah. Mantenna ngagunakeun Alkitab, publikasi, jeung dulur-dulur saiman. Lamun urang ngagugu pangéling ti Yéhuwa, tangtu Mantenna bakal welas asih ka urang.

21. Urang kudu kumaha lamun kasatiaan urang ka Yéhuwa diuji?

21 Ulah ngalalaworakeun kanyaah Yéhuwa. (2 Kor. 6:1) Mangpaatkeun pikeun ”miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan”. (Baca Titus 2:11-14.) Kiwari, aya waé kaayaan nu nguji kasatiaan urang ka Yéhuwa. Ku kituna, urang kudu boga tékad pikeun sapinuhna mihak ka Yéhuwa jeung ”ngabakti ngan ka Mantenna bae wungkul. Sing sujud tumutur”!​—Pam. 10:20.