Ayat taunan 2018: ”Sing saha anu muntang ka PANGERAN . . . tangtu jagjag seger deui.”​—YES. 40:31.

KAWIH: 3, 47

1. Masalah naon waé nu kudu disanghareupan ku urang, tapi ku naon urang Kristen nu satia téh kamanah ku Yéhuwa? (Tingali gambar dina awal artikel.)

HIRUP di jaman ayeuna téh teu gampang. Contona, loba di antara Sadérék nalangsa lantaran gering parna. Aya ogé nu kudu ngarawat baraya nu geus kolot, padahal Sadérék sorangan geus teu ngora deui. Nu séjén keur bajoang nyadiakeun pangabutuh kulawarga. Yéhuwa ogé terang yén Sadérék keur nyanghareupan masalah dina kahirupan, sakapeung teu ngan hiji, tapi sababaraha sakaligus. Ieu méakkeun loba waktu, énergi, jeung duit. Sanajan kitu, Sadérék yakin pisan yén Yéhuwa siap nulungan. Sadérék percaya kaayaan bakal leuwih hadé lantaran éta geus dijangjikeun. Iman Sadérék tangtu kamanah ku Yéhuwa!

2. Kumaha Yesaya 40:29 nguatkeun urang, tapi bisa waé urang nyieun kasalahan naon?

2 Naha Sadérék pernah ngarasa yén masalah Sadérék téh beurat pisan? Lamun kitu, Sadérék henteu sorangan.  Sababaraha hamba Allah nu satia di jaman baheula ogé ngarasa kitu. (1 Rja. 19:4; Ayub 7:7) Kumaha maranéhna bisa tetep tabah? Ku cara ngandelkeun kakuatan ti Yéhuwa. Ceuk Alkitab, ”Sakur nu cape jeung lungse, ku Mantenna disegerkeun.” (Yes. 40:29) Hanjakalna, sababaraha hamba Allah kiwari ngarasa yén cara nu panghadéna pikeun nyanghareupan masalah téh nyaéta eureun heula tina ngawula Yéhuwa. Maranéhna ngarasa ngawula Yéhuwa téh beban lainna berkah. Ku kituna, maranéhna eureun maca Alkitab, eureun masamoan, jeung teu ngawawar deui. Éta pisan nu dipikahayang ku Sétan.

3. (a) Kumaha sangkan Sétan henteu ngalemahkeun urang? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Sétan teu hayang urang jadi kuat. Manéhna nyaho yén urang bakal beuki kuat lamun terus sibuk ngawula Yéhuwa. Jadi, iraha waé Sadérék ngarasa capé haté, awak, jeung pikiran, ulah ngajauh ti Yéhuwa. Terus ngaraket ka Mantenna. Ceuk Alkitab, ”Allah . . . [bakal] nguatkeun jeung mageuhkeun kaayaan aranjeun.” (1 Pet. 5:10; Yak. 4:8) Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas Yesaya 40:26-31 nu ngajelaskeun yén Yéhuwa sanggup nguatkeun urang. Tuluy, urang bakal ningali dua kaayaan nu bisa ngalantarankeun urang teu sumanget ngawula Yéhuwa, sarta diajar yén ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab bisa ngabantu urang tabah.

SING SAHA NU MUNTANG KA YÉHUWA BAKAL DISEGERKEUN

4. Naon palajaran ti Yesaya 40:26?

Yéhuwa siap masihan kakuatan sangkan Sadérék tabah nyanghareupan masalah

4 Baca Yesaya 40:26. Teu aya nu bisa ngitung kabéh béntang di jagat raya. Para ilmuwan percaya yén bisa jadi aya kira-kira 400 miliar béntang di galaksi urang wungkul. Tapi, Yéhuwa masihan ngaran ka unggal béntang. Urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa? Unggal béntang nu teu nyawaan waé diperhatikeun ku Mantenna, komo deui Sadérék! Sadérék ngawula Mantenna lain lantaran kawajiban, tapi lantaran nyaah. (Jab. 19:2, 4, 15) Bapa Yéhuwa gé apal pisan ka diri Sadérék. Alkitab nyebutkeun, ”Buuk sirah maraneh ge ku Mantenna geus diitung.” (Mat. 10:30) Yéhuwa hoyong urang yakin yén ”hirupna jalma ibadah ku PANGERAN diraksa diriksa”. (Jab. 37:18) Jelas, Yéhuwa ningali sakabéh masalah Sadérék. Mantenna ogé siap masihan kakuatan sangkan Sadérék tabah nyanghareupan unggal masalah.

5. Ku naon urang yakin yén Yéhuwa bisa masihan kakuatan ka urang?

5 Baca Yesaya 40:28. Yéhuwa téh sumber sagala énergi. Pék bayangkeun sakumaha gedéna énergi panonpoé  nu diciptakeun ku Mantenna. David Bodanis nu osok nulis ngeunaan sains ngomong yén unggal detikna, panonpoé ngaleupaskeun énergi nu sarua kuatna jeung miliaran bom atom nu ngabeledug babarengan. Panaliti séjénna ogé mariksa yén jumlah énergi nu dihasilkeun ku panonpoé dina sadetik bisa nyadiakeun cukup listrik pikeun jalma di sakuliah dunya salila 200.000 taun! Jelas, Yéhuwa, nu masihan énergi ka panonpoé, bisa masihan urang kakuatan dina nyanghareupan masalah.

6. Kawas kumaha paréntah Yésus téh jeung naon pangaruhna ka urang?

6 Baca Yesaya 40:29. Ngawula Yéhuwa mawa loba kabagjaan. Ceuk Yésus ka murid-muridna, ”Turut parentah Kami.” Tuluy anjeunna nambahkeun, ”Maraneh bakal ngarasa reureuh. Sabab parentah-parentah Kami mah gampang, sarta momotan ti Kami hampang.” (Mat. 11:28-30) Bener pisan! Sakapeung urang ngarasa lungsé waktu rék masamoan atawa ngawawar. Tapi, kumaha sanggeus balik ka imah? Urang disegerkeun jeung leuwih siap nyanghareupan masalah. Mémang, paréntah Yésus téh matak seger.

7. Caritakeun hiji pangalaman nu ngabuktikeun yén Mateus 11:28-30 téh bener.

7 Perhatikeun pangalaman hiji sadérék istri nu katerap sindrom kacapéan kronis, déprési, jeung nyeri sirah nu parna. Jadi, manéhna osok hésé datang ka pasamoan. Tapi hiji poé, manéhna ngupayakeun datang. Ceuk manéhna, ”Hutbahna téh ngeunaan parasaan leutik haté. Abdi nepi ka ngeclakkeun cipanon lantaran éta ditepikeun ku cara nu lembut jeung pinuh perhatian. Abdi sadar yén pasamoan téh nu dibutuhkeun ku abdi.” Manéhna bungah geus ngupayakeun datang ka pasamoan!

8, 9. Naon maksud Paulus basa ngomong, ”Puguh ari keur lembek sim kuring mah jadi bedas teh”?

8 Baca Yesaya 40:30. Sanajan boga loba kasanggupan, urang teu bisa ngalakukeun sagala hal ku kamampuh sorangan. Urang kudu sadar kana hal ieu. Rasul Paulus ogé boga loba kasanggupan, tapi teu bisa ngalakukeun sagala hal nu dipikahayang. Basa manéhna ngungkabkeun parasaanana ka Yéhuwa, Mantenna nyarios, ”Kakawasaan Kami paling matih ana maneh keur lembek.” Paulus paham maksud Yéhuwa. Ku kituna manéhna ngomong, ”Puguh ari keur lembek sim kuring mah jadi bedas teh.” (2 Kor. 12:7-10) Naon maksud Paulus?

9 Paulus sadar yén manéhna boga watesan. Manéhna butuh bantuan ti pribadi nu jauh leuwih kuat. Roh suci ti Allah bisa méré kakuatan ka Paulus waktu manéhna keur lemah. Tapi, lain ngan éta wungkul. Roh suci ti Allah bisa méré kakuatan pikeun ngalakukeun tugas nu teu bisa hasil ku kakuatan sorangan. Urang ogé bisa kitu. Urang bisa bener-bener kuat ku roh suci nu dipasihan ku Yéhuwa!

10. Kumaha Yéhuwa mantuan Daud nyanghareupan masalahna?

10 Daud, nu nulis jabur, sering  dikuatkeun ku roh suci Allah. Manéhna ngawih, ”Gusti maparin abdi kakiatan ngagempur musuh maparin kasanggupan ngabedah pertahanan lawan.” (Jab. 18:30) Sakapeung, masalah urang téh siga musuh nu teu bisa diéléhkeun ku kakuatan sorangan. Urang butuh bantuan Yéhuwa.

11. Pék ibaratkeun carana roh suci ngabantu urang nyanghareupan masalah.

11 Baca Yesaya 40:31. Galudra bisa terus ngapung di awang-awang lain ku kakuatan manéhna wungkul. Kakuatan ti hawa panas nu naék ka luhur ngangkat éta galudra. Ku kituna, manéhna bisa hiber jauh bari teu maké loba tanaga. Jadi, waktu Sadérék nyanghareupan masalah nu beurat pisan, pikirkeun éta galudra. Pék sasambat ka Yéhuwa nyuhunkeun kakuatan liwat ”panulung tea, nya eta Roh Suci”. (Yoh. 14:26) Urang bisa nyuhunkeun roh suci ti Yéhuwa 24 jam sapoé. Urang hususna butuh bantuan Yéhuwa waktu keur pasalia paham jeung dulur saiman. Tapi, ku naon éta bisa kajadian?

12, 13. (a) Ku naon bisa aya pasalia paham di antara urang Kristen? (b) Tina pangalaman Yusup, urang bisa diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

12 Pasalia paham téh bisa kajadian sabab urang kabéh teu sampurna. Urang bisa keuheul ku kekecapan atawa lalampahan batur, atawa batur nu keuheul ka urang. Sanajan ieu teu gampang disanghareupanana, urang bisa némbongkeun kasatiaan ka Yéhuwa. Kumaha carana? Ku cara sabilulungan tur akur jeung dulur saiman. Maranéhna dipikanyaah ku Yéhuwa sanajan teu sampurna, kitu ogé sakuduna urang.

Yéhuwa teu ninggalkeun Yusup, Mantenna ogé moal ninggalkeun Sadérék (Tingali paragrap 13)

13 Yéhuwa teu nyegah hamba-hamba-Na nyanghareupan ujian. Urang bisa nyaho hal éta ti pangalaman Yusup. Basa Yusup ngora kénéh, lanceuk-lanceukna sirik ka manéhna. Manéhna dijual jadi budak, terus dibawa ka Mesir. (Kaj. 37:28) Yéhuwa apal pisan kajadianana sarta pasti ngarasa sedih  ningali Yusup, sobat-Na nu satia, dikitukeun. Tapi, Yéhuwa teu turut campur. Ka dieunakeun, basa Yusup dituduh merkosa pamajikan Potipar jeung dibui, Yéhuwa henteu nyalametkeun manéhna. Naha Yéhuwa ninggalkeun Yusup? Henteu. Alkitab nyebutkeun yén Yusup ”katembong mulus sagala lampahna, lantaran ditangtayungan ku PANGERAN”.​—Kaj. 39:21-23.

14. Naon mangpaatna lamun urang henteu teterusan ambek?

14 Conto séjénna nyaéta Daud. Jarang nu hirupna siga Daud, sering dinyenyeri ku batur. Sanajan kitu, sobat Yéhuwa ieu henteu diliputan ku amarah. Manéhna nulis, ”Ulah ambek atawa panas hate, sabab ngan matak susah bae.” (Jab. 37:8) Alesan pangpentingna urang ”ulah ambek”, atawa ulah teterusan ambek, nyaéta lantaran urang hayang nulad ka Yéhuwa nu ngahampura dosa-dosa urang. (Jab. 103:10) Aya sababaraha mangpaat lamun urang henteu teterusan ambek. Misalna, amarah bisa nyababkeun tekanan darah tinggi jeung gangguan napas. Éta ogé bisa ngaruksak ati jeung pankréas, sarta ngaganggu pencernaan. Lamun urang keur ambek, urang moal bisa mikir bener. Sanggeus ngabudalkeun amarah, urang bisa ngalaman déprési nu lila cageurna. Leuwih alus lamun urang tenang. Ceuk Alkitab, ”Hate sugema matak hurip kana diri.” (Sil. 14:30) Jadi, kumaha lamun batur nganyenyeri haté urang, sarta kumaha urang bisa akur deui jeung dulur saiman? Urang bisa ngalarapkeun naséhat bijaksana tina Alkitab.

WAKTU DIKUCIWAKEUN KU DULUR SAIMAN

15, 16. Urang kudu kumaha lamun batur nganyenyeri haté urang?

15 Baca Epesus 4:26. Teu héran lamun urang dikasaran ku jalma nu teu nyembah Yéhuwa. Tapi, lamun urang dinyenyeri ku ucapan jeung lalampahan dulur saiman atawa kulawarga, rasana téh peurih pisan. Kumaha lamun éta teu bisa dipopohokeun? Naha urang bakal terus ambek, malahan mangtaun-taun? Atawa, naha urang bakal nuturkeun naséhat bijaksana tina Alkitab pikeun gancang ngaréngsékeun masalahna? Beuki diengké-engké ngomongna, beuki hésé rukunna.

16 Kumaha lamun Sadérék nyeri haté ka saurang dulur saiman sarta terus kapikiran? Kumaha carana Sadérék bisa rukun deui? Kahiji, Sadérék kudu ngadoa ka Yéhuwa. Suhunkeun bantuan Yéhuwa sangkan Sadérék jeung manéhna bisa ngobrol ku cara nu hadé. Inget yén manéhna gé sobat Yéhuwa. (Jab. 25:14) Mantenna nyaah ka manéhna. Yéhuwa bageur ka sobat-sobat-Na, jadi Mantenna gé miharep urang siga kitu. (Sil. 15:23; Mat. 7:12; Kol. 4:6) Kadua, pikirkeun bener-bener naon nu bakal diomongkeun ka sadérék éta. Ulah goréng sangka. Bisa jadi Sadérék salah paham kana kaayaanana. Inget yén Sadérék ogé bisa waé boga andil nyababkeun éta masalah.  Sadérék bisa ngamimitian ngomong saperti, ”Meureun kamari téh urang keur sénsitif, tapi basa manéh ngomong kitu, urang ngarasa . . . ” Lamun geus ngobrol gé masih can akur kénéh, terus cobaan deui. Doakeun manéhna. Suhunkeun ka Yéhuwa pikeun ngaberkahan manéhna sarta ngabantu Sadérék tetep inget kana sipat-sipat alusna. Sing yakin yén Yéhuwa bakal senang ka upaya Sadérék pikeun akur jeung dulur saiman, nu nyobat ogé jeung Mantenna.

WAKTU RUMASA SALAH LANTARAN DOSA NU BAHEULA

17. Kumaha carana Yéhuwa mantuan Sadérék dina mulihkeun sosobatan jeung Mantenna? Ku naon urang kudu narima bantuan éta?

17 Aya nu ngarasa teu layak ngawula Yéhuwa lantaran pernah ngalampahkeun dosa gedé. Parasaan ieu bisa ngarampas katengtreman, kabagjaan, jeung énergi urang. Raja Daud nu kasiksa lantaran rumasa salah ngomong, ”Satungtung teu acan ngaku dosa, abdi kasiksa ku ceurik sadinten jeput. Siang wengi ku Gusti dipeupeuhan.” Untungna, Daud wani ngakukeun kasalahanana. Manéhna nulis, ”Sadaya kalepatan diangken, seug ku Gusti dihapunten.” (Jab. 32:3-5) Yéhuwa siap ngahampura dosa Sadérék sanajan éta téh dosa gedé. Mantenna hoyong mantuan Sadérék pikeun mulihkeun deui sosobatan jeung Mantenna. Tapi, Sadérék kudu narima bantuan ti Mantenna liwat para kokolot. (Sil. 24:16; Yak. 5:13-15) Ulah diengké-engké! Ieu nangtukeun hirup langgeng Sadérék! Tapi, kumaha lamun Sadérék tetep rumasa salah lila sanggeus dosa éta dihampura? Naon nu kudu dilakukeun?

18. Kumaha conto Paulus bisa ngabantu jalma nu ngarasa teu layak ngawula Yéhuwa?

18 Paulus ogé pernah ngarasa leutik haté lantaran dosana nu baheula. Manéhna ngomong, ”Di antara rasul-rasul, sim kuring rumasa panghandapna, lantaran tadina jadi tukang nganiaya jamaah Allah.” Sanajan kitu, manéhna nambahan, ”Bisa jadi saperti ayeuna oge ngan ku karana rahmat Allah.” (1 Kor. 15:9, 10) Yéhuwa apal yén Paulus téh teu sampurna. Tapi, Mantenna tetep narimakeun sakumaha ayana, sarta hoyong Paulus yakin kana hal éta. Sadérék bisa yakin dihampura ku Yéhuwa lamun bener-bener ngarasa kaduhung jeung ngaku ka Yéhuwa, sarta ngaku ka kokolot sidang gumantung kana dosana. Sing yakin yén Sadérék geus dihampura ku Yéhuwa. Pék tarima pangampura-Na!​—Yes. 55:6, 7.

19. Naon ayat taunan pikeun 2018, sarta ku naon ieu téh cocog pisan?

19 Lantaran ahir dunya ieu geus téréh, urang bakal nyanghareupan loba masalah. Tapi, Yéhuwa nu nyegerkeun ”sakur nu cape jeung lungse” bisa masihan kakuatan sangkan Sadérék tetep satia ngawula. (Yes. 40:29; Jab. 55:23; 68:20) Sapanjang taun 2018, urang bakal inget kana hal ieu unggal datang ka pasamoan jeung ningali ayat taunan: ”Sing saha anu muntang ka PANGERAN . . . tangtu jagjag seger deui.”​Yes. 40:31.